Jambu mawar

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Kembang jambu mawar

Jambu Mawar atawa jambu karaton mangrupa anggota ti golongan jajambuan atawa Myrtaceae nu asalna ti Asia Tenggara, hususna di wewengkon Malësia. Dingaranan kitu lantaran buah jambuna ngabogaan seungit kawas kembang mawar[1].

Di unggal daérah miboga sebutanna séwang-séwangan, di antarana jambee iye mawar (Ac.), klampok arum (Punjul.), kalampok aeng mawar (Md.), nyambu ermawa (Bl.), kembes mawar, kembes walanda, kumpasa im baranda (Sulawesi kalér), jambu jene mawara (Mak.), jambu mawaro, kupo wungu, kuputol mawar, gora mawar (rupa-rupa basa di Maluku).[1]

Ieu buah disebut ogé chomphu namdokmai (Thailand), kamaneh'-puu (Kamboja), tampoy (Filipina), acuk apple atawa Malabar plum (Engl.). Ngaran ilmiahna nyaéta Syzygium jambos.[2]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal leutik (perdu) nu jangkungna nepi ka 10 m jeung diameter tangkalna ka 50 cm, ngarancabang handap, jeung tajukna ngarubak.

Daun tunggalna pahareup-hareup, lonyod lanset tungtungna seukeut ,9-26 x 1.5–6 cm, héjo kolot ngagurilap di lebah luhurna sarta ipis. Watang daunna 5-6(-13) mm.

Kembangna badag, nu rubakna 5–10 cm, bodas semu héjo. Kongkolak daunna moboga ukuran 10 x 7 mm; daun makuta anu rada buleud, s/d 15–18 mm;  miboga benang sari nu loba, babari murag, panjangna nepi ka 4 cm; watang putik nepi ka 4 cm.

Buahna buleud endog, nu garis tengahna antara 2,5–5 cm, miboga makuta daun, kongkolak, jeung watang putik nu teu gampang muguran; konéng semu bodas, kembangna badag, nu rubakna 5–10 cm, bodas semu héjo. Kongkolak daunna miboga ukuran 10 x 7 mm; daun makuta anu rada buleud, s/d 15–18 mm; héjo semu beureum nepi ka beureum meles. Daging buah semu garing, seungit kawas kembang mawar, konéng jeung beureum jambu; rasana amis rada kesed. Sikina 1-4, jeung warnana semu coklat.

Mangpaat[édit | édit sumber]

Jambu mawar biasana didahar keur meujeuhna seger. Jambu Mawar teu dipikawanoh jiga jambu aér, jambu semarang atawa jambu bol. Jambu mawar langka aya di pasar jeung biasana dipikaresep ku barudak. Ieu buah ogé biasana dipasak pikeun jadi kadaharan jeung diawétkeun.

Tangkal jambu mawar biasana dipelak di taman-taman ogé di buruan minangka tutuwuhan hias (ornamental). Lian ti kitu, kembangna gé alus pikeun kadaharan odéng madu.

Kembang nu diawétkeun dijieun ubar tradisional ajang niiskeun sarta nenangkeun. Kulit kai jeung sikina bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran diaré, diséntri jeung muriang.

Ekologi jeung Sumebarna[édit | édit sumber]

Jambu mawar bisa hirup di mana waé, ti basisir nepi ka tempat nu luhurna 1.200 m dpl. Resep hirup di iklim anu baseuh tapi bisa ogé hirup subur diwewengkon nu leuwih garing.

Nuturkeun paradaban manusa, ieu tutuwuhan sumebar di sawatara wewengkon tropis di dunia ti ratusan taun ka tukang. Sawaréh sumebar di alam asalna. Di sawatara nagara, ieu tutuwuhan gancang nyaluyukeun, jeung kiwari mah dianggap jadi ancaman lantaran ngabogaan sifat rada invasif.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 3. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 1518.
  2. Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2. Hal. 382-385.
Nulis.jpg