Kélor
Moringa oleifera | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | M. oleifera
|
Ngaran binomial | |
Moringa oleifera |
Kélor, atawa Moringa oleifera nyaéta varietas tina genus moringa anu paling loba dipelak. Ieu tutuwuhan mangrupa kulawarga moringaceae. Tutuwuhan ieu mangrupa tangkal sayur nu loba ngandung gizi nu loba mangfaatna.
Déskripsi[édit | édit sumber]
Kélor (Moringa oleivera) tumuwuh dina wangun tangkal, umur panjang (perenia) nu jangkungna 7–12 m.[1] Batang kai [2] (lignosus), tegak, warna bodas kotor, kulit ipis, luarna kasar.[1] Cabangna simpodial, arah cabangna lempeng atawa nyéngkong, osok tumuwuh lempeng atawa manjang.[1] Daun majemuk, tangkaina panjang, nyusun bubukuan (alternate), anak daunna gasal (imparipinnatus), daun keur ngora warnana héjo ngora - sanggeus kolot jadi héjo kolot, wangu daunna oval, panjang 1–2 cm,lébar 1–2 cm, ipis leuleus, tungtung jeung sisina mintul (obtusus), sisi luar luhur jeung handapna lemes.[1] Kembang kaluar dina kélék daun (axillaris), tangkaina panjang, kalopak warna bodas rada krem, ngaluarkeun ambeu anu has.[1] Buah kélor bentukna panjang segi tiga, panjangna 20–60 cm, buah ngora warnana héjo, sanggeus kolot jadi coklat, wangun sikina buleud warna coklat kahideungan, buahan sanggeus umurna 12-18 bulan.[1] Akar tunggang, warna bodas, ngagedéan kawas lobak.[1] Ngalobakeuna bisa sacara generatif (siki) atawa vegetatif (sték batang).[1] Tumuwuh boh di dataran handap atawa luhur nepi ka luhur kurang leuwih 1000 m dpl, loba dipelak salaku tapel wates atawa pager di buruan imah atawa kebon.[1]
Mangfaat[édit | édit sumber]
Organisasi kaséhatan dunya (WHO) nyarankeun pikeun barudak jeung orok anu masih dina mangsa tumuwuh piekun ngonsumsi ieu karana alusna mangfaat daun kélor, ku sabab geuning ngandung:[3]
- Daun kélor dipikaweruh ngandung Potasium tilu kali ti batan cau.[3]
- Ngandung Kalsium ogé anu lobana opat kali leuwih loba ti batan jeruk.[3]
- Ngandung Vitamin C tujuh kali ti batan jeruk.[3]
- Ngandung Vitamin A opat kali leuwih loba ti batan wortel.[3]
- Ngandung protéin ogé dua kali ti batan susu.
Referensi[édit | édit sumber]
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |