Ali Sastramijaya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ali Sastramijaya
Gumelar27 Oktober 1935
Walanda Bandung, Jawa Kulon, Hindia-Walanda
PagawéanBudayawan

Ali Satramijaya (gumelar di Bandung, 27 Oktober 1935) nyaéta salah sahiji pamerhati Kabudayaan Sunda. Anjeuna kantos nyukrih élmu di SD, SMP, SMA, ogé kantos ngiringan kursus Manajemén di Bandung. Taun 1959, anjeuna angkat ka Walanda kanggé nyukrih élmu pendidikan téhnik, tapi teu lami mung satahun tos uih deui ka Indonésia, anjeuna sadar yén pendidikan téhnik anu tos diajarkeun di Walanda téh teu tiasa dikembangkeun deui di Indonesia, lantaran moal bisa bersaing jeung nagara maju nu séjén. Anjeuna teu kahaja diajar karawitan Sunda, anjeuna ngamanfaatkeun elmu téhnik anu tos diajarkeun di Walanda. Anjeuna nyusun laras jeung rakitan dina wangun tabél anu eusina angka-angka, teras angka-angka éta di teurapkeun kana Kacapi anu disada aya 3 laras. Anjeuna nyieun kacapi 3 laras anu dilengkeupan ku mékanik sederhana, anu nyieun bisa ngarobah laras ku cara muteurkeun tombolna. Dumasar kana hasil pamanggih kacapi nu dijieun, anjeuna janteun anu ceramah di Asti anu judulna "Kecapi 3 Surupan dan Waditra 10 Nada" (1971). Ti harita anjeuna sok disungkeun kanggo ngawulang di Asti dugi ka anjeuna ngundurkeun diri (1981). Lantaran pangalaman anu geus jauh, anjeuna jadi serius kana diajar karawitan Sunda jeung sagala hal anu katalian ngeunaan kana kabudayaan Sunda sapértos sajarah, aksara, naskah, jeung pananggalan (kalénder).[1]

Anjeuna tuluy aktif dina Proyek Panunjangan Kabudayaan Jawa Kulon kanggo ngeumpeulkeun data ngeunaan kasenian Sunda di lapangan, ogé kerja sama jeung Atik Supandi. Anjeuna meunang payusun "Daftar jeung Péta Kasenian Jawa Barat" anu dipedalkeun di Buletin Kebudayaan Jawa Barat (1977). Anjeuna ogé jadi penceramah ngeunaan "Musik Daerah Jawa Barat" di Taman Ismail Marzuki (TIM) di Jakarta (1977). Sanggeus bisa ngagunakeun komputer, anjeuna bisa ngalakukeun kagiatan panelitian ngeunaan kabudayaan Sunda. Panelitian ieu ogé dilengkeupan ku panulisan buku basa Sunda anu judulna Karawitan Sunda. Numutkeun hasil foto warna tina naskah-naskah kabuyutan Ciburuy, jeung ngagunakeun komputer anjeuna nyobian mindahkeun aksara-aksara dina naskah éta kana huruf latén, jeung numutkeun Naskah-Naskah Pangéran Wangsakerta anjeuna bisa nyusun sajarah numutkeun tahun kajadian anu kajadian dina pananggalan kalender Sunda. Panelitian ngagunakeun komputer téh nyéépkeun waktos dugi ka 9 taun jeung anu tos ngahasilkeun naskah basa Sunda anu judulna Kalangider nu jumlahna aya 9 kaca, anu aya dina naskah éta téh ngeunaan Caka, Maséhi, Caka Sunda, sarta Caka Jawa dina wangun tabél mingguan ti tahun 0001 nepi ka 210 Caka Sunda. Panémuan ngeunaan karawitan Sunda, aksara Sunda, jeung kalénder Sunda tos didaftarkeun hak cipta na ka Direktorat Jenderal Hak Cipta, Patén, dan Mérek Departemén Kehakiman RI (1991) ogé dimuat dina warta Agara (1992).[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597. OCLC 45463431.