Abiu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Abiu
(Pouteria caimito)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiosperms
(unranked): Eudicots
(unranked): Asterids
Order: Ericales
Kulawarga: Sapotaceae
Génus: Pouteria
Spésiés: P. caimito
Ngaran binomial
Pouteria caimito
Radlk.

Abiu nyaéta buah tina (spesies Puteria Caimito kulawarga Sapotaceae). Tangkal jeung buahna mibanda sipat sarua jeung tangkal sawo. Buahna lonyod sakapeung aya ogé anu rada buleud, ukuran panjang 6–12 cm jeung beuratna 150-500 gram, Mibanda rasa seger béda jeung buah séjéna ,[1] .

ku lantaran loba dipelak jaung dibudidayekeun di Australia, ieu buah leuwih kasohor ku sebutan sawo Australia [1]. Padahal, asal muasalna ieu tangkal téh ayana disabudeureun Amazon, dataran Péru, jeung Brazil.[2] Daging buah abiu mibanda kelir bodas jeung rada hérang rasana amis kareueut tur seger. Aya anu ngagambarkeun ieu buah rasana méh sarua jeung kalapa ngora. Lantaran dagingna beyé jeung rada caian abiu bisa ogé dikonsumsi maké bantuan séndok. Unggal buah mibanda hiji nepikeun ka lima siki.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Daun tangkal abiu rada panjang jeung lonjong saliwat méh sarua jeung daun tangkal buah. Gampil dipelakna jangkung tangkal déwasa ( 10–20 cm ) gedé tangkalna kurang leuwih ( 3,5-6,5 cm ). Kembangna laleutik mibanda opat nepika lima palapah kembang, bijil tina tangkal aya anu ngan hiji sakapeung aya ogé dua nepi ka lima kembang dina satempat, Kembangna hérmaprodit dina mangsana mangkak ligar kembang bisa mangkak salila dua poé dua peuting saméméh ragrag[3].

Buah[édit | édit sumber]

Buah abiu anu geus kolot, mibanda rasa amis rada sarua jeung dewegan (kalapa ngora) bisa langsung di gahgal atawa dicampur jeung bahan séjéna. Dina sataun tangkal abiu déwasa bisa ngahasilkeun buah 100-1.000 siki [4] . Buah anu geus manjing diala kulitna jadi konéng nandakeun yén buah geus asak dijerona, daging buahna rada beyé jeung dijerona mibanda siki anu sarimbag jeung siki buah sawo. Perlu waktu tilu bulan ti mimiti kembang nepikeun ka buah asak tur bisa diala [3].

Hasiat[édit | édit sumber]

Ditilik tina kandungan gizina, buah abiu mibanda sababaraha kandungan anu kacida gedé mangpaatna pikeun awak manusa, saperti vitamin A, vitamin B3, vitamin C, kalori, jeung sérat. Kulantara ieu pisan, buah abiu mibanda loba pisan mangpaat pikeun kaséhatan awak. Sababaraha anu bisa disebutkeun mangpaat buah abiu pikeun kaséhatan [3] :

  • Buah abiu bisa ngurangan kasakit batuk.
  • Bisa ngahampangkeun gangguan paru-paru, saperti bronchitis jeung gangguan nafas séjéna.
  • Geutah tangkal abiu dimangpaatkeun pikeun ngubaran cacingeun jeung ngurangan bagéan awak anu bareuh ku lantaran tatu.
  • Bisa ogé dimangpaatkeun pikeun pencahar ngubaran peujit murilit jeung hésé miceun.
  • Di Brazil, buah Abiu dimangpaatkeun ogé pikeun lalawuh jeung campuran bahan sayuran séjéna .

Kulinér[édit | édit sumber]

Buah abiu nyaéta kaasup buah anu pang alusna [2] alatan mibanda rasa amis kawas rasana caramél wujudna jiga sawo jeung tékstur dagingna beyé. ku lantaran éta buah ieu bisa langsung di konsumsi saméméhna dibeulah heula atawa dikerok maké séndok, najan geutahan jeung bisa némpél dina biwir hal ieu bisa disingkahan ku jalan néangan buah anu bener-bener geus asak. Sangkan rasana leuwih kaluar biasana buah ieu di campur jeung jus jeruk atawa jus anu séjéna. aya ogé anu dijieun pikeun campuran és krim atawa yogurt pikeun batur sarapan. Buah Abiu nyaéta sumber signifikan kalsium, fosfor, vitamin A, jeung vitamin C.

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg



Dicutat Tina[édit | édit sumber]