Zoroaster

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Zarathustra nurutkeun lukisan Sakola Athena.

Zoroaster atawa Zarathustra (basa Parsi: زرتشت (Zartosht),basa Kurdi: Zerdeşt, basa Gujarati: જરતોશ્ત, basa Yunani: Ζωροάστρης, (Zoroastres), jeung basa Latin: Zoroaster) nyaéta ngaran hiji nabi ti Pérsia (kiwari Iran). Anjeunna nyaéta nu ngarintis Zoroastrianisme nu diagem ku bangsa Pérsia.[1] Anjeunna ogé mangrupa imam pangajar.[1] Zarathustra disawang hirup di taun 1100-550 SM. Aya ogé nu nyebutkeun anjeunna hirup ti taun 1200-1600.[1]

Harti ngaran[édit | édit sumber]

Faravahar (atawa Farohar)

Ngaran Zarathustra atawa diéja minangka Zaraθ-uštra dina basa Avesta, bisa ogé mangrupa hiji kecap majemuk bahuvrihi jeung kawengku ti kecap zarəta- "lemah, kolot" jeung uštra "onta". Jadi bisa disebutkeun yén Zarathustra téh: "Anjeunna nu ngabogaan onta kolot. Ngan, di kecap mimiti sakapeung sok dihartikeun minangka "konéng" atawa "emas" (saluyu jeung basa Parsi modern zærd) nepi ka hartina jadi "Anjeunna nu ngabogaan onta nu warnana kaemasan". Ahura Mazda sorangan sacara etimologi nu hartina: Ahura (Tuhan) jeung Mazda (kawijaksanaan).[2]

Ajaran-ajaran[édit | édit sumber]

Dasar ageman ti Zarathustra nyaéta monotéisme, nyaéta muja ka hiji Tuhan, Ahura Mazda.[2] Angra Mainyu, nu mangrupa Pangawasa “Kegelapan” jeung lawan ti Ahura Mazda, nyaéta nu sok hianat ka Tuhanna.[3] Ajaran Zarthustra ogé ngabenerkeun mahluk suci nu sifatna welas asih nu ngabantuan pajoanganna.[2] Ngan sanggeus Zarathustra maot, kapercayaan ka mahluk suci éta dirobah jadi konsépsi kadéwataan nu dihubungkeun jeung penciptaan alam, nu kawengku ti genep tingkat penciptaan wanda-wanda alam, nyaéta:[2]

  • Asha Vahista minangka déwa tata tartib jeung kabeneran nu éndah jeung sering digambarkeun minangka déwa nu ngawasaan seuneu;
  • Vohu Manah minangka déwa nu haténa bersih (God mind) jeung sok digambarkeun minangka sapi jalu;
  • Keshatra Vairya minangka déwa “pencinta” jeung pangawasa sagala logam;
  • Spenta Armaity minangka déwa ibadah nu pinuh welas jeung pangawasa bumi jeung taneuh;
  • Haurvatat nyaéta minangka buleudan jeung kakawasaan sarta pangawasa cai jeung tutuwuhan;
  • Amertat, sarua jeung Haurvatat, minangka déwa buleudan jeung kakawasaan sarta pangawasa cai jeung tutuwuhan.[2]

Sagala wangun agemanna dijieun dina hiji kitab nu disebut Gathas jeung Avesta.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c (id)Keene, Michael. 2010. Agama-agama Dunia. Yogyakarta: Kanisius
  2. a b c d e f (id)H.M Arifin. 1986. Menguak Misteri Ajaran Agama-agama Besar. Golden Trayon. Hlm. 18, 20-24.
  3. (id)M.Dhavamony. 1995. Fenomenologi Agama. Jogjakarta: Kanisius. Hlm. 124.