Dagé
Pidangan
Dagé nyaéta hiji kadaharan olahan anu dijieun tina bahan-bahan sésa. [1][2] Dagé ilaharna dijieun tina hampas tahu anu di ragian/di peuyeum heula, ilahar disebut oncom atawa témpé gembus.[1] Ogé aya deui dagé anu dijieun tina cangkang sampeu, sarta olahan dagé anu dijieun tina hampas kalapa atawa hampas pameureutan minyak kopra.[3]
Dagé nunjul ogé kana olahan anu bahan utamana oncom, ieu kadaharan katelah dagé goréng.[4]" Aya deui dagé oncom anu di pais, kadaharan has Kanoman kota Cirebon.[5]
Bahan nyieun dagé goréng
[édit | édit sumber]Bahan
[édit | édit sumber]- 250 gr oncom
- 150 ml cai
- 1 bawang bodas (sasihung)
- 0.5 séndok uyah
Bungbu réndos
[édit | édit sumber]Bahan ngeueuman
[édit | édit sumber]- 150 gr tipung tarigu
- 225 ml cai
- 1 (Bawang daun satangkal)
- Minyak goréng sacukupna
Cara nyieun
[édit | édit sumber]- Keureutan oncom karubaknakeun ukuran kandel 0.5 cm
- Campurkeun cai, bawang bodas, jeung uyah. Galokeun nepika rata, tuluy keueuman oncom di dinya
- Galokeun bungbu beunang ngarendos kana tarigu, tambahkeun cai jeung bawang daun beunang nyiksikan
- Anclomkeun oncom beunang ngeuman ka dinya, tuluy digoréng nepika garing[4]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 Waskito, A.A. (2013). Kamus Praktis Bahasa Indonesia. WahyuMedia: Gramedia Pustaka Utama. hlm. 130. ISBN 9789797952174.
- ↑ Kamus Besar Bahasa Indonesia. 2022-01-26 https://kbbi.web.id/dage. Diaksés tanggal 2022-01-26.
- ↑ Winarno, Prof.Dr. F.G. (2015). Kelapa Pohon Kehidupan. WahyuMedia: Gramedia Pustaka Utama. hlm. 136. ISBN 9786020310824.
- 1 2 Dapur DeMedia, Tim (2010). Kitab Masakan Nusantara. Cipedak, Jagakarsa: Demedia Pustaka. hlm. 164. ISBN 9789790820180.
- ↑ Sanaji, Miftah (2013). Wisata Kuliner Makanan Daerah Khas Cirebon. Cipedak, Jagakarsa: Gramedia Pustaka Utama. hlm. 5. ISBN 9786020374390.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |