Jénglot

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Jénglot nyaéta hiji mahluk anu hirup jiga manusa nu dipercaya ku masarakat mibanda kakuatan goib jeung awakna leutik, pendék pisan kira-kira ukuranna teu leuwih ti 12 cm sakeupeul leungeun atawa sarua jeung jangkungna siku leungeun manusa, huntu jeung kukuna anu nyungcung tur seukeut, ngakibatkeun batur sieun mun ningalina.[1] Salian ti éta jénglot ogé rambutna panjang jeung kandel tur carang.[1] Loba masarakat nu percaya yén jénglot téh baheulana nyaéta hiji manusa nu boga kakuatan goib jeung maot dina patapaanana, tuluy awakna ngaleutikan jeung teu ancur, sabab jasadna teu ditarima ku bumi, ti saprak harita jénglot dipercaya ku msarakat salaku hiji manusa lain golongan jurig.[1] Sababaraha urang anu pinter jeung sakti ayeuna loba nu percaya yén jénglot téh miboga kakuatan goib, teu saeutik maranéhna anu miara jénglot ku cara méré getih salaku kadaharanana.[2] Sakeclak getih biasana dibéré unggal période, Salila 35 poé jeung tepatna dina poé jumaah legi.[2] Lamun éta hal atawa ritual teu diturunkeun jeung teu dilakukeun bakal aya anu sial jeung bakal aya kasialan atawa musibah ka masarakat sakurilingeunana.[2] Ditingali tina segi ilmiah, sacara fisik wangun jénglot sarupa jeung manusa.[1] Ngan sanggeus diayakeun sababaraha kali panalungtikan nu leuwih jero geningan struktur awak jénglot béda jeung manusa, sabab jénglot mah teu mibanda struktur tulang jiga manusa.[1] Ngan aya struktur tulang penyangga tina sirah nepi ka awakna, lian ti éta henteu dipanggihan jaringan kuku jeung huntu.[1] Sabenerna tina panalungtikan éta pernah kapanggih ogé sakeupeul daging, tapi can bisa dipastikeun naha éta daging atawa bahan séjénna.[1] Ti poé ka poé beuki loba dipanggihan sababaraha rupa jénglot di Indonésia.[1] Ngan tetep can aya nu nyindekkeun naon éta jénglot téh.[1] Ngan panalungtikan nyindekkeun yén jénglot mibanda karakteristik saperti manusa jeung mibanda hiji énérgi anu gedé.[1] Jeung percaya atawa henteu ieu hal aya dina kahirupan masarakat.[1]

Jénglot Asal Jepang[édit | édit sumber]

Ieu bonéka nyaéta salah sahiji bonéka nu dipikasieun ku sagala kaayaan non logisna alias GOIB.[2] Kumaha rék teu sieun bonéka jiga kieu bisa manjangan sorangan buukna terus-terusan.[2] Ieu bonéka ampir mangrupa jénglot, anu bener-bener diluar akal pikiran.[2] Saurang panalungtik asal jepang ngajelaskeun, dumasar tina hasil uji forensik buuk anu manjangan tina ieu bonéka nyaéta sarua pisan jeung buuk budak umur 10 taun.Ngaran ieu bonéka nyaéta Okiku.[2] Ieu ngaran dicokot tina ngaran hiji budak anu keur sedeng beuki ulin jeung bonéka anu ukuran jangkungna 40 sentiméteran, maké kimono ku panon hideungna nu cékas jeung buukna nu gomplok.Bonéka Okiku geus aya di kuil Mannenji di kota Iwamizawa (Prefektur Hokkaido) ti taun 1938.[2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Mimitina ieu bonéka dibeuli taun 1918 ku hiji pamuda nu ngaranna Eikichi Suzuki di sapporo, Di sapporo Eikichi ningali hiji bonéka Jepang nu geulis maké baju Kimono.[2] Ieu bonéka ogé ahirna dibeuli Eikichi pikeun adina anu umurna 2 taun ngaranna Okiku, ieu budak resep pisan kana bonéka anu dipangmeulikeun ku lanceukna jeung sok dipaké ulin unggal poé.Ngan hanjakalna, Okiku maot sanggeus miboga éta bonéka sabab katarajang ku panyakit panas.[2] Tuluy dina keur dikuburkeunana, kulawargana hayang ngasupkeun bonéka nu dipikaresepna kana peti matina, ngan teuing kunaon maranéhna poho.[2] Kulawarga éta awéwé tuluy neundeun éta bonéka dina hiji rohangan husus imahna jeung ngadu'akeun budakna unggal poé pikeun miéling maot budakna Okiku.[2] Teu lila ti harita, maranéhna ningali buuk bonéka Okiku manjangan.Nurutkeun carita ti Jepang, Ieu mangrupa roh ti éta awéwé anu nyalindung dina jero bonéka.[2] Satuluyna dina taun 1938 kulawarga Suzuki pindah ka shakalin, bonéka okiku ahirna dititipkeun di kuil Mannenji anu lokasina di Hokkaido.[2] Nurutkeun pandita éta kuil, bonéka tradisional jepang biasana miboga buuk anu pondok, manéhna terus nagbenerkeun yén buuk éta bonéka okiku terus manjangan, sanajan diteukteuk, tapi buukna tetep manjangan waé.[2] Ceuk pandita di kuil, bonéka tradisional asalna miboga buuk anu pondok, tapi ku nambahan umurna éta bonéka, buukna terus manjangan nepi ka 25 sentiméter, antukna nepi kana tuur bonéka.Sanajan buuk ieu bonéka diteukteuk, tapi terus waé manjangan.[2]


Arjuna Wayang.jpg


Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.