Lompat ke isi

Jawura

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jawura
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
G. dulcis
Ngaran binomial
Garcinia dulcis

Jawura atawa Garcinia dulcis Kurz nyaéta tutuwuhan anggota génus Garcinia anu sakulawarga jeung manggu jeung asem kandis. Kiwari kondisina geus beuki langka kapanggih[1]. Sanajan kitu, kiwari jawura dibudidayakeun di taman buah Mekarsari. Di Mekarsari jawura bisa ditingali dina aréal nursery, jeung kebon buah blok D[2]. Jawura dipercaya minangka tutuwuhan asli Indonésia anu ngan saukur jadi di Jawa jeung sabagian Kalimantan, sanajan ieu tutuwuhan téh tumuwuh ogé di Filipina jeung Thailand [1]. Ieu buah langka téh kiwari dibudidayakeun di taman buah Mekarsari. Di Mekarsari jawura bisa ditingali dina aréal nurery, jeung kebon buah blok D[2]

Ngaran sesebutan

[édit | édit sumber]

Jawura boga rupa-rupa ngaran sesebutan saperti baros di Sunda. Di wewengkon Jawa disebut mundu, rata atawa klendeng. Dina basa Inggris disebut ogé mundu atawa meondoe. Di Filipina mah disebutna biniti atawa bagalot, ari di Thailand dipikawanoh minangna maphut. Dina basa Latén (ilmiah), jawura disebut Garnicia dulcis anu sarua jeung istilah Garnicia longiolia jeung Xanthochymus javanensis[1].

Déskripsi jeung Panyebaran

[édit | édit sumber]

Jawura téh mangrupa tutuwuhan anu catangna pendék kalawan jangkungna maksimal 13-15 méter, anu bagian congo tangkal nyungcung ka luhur. Catangna miboga kulit warna coklat jeung boga samacem geutah warna bodas, anu bakal robah jadi coklat pias lamun geus garing. Tina tangkal jawura téh tumuwuh kalakay anu wangunna ampir siga pasagi anu regas jeung semu buluan.[1]

Wangun daun buleud semu lonyod nepi ka lonyod manjang, pangjangna 10–30 cm jeung rubakna 3,5–14 cm, héjo pias keur ngorana, bagian luhurna héjo kolot semu hérang, dina bagian handapna aya tulang daun anu nonjol teuas. Urat-urat daunna loba jeung paralél, panjang tangkai daun nepi kana 2 cm. Kembang jawura mucunghul di deukeut puhu daun, warnana konéng semu bodas jeung seungit.[1]

Buah jawura wangunna buleud anu bagian tungtung luhur jeung handapna rada nyungcung, diaméterna antara 5–8 cm. Lamun ngora kénéh warnana héjo ngora, tandana atah kénéh sarta bakal robah jadi konéng cerah (hérang) lamun geus asak. Buah jawura boga 1-5 siki anu ukuranna 2,5 cm, warnana coklat. Daging buahna warna konéng jeung ngandung cai anu loba. Rasana amis semu haseum[1].

Tangkal jawura tumuwuh di Indonésia jeung geus dipelak di nagara-nagara di Asia Tenggara saperti Thailand jeung Filipina. Habitatna nyaéta wewengkon dataran handap nepi ka dataran anu luhurna 500 meter dpl[1].

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Buah jawura bisa didahar langsung jeung diolah jadi selé, komo bisa ogé dipaké jadi campuran jamu tradisional. Sedengkeun kai jeung kulitna, baheula mah sok dipaké jadi campuran pikeun ngahasilkeun warna héjo alami[1]. Di jawa campuran kai jawura, kai laban, pandan, atal, toas, prusi jeung sendawa ngahasilkeun warna héjo kolot anu dipaké ku warna di sabudeureun Gresik. Ari ri di Madura mah warna héjona téh beunang tina campuran kai jawura, gula, toas, jeung jeruk. Lamun di Pacitan dihasilkeun tina campuran papagan jawura, papagan manggah, tegeran, perusi, jeung tanjung. Papagan jawura ogé sok dipaké keur ngawarnaan samak[3].

Hal anu kudu diperhatikeun dina waktu ngadahar buah jawura sacara langsung nyaéta geutahna[1].. Ieu buah anu loba ngandung vitamin c téh miboga geutah anu kuat, matak nyababkeun iritas kana biwir pikeun anu can biasa mah[1].. Ku sabab kitu, lamun rék ngadahar buah jawura leuwih hadé dipesék heula tuluy dikumbah, sangkan geutahna leungit[1].

Siki jeung daun jawura téh ngandung saponin, flavonoida, jeung tanin[4].Siki jawura bisa dipaké keur ubar raheut, ubar gondok jeung ubar sariawan. Pikeun ubar raheut, dipaké ± 8 gram siki jawura, tuluy dibeuleum nepi ka tutung, dibubukkeun, tuluy dipurulukkeun kana bagian anu raheut atawa moléték[4].

Jadi ngaran wewengkon

[édit | édit sumber]

Ieu ngaran tutuwuhan téh jadi ngaran wewengkon di sababaraha tempat di tatar Sunda, di antarana di Bandung kidul aya wewengkon Cijawura jeung Baros di Cimahi[5]. Iwal ti di Bandung, ogé aya Kampung Mundu di Ciamis, kacamatan Mundu di Cirebon, Désa Mundu di Indramayu, jeung réa deui tempat séjén anu maké ngaran ieu buah téh[5].

Rujukan

[édit | édit sumber]

Tutumbu Kaluar

[édit | édit sumber]