Hak cipta

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Lambang hak cipta.

Hak cipta (lambang internasional: ©, Unicode: U+00A9) mangrupa hak éksklusif Panyipta atawa Panyekel Hak Cipta pikeun ngatur pamakéan hasil ébréhan gagasan atawa informasi tinangtu. Dadaasarna mah, hak cipta téh mangrupa "hak pikeun néplak hiji ciptaan". Hak cipta bisa ogé ngamumkinkeun panyekel éta hak pikeun ngawatesan panggandaan teu sah kana hiji ciptaan. Umumna mah ogé, hak cipta mibanda masa lumaku tinangtu nu kawates.

Hak cipta lumaku dina rupa-rupa jenis karya seni atawa karya cipta atawa "ciptaan". Éta ciptaan téh bisa ngawengku puisi, drama, sarta karya tinulislianna, pilem, karya-karya koréografis (tari, balét, jeung sajabana), komposisi musik, rékaman swara, lukisan, gambar, patung, poto, pakakas lemes komputer, siaran radio jeung televisi, jeung (dina yurisdiksi tinangtu) desain industri.

Hak cipta mangrupa salah sahiji jenis hak kabeungharan inteléktual, ngan hak cipta mah béda pisan katarana tinimbang hak kabeungharan inteléktual lianna (kayaning patén, nu méré hak monopoli kana pamakéan invénsi), lantaran hak cipta lain mangrupa merupakan hak monopoli pikeun milampah hiji hal, tapina hak pikeun nyegah jalma lian nu ngalakukeun kitu.

Kaca buku ti éra pra-Gutenberg, kurang leuwih taun 1310

Hukum nu ngatur hak cipta biasana mah ngan ngawengku ciptaan nu mangrupa hiji gagasan anu spésifik jeung teu ngawengku gagasan umum, konsép, fakta, gaya, atawa téhnik nu mumkin kawujud atawa kawakilan dina éta ciptaan. MInangka conto, hak cipta nu patali jeung tokoh kartun Miki Beurit ngalarang pihak nu teu mibanda hak nyumebarkeun téplakan éta kartun atawa nyieun karya nu nurutan éta tokoh beurit tinangtu ciptaan Walt Disney, ngan teu ngalarang panyiptaan atawa karya seni lian ngeunaan tokoh beurit sacara umum.

Sajarah hak cipta[édit | édit sumber]

Konsep hak cipta dina basa Sunda mangrupa alihbasa tina konsép copyright dina basa Inggris (sacara harfiah hartina "hak tiron"). Ieu copyright diciptakeun sajalan jeung panimuan mesin citak. Saméméh panimuan ieu mesin ku Johannes Gutenberg, prosés pikeun nyieun tironan tina hiji karya tulisan téh merlukeun tanaga jeung biaya nu ampir sarua jeung prosés nyieun karya aslina. Sahingga, kamumkinan badag para panerbit, laun para pangarang, nu mimiti mundut panangtayungan hukum kana karya citak nu bisa dapat ditiron téh.

Lisénsi Hak Cipta[édit | édit sumber]

Copyleft, lisénsi pikeun mastikeun kabébasan ciptaan.

Lisénsi mangrupa idin nu dibikeun ku panyekel hak cipta atawa panyekel hak patali ka pihak lian pikeun ngumumkeun jeung/atawa ngagandakeun ciptaanna atawa produk hak patalina kalawan sarat-sarat tinangtu.

Rujukan[édit | édit sumber]

q & a copyright dina situs Direktorat umum IPR Kementrian Hukum jeung ham RI

  • (id) Karya Cipta Indonesia—non-organisasi kauntungan pikeun panangtayungan jeung administrasi hak cipta milik pangarang ti Indonesia