Lompat ke isi

Awug

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Awug

Awug has Bandung anu diwangun ku lapisan tipung béas sarta gula beureum
Nami sanés Awug-awug
Asal Indonésia (Tatar Sunda)
Jinis Kajajén / Kué baseuh
Bahan utama Tipung béas, kalapa, gula beureum
Alat husus Aseupan (wangun tumpeng)

Awug atawa Dodongkal nyaéta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung béas, tipung kétan, gula beureum, kalapa parud jeung bentukna krucut. Baheulana mah dijieunna dina pas usum panén hungkul tapi kiwari mah geus henteu.[1] Lain ngan saukur urang Sunda wungkul nu mikaresep awug téh, tapi kiwari loba salian ti urang Sunda nu resep awug, loba nu mikaresep kadahareun ieu ku sabab ngeunah jeung rasana unik kadang mah sok dibawa pikeun oleh-oleh ti Bandung [2]. Awug ogé bisa disebut tipung béas anu dilapis-lapis ku gula beureum daharna dibeulahan siga meulahan roti terus dipurulukan ku kalapa parud[3] Adonan tipung béas anu diseupan bareung jeung gula beureum.[2]. Awug biasa di

Bahan-bahanna

[édit | édit sumber]

250 gr tipung béas, 250 gr tipung béas kétan, 500 cc cai,uyah sacukupna,sabatok kalapa, diparud,250 gr gula beureum,daun cau, jeung daun pandsn sacukupna [4]

Cara nyieun awug

[édit | édit sumber]

Campur tipung béas, tipung kétan, cai jeung uyah nepi ka rata, tuluy kalapa diparud. adonan dieusi ku 1/2 sendok gula beureum di tengahna terus bungkus ku daun cau seupan nepi ka asak terus angkat terus dipurulukan kalapa parud [4].

Kandungan gizi dina awug

[édit | édit sumber]

Énergi 87,9 kkal, protein 1, 4 g, lemak 0,9 g, karbohidrat 18,3 g, kalsium 2,8 mg, fosfor 29,1 mg, besi 0,6 mg, vitamin A 0,1 RE, vitamin C 0,2 mg, [5]

Nilai Budaya

[édit | édit sumber]

Di Bandung, awug parantos janten ikon kuliner, utamana di wewengkon Cimenyan. Awug biasana dijadikeun opieun nalika aya acara ngariung, tahlilan, atanapi ngan saukur jajanan sore anu dibarengan ku cikopi atanapi tahaneut.

Referensi

[édit | édit sumber]