Honjé leuweung
| Honjé leuweung | |
|---|---|
| Kembang honjé leuweung Etlingera hemisphaerica | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | E. hemisphaerica
|
| Ngaran binomial | |
| Etlingera hemisphaerica (Blume) R.M. Smith
| |
| Sinonim | |
|
| |
Honjé leuweung; honjé héjo (Etlingera hemisphaerica) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga (Zingiberaceae)/sabangsaning jahé. Kembang sarta buahna anu seungit, sok dimangpaatekun pikeun bungbu dina rupa-rupa olahan kadaharan.
Honjé leuweung téh pituin ti pulo Jawa, kiwari geus nyebar ka wewengkon Malaysia.[1]
Ngaran daérah
[édit | édit sumber]Di Bengkulu ieu tutuwuhan sok disebut sikala; di Sulawesi wétan disebut sekala; ari di Malaysia nyarebutna kantan liar.[1][2]
Morfologi
[édit | édit sumber]
Kawas jahé, beuti/rimpang honjé aya di jero taneuh teu pati jero, tina éta beuti sok bijil deui sirung atawa anakna tuluy ngajangkungan nepika ngawujud dapuran honjé.
Jangkung tangkalna bisa nepi ka 7 méter, buleudan tangkalna atawa diaméter 2,5 cm kelirna héjo sarta ngagedéan ka palebah akarna. [1]

Daun 15-25 lambar ngéntép dua baris pasingareup-singareup, daun anu pang luhurna leuwih rubak tibatan daunna anu panghandapna; wujudna lonyod manjang, 15-75 cm × 5-15 cm, kalayan puhuna bulenek sakapeung katempo kawas écéng atawa henteu simétris, tung-tung daun leuwih ipis sarta leuwih leuleus, kitu deui tungtung daun méncos pondok, héjo perunggu, lemes tapi katempo borontok leutik sarta urat daun semu beureum, sisi handapna semu beureum anggur.[1]
Kembang ngumpul dina tungtung gagangna katempo kawas panggal, bijil misah/lateral deukeut tangkalna. Panjang gagangna 35-100 cm × 1-1,5 cm, daun-daun palapahna/salumpit dina gagangna 5-12 cm panjangna.1 cm, leuwih pendék tibatan kembang, beureum kalawan tungtungna héjo pias Labellum.[1]
Buahna pajejel dina bongkolna ampir buleud gedéna 12 cm; sikina galedé, kurang leuwih 5 cm × 2,5 cm, katempo baruluan lemes, konéng. Sikina loba, kelirna coklat semu hideung, buleud [[endog] [tapi leuwih méncos, diselubungi salut biji (arilus) putih bening yang berasa masam.[1]
Mangpaat
[édit | édit sumber]
Kembang honjé leuwih ogé biasa disebut combrang atawa kecombrang kalayan dimanfaatkeun sakumaha kembang honjé; tayalian dijieun salaku bungbu pasakan bisa ogé campuran sambara rujak. Malahan kembangna ogé sok dikulub dijadikeun lalab jang coél sambel.

Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f Ibrahim, H. and F.M. Setyowati. 1999. Etlingera Giseke, dalam C.C. de Guzman and J.S. Siemonsma (eds.). Plant Resources of South-East Asia 13: Spices. PROSEA. Bogor. ISBN 979-8316-34-7. pp. 123-126.
- ↑ Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 1. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 586-587 (di bawah nama Nicolaia speciosa).
