Ukar Bratakusumah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ir. R. Ukar Bratakusumah
gumelar Radén Oekar Bratakoesoemah di Bandung, 17 Séptémber 1907 – maot di Jakarta, 12 Maret 2003 dina umur 95 taun
Rektor ITB ka-3
Masa jabatan
14 April 1964 – 22 Februari 1965
Menteri Pekerjaan Umum Republik Indonesia ka-8
Masa jabatan
27 April 1951 – 3 April 1952
Gubernur Jawa Barat ka-5
Masa jabatan
1948 – 1950
Walikota Bandung ka-14
Masa jabatan
1947 – 1949
Saméméhna R. Syamsoerizal
Katerangan lian
Kabangsaan Indonésia Indonesia
Ageman Islam

Ir. R. Ukar Bratakusumah (lahir di Bandung, Jawa Barat, Indonesia, 17 Séptember 1907 pupus di Jakarta, 12 Maret 2003 dina yuswa 95 taun) nyaéta Gubernur Jawa kulon anu kalima dina taun 1948 - 1950 mangsa pamaréntahan Darurat Républik Indonesia (PDRI).[1] Kungsi ogé ngalungguhan Menteri Pekerjaan Umum Indonésia dina taun 1951 nepi ka taun 1952 mangsa Kabinét Sukiman Suwirjo.[1] Kapeto ogé jadi Réktor Institut Teknologi Bandung dina taun 1964-1965.[1]

Saurang Inohong[édit | édit sumber]

Radén Oekar Bratakoesoemah atawa Ukar Bratakusumah,[2] saurang inohong Jawa Barat anu mana dina wanci babarengan nyepeng dua kalungguhan taya lian jadi Gubernur Jawa Barat (Désémber 1948-1950) tur Wali Kota Bandung nu ka-14 (1947-1949).[3] Nalika pasukan Walanda ngajorag nagara, Ukar leupas tina panyangkalak urang Walanda.[3] Tuluy inyana kapeto ku Pemerintahan Darurat Republik Indonesia jadi Gubernur Jawa Barat samentara ngaganti R. Mas Sewaka.[3]

Dina mangsa Revolusi, Ukar Bratakusumah kungsi mulang ka Désa Taringgal tanggal 17 Nopémber 1949.[3] Sabada dibubarkeunna PRJB (Perjuangan Rakyat Jawa Barat)[4] pikeun ngabaur/ngahijikeun kakuatan jeung nagara Republik Indonesia tanggal 1 Séptémber .[3] Tatan-tatan dina nyanghareupan ayana agresi/serengan militer ti pihak Walanda sabada ditandatangan hasil babadamian/Kasapakatan Linggajati jeung Renville.[3]. Kitu ogé Wahidin ngabubarkeun divisi 17 Agustusna turta méré kabébasan pikeun sakabéh anggotana.[3] Oya Sumantri ogé ngécagkeun kalungguhana minangka Gubernur, Ukar Bratakusumah mangsa harita balik ka Désa Taringgal tanggal 17 Nopémber 1949.[3]

Kalungguhan[édit | édit sumber]

Nalika jumeneng Ir. R. Ukar Bratakusumah kungsi ngalungguhan sababaraha jabatan penting :

  1. Komisaris PT Timah (1945-1981)[5]
  2. Wali Kota Bandung ka-14 (1947-1949)[3]
  3. Gubernur Jawa Barat(1949-1950)[5]
  4. Mentri Pekerjaan Umum dina kabinét Sukiman-Suwirjo période (27 April 1951 - 3 April 1952)[6]
  5. Dirut PT Aneka Tambang (1960-1978)[5]
  6. Réktor ITB ka-2 (1964-1965)[5]

Nalika anjeunna masih kénéh nyepeng kalungguhan wali kota salah sahiji karyana taya lian jambatan anu ngagateng luhureun susukan Citarum Dayeuh Kolot.[5] Sagigireun ti éta mindahkeun gedong pamaréntahan ti Désa Subang ka Kuningan di Jalan Diponegoro.[5]

Bandung Lautan Api[édit | édit sumber]

Kajadian Bandung lautan api, nyaéta hiji kajadian pohara gedé di taneuh Pasundan anu salilana bakan diinget ku masarakat sunda.[7] Teu réla pakusarakan diandih tur dikawasa ku bangsa deugeun, teu saeutik pamuda sunda anu ilubiung bajuang dina éta kajadian Bandung lautan api.[7] di antarana Radén Ema Bratakusumah anu nyaéta inohong Sunda tur pajoang pergerakan nasional di Jawa Barat.[7] Utamana mangsa bajoang ngalawan tentara Jepang anjeunna jeung pada baturna : Ukar Bratakusumah, Anwar Sutan Pamuntjak, Duyeh Suharsa, tur Dr. Junjunan Setiakusumah ngadegkeun hiji gempungan para pamuda pikeun bajoang ngaheuyeuk kota Bandung.[7] Sabada proklamasi kamerdekaan 1945.[7] Anjeunna ngadegkeun Laskar Rakyat gunana pikeun ngatur pangungsian pamaréntahan jeung Masarakat Bandung mangsa lumangsungna kajadian Bandung lautan api.[7]

Juri ngarancang masjid istiqlal[édit | édit sumber]

Mangsa ngawangun Masjid Istiqlal, anu mangrupa perlambang/simbol kamerdékaan jeun kamanunggalan rahayat Indonesia.[8] Ir Ukar Bratakusumah jeung genep urang lianna, kapapancénan jadi juri dina saémbara nyieun rarancang/design éta Masjid.[8] Anu dipupuhuan ku Présidén Ir Soekrno..[8] Pangwangunan Masjid Istiqlal dimimitian 24 Agustus 1961, réngsé 22 Februari 1998 anu diresmikeun ku Présidén Soéharto dina tanggal .[8] Ngaliwatan saémbara anu kawilang rékép, antukna Friederich Silaban kapeto pikeun ngarancang masjid istiqlal, padahal agemana inyana mah Kristen Protestan.[9]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c "Khazanah Arsip Statis Jawa Barat". khazanah-arsip.jabarprov. Bandung. 2000-1-01. Diakses tanggal 2017-5-11.  Archived 2021-10-19 di Wayback Machine
  2. Numutkeun kana artikel koran dugika taun 1961 jenengana diserat "Oekar Bratakoesoemah" atanapi "Oekar Bratakoesoema" di antawisna harian "Nieuwsblad van het Noorden" edisi 20 oktober 1961 ka dieunakeun dumasar "Keputusan Presiden Nomor 78 Tahun 1964 tanggal 9 April 1964 diseratna Ukar Bratakusumah.
  3. a b c d e f g h i Robert Cribb (2008). "The Jakarta People's Militia and the Indonesian Revolution, 1945-1949". Gangsters and Revolutionaries: The Jakarta People's Militia and the ... Depok: Equinox Publishing (Asia) PTE LDT. p. 179. ISBN 978-979-3780-71-9. 
  4. "Museum Perjuangan Rakyat Jawa Barat". asosiasimuseumindonesia. 2011-11-18. Diakses tanggal 2017-05-19. 
  5. a b c d e f "Mantan Rektor ITB , Ir. Ukar Bratakusumah Meninggal". Institut Teknologi Bandung. 2003-03-13. Diakses tanggal 2017-11-05. 
  6. Redaksi Puspa Swara, firdaus,Puthut TS (2006). "Kabinet RI Indonesia Bersatu". Undang-Undang 1945 & Perubahannya. Depok: Puspa. p. 60. ISBN 979-24-4832-2. 
  7. a b c d e f "MENGENAL LEBIH DEKAT RADEN EMA BRATAKUSUMAH". Paguyuban Pasundan. Bandung. 2016-10-25. Diakses tanggal 2017-05-11. 
  8. a b c d Ahmad Rofi' Usmani (2016). "Isra'dan Mi'raj". Di Chalida, Kembang kasih, Fajar Kurnianto, Ahmad Suhendra. Jejak-Jejak Islam: Kamus Sejarah dan Peradaban Islam dari Masa ke Masa. Yogyakarta: Bentang Bunyan. p. 178. ISBN 978-602-7888-79-1. 
  9. "Milad Ke-39, Masjid Istiqlal Adakan Pameran Arsip Sejarah". beritasatu.com. 2017-2-22. Diakses tanggal 2017-11-05. 

Tempo ogé[édit | édit sumber]