Lompat ke isi

Caladi batu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Caladi Batu)
Caladi batu
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
M. tristis
Ngaran binomial
Meiglyptes tristis
(Horsfield, 1821)


Caladi batu (Meiglyptes tristis) nyaéta spesies manuk nu asalna tina kulawarga Picidae.[2] Loba kapanggih hirup di pulo Kalimantan, Sumatra jeung pulo Jawa utamana Jawa Barat.[3][4] Mikaresep ulin di daérah tegalan, sisi leuweung, jeung sisi basisir, hirup susulumputan dina dahan-dahan tangkal nu leutik.[4][5] Manuk caladi batu mah tara hirup abring-abringan/ngabubuhan, tapi sok nyorangan baé mun henteu bareng jeung pasanganna.[3]

Mangsa datang usum begér jeung anakan, manuk caladi sok remen katempo ngaliang dina tangkal pikeun nunda endog jeung ngagedékeun anak-anakna.[6] Nyiar hakaneun dina tangkal nu luhur teu rsepeun ulin dina tangkal nu pendek, karesepna sabangsaning sireum.[3] Kiwari manuk ieu geus méh tumpur, alatan tangkal-tangkal tempat hirupna geus loba nu ditaluaran pikeun rupa-rupa kabutuhan jeung karuksakan lingkungan séjéna.[3]

Morfologi

[édit | édit sumber]
Caladi batu keur nyéngclé

Caladi tali miboga ciri fisik anu mandiri:

  • Warna Bulu: Sakujur awakna didominasi ku pola garis-garis leutik (lurik) warna hideung sarta bodas semu konéng.
  • Tunggir Bodas: Ciri has utamana nyaéta bagian tunggir (tonggong handap) anu warna bodas bersih, anu katingal jelas nalika manuk ieu hiber.
  • Sirah: Miboga jambul leutik. Anu jalu biasana miboga saeutik warna beureum dina bagian kumis (moustachial stripe), sedengkeun anu bikang mah henteu.
  • Ukuran: Ukuran awakna leutik pikeun jinis caladi, panjangna sakitar 17 cm.

Habitat sarta Paripolah

[édit | édit sumber]
  • Kadaharan: Kadaharan utamana nyaéta rupa-rupa serangga, utamana sireum sarta rinyuh anu ditéang dina sela-sela babakan tangkal.
  • Paripolah: Caladi tali sok katingal ngetrokkan tangkal (drumming) pikeun néangan hakaneun atanapi nandaan wilayahna. Ieu manuk mindeng kapanggih hirup papasangan atanapi ngahiji dina kelompok leutik (mixed-species flocks).
  • Habitat: Hirup di leuweung dataran handap, sisi leuweung, sarta kebon-kebon anu loba tangkal luhurna.

Status Konservasi

[édit | édit sumber]

Dumasar kana daptar IUCN Red List, caladi tali miboga status Hampir Terancam (Near Threatened). Populasina terus ngurangan kusabab leungitna habitat leuweung dataran handap di wilayah Sunda (Jawa, Sumatra, sarta Kalimantan).

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. BirdLife International (2012). "Meiglyptes tristis". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2013.2. International Union for Conservation of Nature. Diaksés tanggal 26 November 2013.
  2. B. Kurniawan, Bayu Pratama, Eric (2002). Terrestrial Ecoregions of the Indo-Pacific: A Conservation Assessment. Washington: Island Press. ISBN 9781559639231. Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda <<ref>. Parameter yang didukung adalah: details, dir, follow, group, name.
  3. 1 2 3 4 Meijaard,Douglas Sheil,Robert Nasi,David Augeri,Barry Rosenbaum,Djoko Iskandar,Titiek Setyawati,Martjan Lammertink,Ike Rachmatika,Anna Wong,Tonny Soehartono,Scott Stanley,Tiene Gunawan,Timothy O’Brien, Erik (2006). Hutan pasca pemanenan: melindungi satwa liar dalam kegiatan hutan produksi di Kalimantan. Sindang Barang: CIFOR. ISBN 9789792446579. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  4. 1 2 Kordinasi Survey dan Pemetaan Nasional, Badan (2001). Atlas flora dan fauna Indonesia. Jakarta: Grasindo. ISBN 9789796953738.
  5. Wulffraat, Prilmax Tatengkeng, Andris Salo, Stephan (2009). Terrestrial Ecoregions of the Indo-Pacific: A Conservation Assessment. Universitas Michigan: Ministry of Forestry of the Government of Indonésia and the World Wide Fund for Nature Indonesia. ISBN 9789799991928. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
  6. Asep Ayat, Asep (2011). Burung-burung agroforest di Sumatera: panduan lapangan. Sindang Barang: World Agroforestry Centre. ISBN 9789793198606. Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda <<ref>. Parameter yang didukung adalah: details, dir, follow, group, name.