Chris Evans

Christopher Robert Evans leuwih dipikawanoh Chris Evans (gumelar di Massachusetts, Amérika Sarikat, 13 Juni 1981; umur 44 taun) nyaéta saurang aktor anu dipikawanoh liwat peranna minangka pahlawan nu miboga kakuatan seuneu,John Storm atawa Human Torch, dina pilem Fantastic Four jeung Fantastic Four: Rise of the Silver Surfer[1]. Saméméh kasohor, Chris ngamimitian karirna dina peran-peran leutik di sababaraha sérial tipi kayaning Boston Public, The Fugitive jeung Opposite Sex[1]. Karir Chris ieu mimiti ronjatna mah sanggeus meunang perang minangka Jake Wyler (atlét sépak bola kasohor) dina pilem parodi Not Another Teen Movie taun 2001[1]. Teu lila ti dinya, Chris loba meunang tawaran pikeun maén di pilem watek rumaja sarta pilem aksi, kayaning The Perfect Score, Cellular, jeung Push[1]. Indungna Chris nyaéta saurang diréktur seni sedengkeun bapana saurang dokter huntu[2]. Chris nyaéta alo ti Mike Capuano, dulur ti indungna anu saurang Katolik[2]. Chris diajar di Sakola Tingkat Luhur Régional Lincoln-Sudbury[2]. Di sakola Chris aktif di sababarhaa drama sarta katingal bakatna tur dirojong unggal taunna[2].
Filmografi
[édit | édit sumber]| Taun[3] | Judul Pilem[3] | Peran[3] |
| 2015 | Playing It Cool | Narator |
| 2015 | Avengers: Age of Ultron (2015) | Steve Rogers/Captain America |
| 2014 | Snowpiercer | Curtis |
| 2014 | Marvel's Captain America: The Winter Soldier | Captain America/Steve Rogers |
| 2013 | The Iceman (2013) | Mr. Freezy |
| 2012 | Marvel's The Avengers | Steve Rogers/Captain America |
| 2011 | What's Your Number? | Colin Shéa |
| 2011 | Puncture | Mike Weiss |
| 2011 | Captain America: The First Avenger | Captain America/Steve Rogers |
| 2010 | Scott Pilgrim vs. the World | Lucas Lee |
| 2010 | The Losers | Jensen |
| 2009 | The Loss of a Teardrop Diamond | Jimmy Dobyne |
| 2009 | Battle for Terra | Stewart Stanton |
| 2009 | Push | Nick |
| 2008 | Street Kings | Det. Paul Diskant |
| 2007 | Fierce People | Bryce Langley |
| 2007 | The Nanny Diaries | |
| 2007 | Sunshine (2007) | Mace |
| 2007 | Fantastic Four: Rise of the Silver Surfer | Johnny Storm |
| 2007 | TMNT (2007) | Casey Jones |
| 2006 | London | Syd |
| 2005 | Fantastic Four (2005) | Johnny Storm/The Human Torch |
| 2004 | Cellular | Ryan |
| 2004 | The Perfect Score | Kyle |
| 2001 | Not Another Teen Movie | Jake Wyler |
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 Biografi Chris Evans Diaksés 10 Juli 2015.
- 1 2 3 4 Chris Evans Archived 2015-06-27 di Wayback Machine Diaksés 10 Juli 2015.
- 1 2 3 Chris Evans Filmography. Diaksés 10 Juli 2015.
| Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |