Ampa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ampa
Punti orpho 120127-22820 tsm.JPG
Lauk ampa, Puntius orphoides,
dari Mandalamekar, Jatiwaras, Tasikmalaya
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. orphoides
Ngaran binomial
Puntius orphoides
Sinonim

Barbus rubripinna van Hasselt, 1823 (nomen nudum)
Barbus orphoides Valenciennes, 1842[2],

Ampa; Beureum panon; sisik milik; mata merah (id) (Puntius orphoides) nyaéta lauk cai darat anu asalna tina kulawarga Cyprinidae. Ieu lauk hirup kalayan nyebar di wewengkon Indocina jeung kapuloan Sunda[3].

Ngaran daérah[édit | édit sumber]

Lauk ieu miboga ngaran daérah saperti: maroca, marococa, wadonan (Btw.); brek, pekiseh, lunjar, wader (Jw); jeung sisik milik, ampa (Sd.)[4]. Di Tasikmalaya, Lauk ieu ogé dipikawanoh salaku lauk beureum panon (Sd.: mata merah).

Dina basa Inggris, ieu lauk dipikawanoh ku ngaran Javean Barb.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Panonna aya beureuman

Lauk ieu awak sedeng, panjang total nepika 250 mm. Gurat sisi aya 31-34 siki. 5-5½ sisit di antara mimiti sisit dorsal aya gurat sisina. Puhu buntut dikurilingan ku 16 sisit. Jari-jari heuras (cucuk) anu panungtung dina cécépét dorsal rérégéan 30, lemes. Cécépét buntut tungtung luhur jeung handap kelirna hideung; gurat hideung dina puhu buntut. Lauk nu ngora kénéh katempo tina sisitna mibanda kelir leuwih kolot.[3]

Jangkung awak 2½ nepikeunka ampir 3 kali dibandingkeun jeung panjang standar (tanpa sirip ekor). Panjang huluna 3,2 – 4 kali dibandingkeun jeung panjang standar. Mata 4-6 kali leuwih pondok tibatan panjang huluna. Rumus cécépét dorsal IV (jari-jari heuras).8 (jari-jari leuleus); cécépét bujur III.5; sirip dada I.14-16; dan sirip perut I.8. Cécépét beuteung leuwih purek tibatan cécépét dada, henteu nepi ka bujurna;anus.[4]

Cécépét bujurna katempo beureum, cécépét buntutna aya titik hideung

Kabiasaan hirup[édit | édit sumber]

Lauk Ampa dipiwanoh lauk karnivora kahakanan sabangsaning gegeremet, tutut jeung sajabana. [5]. Ilaharna lauk ampa kapanggih hirup di susukan, bendungan jeung situ; gan remen ogé kapanggih hirup di balong sanajan henteu dipelak.

Sagigireun diarah pikeun lauk konsumsi, kiwari lauk ampa ogé dipiara sabagé lauk hias.

Jinis anu sarupa[édit | édit sumber]

Hampal atawa (Hampala macrolepidota) ibanda pola kelir méh sarimbag. Ngan hampal mibanda awak anu leuwih panjang, monyongna leuwih méncos, sisit-sisit anu katembongleuwih badag, sarta mibanda belang hideung dipalebah beuteungna (lauk ampa mah aya gurat hideung dina puhu buntutna).

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. FishBase: Puntius orphoides (Valenciennes, 1842)
  2. Cuvier, G. and A. Valenciennes. 1842. Histoire Naturelle des Poissons, to. XVI: 193. Paris :Chez F. G. Levrault.
  3. a b Kottelat, M., A.J. Whitten, S.N. Kartikasari, S. Wirjoatmodjo. 1993. Ikan Air Tawar Indonesia Bagian Barat dan Sulawesi. Periplus Edition (HK) Ltd. dan Proyek EMDI KMNKLH Jakarta. hal 59.
  4. a b Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. The Fishes of The Indo-Australian Archipelago III: 194-5. E.J. Brill. Leiden.
  5. Umar, C., S. Makmur, & DWH. Tjahjo. 2007. Kebiasaan makan beberapa jenis ikan dan relung ekologi di Danau Sentani, Papua. Torani 17 (2): 93-99, Juni 2007

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan