Bogo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Bogo
Lauk bogo (Ophiocephalus striatus)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Actinopterygii
Order: Perciformes
Kulawarga: Channidae
Génus: Channa
Spésiés: C. striata
Ngaran binomial
Channa striata
(Bloch, 1793)

Bogo/gabus/(Ophiocephalus striatus) nyaéta lauk liar anu tempat hirup aslina di susukan, jeung rawa-rawa [1]. Bogo mibanda ngaran anu béda di uanggal daérah saperti : kocolan (Betawi), bayong, bogo, licingan (Banyumas), kutuk (Jawa), jeung loba deui anu lian. Dina basa Inggris ogé loba ngarana aya anu nyebut : common snakehead, snakehead murrel, chevron snakehead, striped snakehead Jeung jugaaruan.

Pedaran[édit | édit sumber]

Baheulamah tara aya anu ngahajakeun melak bogo dibalong ngahiji jeung lauk séjén, kulantran bogo kasup lauk galak jeung rewog sok ngaganggu/ ngakan lauk séjén anu aya di balong (predator)[2] , rajeun ngasakan lauk bogo sotéh biasana beubeunangan tina nguseup, ngecrik, marak, atawa mosong disusukan. Lauk Bogo kaasup kana lauk jarah hirupna disusukan jeung rawa-rawa [3] mimitina lauk bogo kabawa palid ku alatan caah,[4] sisitna heuras semu totol-totol bodas kawas panyakitan, ieu ogé anu jadi babasan di mana kulit pipi belang, umumna barudak aya belang bodas sok disebut balasbogoeun [5], bogo neundeun anakna dina jero liang beunang ngali saméméhna, ieu anak bogo disebutna cingok[5].

Mangpaat[édit | édit sumber]

Bogo anu masih seger (anyar ngala), bisa langsung diolah gumantung pangaresep, di goréng, dibeuleum, dipais, jeung sajabana. Bisa waé dina jumlah anu loba atawa hayang leuwih awét diteundeun, lauk bogo diolah jadi lauk asin, lauk bogo asin leuwih ngaronjat hargana. Bogo dibeulah dua tur diteukteuk huluna, dibérésihan, dikeueum dina cai uyah sapeuting tuluy dipoé nepika garing. Di pasar harga asin bogo kawilang mahal, malahan di Kalimantan jeung Sumatra usaha balantik lauk bogo anu diasinkeun neupika peuntaseun pulo [6].

Mangpaat séjén tina daging lauk bogo nyaéta pikeun nutrisi tambahan : orok, budak leutik anu ngarandapan kurang gizi, bisa ogé ngabantu nambah gizi mangsa nyageurkeun panyakit kayaning Hepatitis, TBC/Infeksi Paru, Nephrotic., bisa ngaronjatkeun Albumin pikeun ngajaga awak sangkan jagjag waringkas [6].

Mijahkeun[édit | édit sumber]

Dina mijahkeun bogo aya tilu undakan :

Milihan bogo anu geus meujeuhna dipijahkeun[édit | édit sumber]

Bogo anu baris dipijahkeun leuwih hadé umurna geus sataun leuwih, beuratna 1-1.5 kg ku lantaran ieu baris nangtukeun sabaraha loba endog lauk anu baris dipegarkeun. Pisahkeun/berok bogo jalu jeung bikang, cirina : Bogo jaluna huluna leuwih monyong, sisitna leuwih hideung, di mana diurut palebah beuteungna bakal kaluar mamanis (bodas kawas susu); sedengkeun bikangna huluna teu pati monyong malahan rada buleud, beuteungna bucitreuk, di mana diurut lebah beuteungna bakal bijil endogna [7].

Mangsa mijahkeun[édit | édit sumber]

Balong/bak paranti mijahkeun bisa tina fibreglass atawa semén beton, ukuran kurang leuwih 5 méter ka 3 méter, saméméh dieusian cai balong/bak kudu di saatan heula kurang leuwih 3-4 poé, tuluy di eusian cai jerona satengah méter, asupkeun écéng gondok, atawa ganggeng kana bak ngarah bogo baretaheun, bogo jalu tilu puluh siki jeung bikang tilu puluh siki diasupken kana éta bak, antep keun ngarah marijah, di mana geus réngsé mijah tuluy endog-endogna disiukan lalauna maké sair anu kerep, pindahkeun ka balong pamegaran[7].

Miara endog nepika jadi cingok[édit | édit sumber]

di mana endog geus malegar, antep keun heula nepika umur 15 poé bari diparaban maké cacing sutra atawa kutu cai. Tuluy pindahkeun kana akuarium jumlahna dina saléter cai aya 5 cingok. Parab pélét dibikeun ka cingok anu umurna leuwih ti dua minggu, di mana nincak umur sabulan cingo-cingok mibanda panjang 5–7 cm[7].

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Nulis.jpg