Ampa
| Ampa / Beureum Panon | |
|---|---|
| Lauk ampa (P. orphoides) ti Mandalamekar, Tasikmalaya. | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | P. orphoides |
| Ngaran binomial | |
| Puntius orphoides (Valenciennes, 1842)[1] | |
| Sinonim | |
| |
Ampa; Beureum panon; sisik milik; mata merah (id) (Puntius orphoides) nyaéta lauk cai darat anu asalna tina kulawarga Cyprinidae. Ieu lauk hirup kalayan nyebar di wewengkon Indocina jeung kapuloan Sunda[3].[4] ieu lauk leuwih dipikawanoh ku nami Ampa, sedengkeun sacara umum di Tatar Sunda disebut Beureum Panon alatan warna beureum anu jéntré dina bagian luhur matana.[2]
Habitat jeung Pamiaraan
[édit | édit sumber]Ampa hirup di cai anu hérang tur ngalir, sarta sering dipiara ku masarakat di balong-balong campur (polikultur) di Tatar Sunda.[5] Ieu lauk dipikaresep margi gampang dipiara sarta miboga daya tahan anu kuat dina kaayaan cai anu robah-robah sarta miboga nilai ékonomi salaku lauk konsumsi.[1]
Riwayat Taksonomi
[édit | édit sumber]Lauk ieu munggaran didéskripsikeun sacara ilmiah ku Achille Valenciennes dina taun 1842 dina buku monumental Histoire Naturelle des Poissons.[2] Valenciennes méré nami Barbus orphoides dumasar kana spésimén anu dikirim ku para panalungtik ti pulo Jawa ka Paris. Sateuacanna, dina taun 1823, Kuhl & van Hasselt sabenerna parantos méré nami Barbus rubripinna, nanging nami éta dianggap nomen nudum (nami tanpa déskripsi ilmiah anu sah dumasar aturan ICZN) sahingga nami ti Valenciennes anu dianggap valid sacara resmi.[4]
Ngaran daérah
[édit | édit sumber]Lauk ieu miboga ngaran daérah saperti: maroca, marococa, wadonan (Btw.); brek, pekiseh, lunjar, wader (Jw); jeung sisik milik, ampa (Sd.)[6]. Di Tasikmalaya, Lauk ieu ogé dipikawanoh salaku lauk beureum panon (Sd.: mata merah). Dina basa Inggris, ieu lauk dipikawanoh ku ngaran Javean Barb.
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Lauk ieu awak sedeng, panjang total nepika 250 mm. Gurat sisi aya 31-34 siki. 5-5½ sisit di antara mimiti sisit dorsal aya gurat sisina. Puhu buntut dikurilingan ku 16 sisit. Jari-jari heuras (cucuk) anu panungtung dina cécépét dorsal rérégéan 30, lemes. Cécépét buntut tungtung luhur jeung handap kelirna hideung; gurat hideung dina puhu buntut. Lauk nu ngora kénéh katempo tina sisitna mibanda kelir leuwih kolot.[3]
Panjanh awak 2½ nepikeunka ampir 3 kali dibandingkeun jeung panjang standar (tanpa sirip ekor). Panjang huluna 3,2 – 4 kali dibandingkeun jeung panjang standar. Mata 4-6 kali leuwih pondok tibatan panjang huluna. Rumus cécépét dorsal IV (jari-jari heuras).8 (jari-jari leuleus); cécépét bujur III.5; sirip dada I.14-16; dan sirip perut I.8. Cécépét beuteung leuwih purek tibatan cécépét dada, henteu nepi ka bujurna;anus.[6]
Kabiasaan hirup
[édit | édit sumber]Lauk Ampa dipiwanoh lauk karnivora kahakanan sabangsaning gegeremet, tutut jeung sajabana. [7]. Ilaharna lauk ampa kapanggih hirup di susukan, bendungan jeung situ; gan remen ogé kapanggih hirup di balong sanajan henteu dipelak.
Sagigireun diarah pikeun lauk konsumsi, kiwari lauk ampa ogé dipiara sabagé lauk hias.
Jinis anu sarupa
[édit | édit sumber]Hampal atawa (Hampala macrolepidota) ibanda pola kelir méh sarimbag. Ngan hampal mibanda awak anu leuwih panjang, monyongna leuwih méncos, sisit-sisit anu katembongleuwih badag, sarta mibanda belang hideung dipalebah beuteungna (lauk ampa mah aya gurat hideung dina puhu buntutna).
Riwayat Taksonomi
[édit | édit sumber]Lauk ieu munggaran didéskripsikeun sacara ilmiah ku **Achille Valenciennes** dina taun 1842 dina buku monumental Histoire Naturelle des Poissons.[2] Valenciennes méré nami Barbus orphoides dumasar kana spésimén anu dikirim ku para panalungtik ti pulo Jawa ka Paris. Sateuacanna, dina taun 1823, **Kuhl & van Hasselt** sabenerna parantos méré nami Barbus rubripinna, nanging nami éta dianggap nomen nudum (nami tanpa déskripsi ilmiah anu sah dumasar aturan ICZN) sahingga nami ti Valenciennes anu dianggap valid sacara resmi.[4]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 Froese, R. & Pauly, D. (Eds). (2026). "Puntius orphoides". FishBase. Link Web.
- 1 2 3 4 Cuvier, G. & A. Valenciennes. 1842. Histoire Naturelle des Poissons, to. XVI: 193. Paris: Chez F. G. Levrault.
- 1 2 Kottelat, M., A.J. Whitten, S.N. Kartikasari, S. Wirjoatmodjo. 1993. Ikan Air Tawar Indonésia Bagian Barat dan Sulawesi. Periplus Edition (HK) Ltd. dan Proyek EMDI KMNKLH Jakarta. hal 59.
- 1 2 3 Kottelat, M. (2013). "The fishes of the inland waters of Southeast Asia: a catalogue and core bibliography". Raffles Bulletin of Zoology. Supplement No. 27: 153. Link Web.
- ↑ Whitten, T., et al. (1996). The Ecology of Java and Bali. Hong Kong: Periplus Editions. Kaca 264. ISBN 962-593-072-8.
- 1 2 Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. The Fishes of The Indo-Australian Archipelago III: 194-5. E.J. Brill. Leiden.
- ↑ Umar, C., S. Makmur, & DWH. Tjahjo. 2007. Kebiasaan makan beberapa jenis ikan dan relung ekologi di Danau Sentani, Papua[tumbu nonaktif]. Torani 17 (2): 93-99, Juni 2007
Tutumbu ka luar
[édit | édit sumber]- Seriously Fish: Puntius orphoides
- EoL: Puntius orphoides
- Derbang (Puntius orphoides)