Julang
| Julang | |
|---|---|
| Manuk julang nu jalu aya di kebon binatang Rotterdam, Belanda | |
| Bikanna | |
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | R. undulatus |
| Ngaran binomial | |
| Rhyticeros undulatus (Shaw, 1811) | |
| Sinonim | |
|
Aceros undulatus | |
Julang; (Buceros rhinoceros) nyaéta spésiés manuk nu asalna tina kulawarga Bucerotidae, tina genus Aceros.[2] Kagolongkeun kana manuk nu ampir tumbur sok pacorok jeung manuk rangkong rhinoceros hornbill, kahakanan ieu manuk sabangsaning bungbuahan, Ficus, keuyeup, bangkong, reptil, jeung sajabana.[3] Manuk julang hirup di leuweung nu teupati luhur kaayaana, nyebar di daérah nu kaayaana tempatna kurang leuwih 2.000 m dpl.[2] Ieu manuk loba kapanggih hirup di India Wétan, Cina bagéan kulon, India Wétan, Asia tenggara, Semenanjung Malaysia.[4]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Pangawakan manuk julang kawilang gedé, panjang awakna nepika (100 cm).[2] Kelir bulu dina tonggong, jang-jang, jeung beuteungna, Hideung.[4] Sedengkeun kelir bulu dina buntutnamah bodas.[4] Manuk nu jaluna mibanda ciri nu béda jeung bikangna, tayalian kelir bulu dina huluna krém.[4] Bulu palebah pundukna semu beureum, kulit kawas jawér dina beuheung deukeut puhu pamatuk handap kelirna konéng cékas.[3][2] Manuk nu bikangna, bulu palebah huluna hideung.[5] Kulit dina beukeung palebah pamatuk handap, kelirna semu paul.[5][2]
Pamatukna semu konéng, dipalebah luhunna aya deui salapis pamatuk nu rérégéan.[5] Cékérna hideung, mangsa hiber kadéngé jang-jangna kokoprakan matak gandéng.[5] Hiber sok bareng jeung pada baturna aya kana 4 nepi ka 6 manuk, mimindengnamah hiber ngan sapasang wungkul.[5][6]
Sayangna mangrupa liang nuaya dina tangkal, mangsa keur nyileungleum sayangna ditutupan ku taneuh kalawan bikangna aya di jero sayang pikeun kabutuhan hakaneun tayalian dianteuran ku jaluna.[5][4][2] Kelirna bodas mibanda totol-totol beureum jeung coklat, jumlahna 1-2 ésé.[5] Usum baranahan dina bulan Juli-Septémber.[5][4]
Galeri
[édit | édit sumber]Dicutat tina
[édit | édit sumber]- bio.undip.ac.id Archived 2012-07-06 di Wayback Machine
- ↑ Citakan:IUCN2008
- 1 2 3 4 5 6 Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. hlm. 179. ISBN 9786020327372. Diaksés tanggal 9 Desember 2019. ;
- 1 2 "Rangkong Badak (Buceros rhinoceros)". wwf.or.id. 42547. Diaksés tanggal 8. Desember 2019. Archived 2017-09-30 di Wayback Machine
- 1 2 3 4 5 6 "Rhinoceros Hornbill". The IUCN Red List. 43497. Diaksés tanggal 8. Desember 2019.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 "Rangkong Badak (Buceros rhinoceros)". itis. 38894. Diaksés tanggal 8. Desember 2019.
- ↑ Pemerintah, Provinsi (2019). Laporan KLHS RTRW Provinsi Riau 2018-2038. University of Minnesota: Pemerintah Provinsi Riau. hlm. 26. Diaksés tanggal 7 Desember 2019.