Lompat ke isi

Celempung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Waditra celempung

Celempung (Ind.:Celempung), nyaéta salah sahiji waditra tradisional Sunda daérah Jawa Barat anu cara maénkeunana ditabeuh.[1] Waditra ieu miboga pungsi sarua jeung kendang nyaéta miboga pungsi pikeun ngatur irama lagu.[1] Wangun penyajian waditra Celempung biasana disebut Celempungan. Ilaharna dina pintonan celempungan sok dilengkepan ku sababaraha waditra taradisional séjénna nyaéta kacapi, rebab, atawa suling jeung goong buyung.[1]

Celempung mangrupa alat musik meunang niron tina icikibung, nyaéta sora kaulinan tradisional nu mangrupa tabeuhan dampal panangan jeung gerak siku di luhur cai nepi ka ngaluarkeun sora-sora anu has.[1] Kaulinan ieu biasana dipaénkeun ku para wanoja anu keur mandi di walungan.[1] Sora-sora tina kaulinan icikibung ieu ditiron jeung dipindahkeun jadi waditra nu dijieun tina awi gedé (awi gombong) nu disebut celempung.[1]

Alat paranti nakol celempung dijieun tina

awi atawa kai anu tungtungna dibere kaen atawa banda nu ipis sangkan ngahasilkeun sora nu alus. Cara maénkeun ieu alat musik aya dua cara, nyaéta cara nakol, dua alur ditakol sakali ewang, sarta pangolahan sora, leungeun kénca dijadikeun pikeun ngatur badag-leutikna udara anu kaluar ti bungbung celempung.[2]

Bahan nu dijieun pikeun celempung nyaéta tina (awi gombong), ukuran diameter l.k.20 cm, panjang l.k.40 cm.[3] Biasana nyieun celempung tina awi gombong.[1] Awina disopak heula jeung ditengah-tengah sopakan diliangan (samodél) kohkol, sisi sopakan hinisna kénca-katuhu dicokel anu engkena minangka jadi senarna, jeung supaya bisa ngeleter disadana.[4].Nu dijadikeun bagian luhur (beungeutna) ditatah atawa diratakeun, bagian tengah diliangan ngarah sora senar agem di jero tabung; kaduana senar diatur nada-nadana, nyaéta galimer (1/da dan 4/ti) atawa nada-nada nu lian gumantung nu ngajieun.[3]

Bagian awak

[édit | édit sumber]

Bagian-bagian celempung ngawengku sirah, panutup gigir beulah kénca, pongpok, panutup beulah katuhu kedua utas sembilu minangka senar, talingkup, panyambung dua senar, nawa, minangka liang sora,baham, minangka tempat ngola sora.[1]

Cara nyieun

[édit | édit sumber]

Cara nyieun celempung, kahiji pilih saleunjeur awi gedé (awi gombong) anu umurna geus kolot sangkan teu bubuk.[rujukan?] Leunjeuran awi diukur tuluy disebit pikeun dijadikeun senar.[rujukan?] Dua senar éta disebut alur celempung. Dina bagian beungeutna diratakeun, sarta tuluy diliangan.[rujukan?] Liang anu dijieun téh dingaranan nawa, pungsina pikeun liang hawa.[rujukan?] Dina bagian gigirna gé dijieun liang deui nu miboga pungsi pikeun ngolah sora ku dampal panangan kiwa, nu dingaranan baham.[rujukan?]

Catetan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h Drs Ubun Kubarsah R, (1996). Bandung: Dasasetra.
  2. "Celempung dan Celempungan". SUMEDANG ONLINE (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-05-18. [tumbu nonaktif]
  3. a b Ajip Rosidi, spk. (2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya (termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya.
  4. R.A. Danadibrata, (2006). Bandung: PT. Kiblat Buku Utama