Bibitungan
| Bibitungan | |
|---|---|
| Equisetum arvense | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | Equisetaceae |
| Genera | |
|
Equisetum | |
Bibitungan; Equisetum dedile nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Equisetaceae.[1][2] Bibitungan kaasup tutuwuhan paku, mikaresep hirup dina taneuh anu beueus. Bibitungan remen katepo hirup ngarungkun ngawangun dapuran, bibitungn kasebut terna tangkalna bubukuan atra katempo.[2][3]
Habitat
[édit | édit sumber]Hirup kalayan subur di wewengkon anu perenahna 100 ~ 2700 mdpl, loba kapanggih hirup di sisi susukan, balong, situ, sirah cai, jeung sajabana tempat-tempat anu taneuhna jemlek tur negrak.[4]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Tangkalna mibanda dahan kalayan buku-bukuna katempo atra/jelas, dauna lalutik kawas sisit ngéntép ngurilingan unggal buku. Sporagiumna ngawujud (strombolus), Protaliumna mibanda kelir héjo sarta hirup di luar seporana. Rizomana sirungan deui anu éngkéna jadi tangkal anu ajeg kaluhur.[2]
Ngaran séjén
[édit | édit sumber]Bibitungan disababaraha daérah disebut ogé:
- Madura : Sodlisoan
- Sunda : Bibitungan, Tataropongan
- Jawa : Lorongan haji, Petungan, Sempol, Tepung balung, tikel balung
- Malaysia : Rumput betug, sendep=dendep.[4]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. hlm. 55. ISBN -. Disungsi29 Januari 2022
- 1 2 3 Setiowati, Tetty (2007). Biologi interaktif kelas X. Jakarta: Axa press. hlm. 111. ISBN 9791211221. Diaksés tanggal (disungsi – 5 Juni 2021).
- ↑ Timothy, Johnson (1999). CRC Ethnobotany Desk Reference. Washington DC: CRC Press. hlm. 307. ISBN 8931187. Diaksés tanggal (disungsi – 5 Juni 2021). ;
- 1 2 Heyne, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. hlm. 18. Diaksés tanggal (disungsi) 1 Juni 2021.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |