Kapibara
Kapibara | |
---|---|
![]() | |
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Subfilum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Subordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Génus: | |
Spésiés: | H. hydrochaeris
|
Ngaran binomial | |
Hydrochoerus hydrochaeris | |
![]() | |
Daérah tempat hirup kapibara |
Kapibara (Hydrochoerus hydrochaeris) nyaéta hiji sato nu kaasup kana mamalia tina kumpulan beurit jeung marmot (rodensia) nu panggedéna.[2] Awakna pendék tur lintuh, beuratna bisa nepi ka 65 kg, panjang awakna kurang leuwih 1,3 méter sarta biasana hirup di cai.[3] Kahakanannana jukut jeung bungbuahan (herbivora).[3] Kecap kapibara sorangan asalna tina basa lokal Guarani (Kapiÿva) anu hartina raja jukut.[4] Hal ieu ku lantaran kapibara mah remen katempo hirup di daérah anu mibanda loba jukut pikeun kahakanannana.[4]
Tempat hirup jeung habitat[édit | édit sumber]
Kapibara mikaresep hirup di cai (susukan, situ, balong, jeung sajabana), ngadon ngojay, teuleum, nyiar hakaneun, ogé nyumput mangsa aya bahaya .[3] Kaasup sato nokturnal mimiti liar nyiar hakaneun mangsa poé maju ka burit nepikeun ka peuting.[3] Sanajan katempo cicingeun kapibara téh pinter ngojay tur teuleum lila kajero cai malahan kapibara bisa ngahaja héés di cai dina waktu nyanghareupan pibahayaeun anu aya diluar atawa di darat.[3] Loba kapanggih hirup liar di Venezuela, Kolombia, jeung Ekuador.[5]
Ciri mandiri[édit | édit sumber]
- Sapopoé méakeun waktu ku ngeueum di jero cai, hanjat ka darat di mana geus soré atawa iuh.[3]
- Mibanda dua huntu (gigi seri) anu terus manjangan salila hirupna, pikeun ngasah huntuna sangkan seukeut kapibara ngagorogotan naon baé anu aya.[3]
- Kulitna heuras, buluna kulimis alatan mibanda lapisan minyak.[3]
- Mangsa ngobrol (komunikasi) jeung pada baturna disada kawas ngahuit sakapeung kadéngé kawas ngagogog.[3]
- Awakna ngaluarkeun bau pikeun méré tanda daérah kakawasaana[3]
Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]
Dicutat tina[édit | édit sumber]
- ↑ Queirolo, D.; Vieira, E.; Reid, F. (2008). "Hydrochoerus hydrochaeris". IUCN Red List of Threatened Species (IUCN) 2008: e.T10300A3191404. doi:10.2305/IUCN.UK.2008.RLTS.T10300A3191404.en. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2008.RLTS.T10300A3191404.en. Diakses pada 29 November 2015.
- ↑ Johnson Jinny (2010). "The evolution of the rhinoceros". Di M. Topan Nixon. 100 Perkara Kamu Patut Tahu Tentang Mamalia. Kuala lumpur: Institur terjemahan Negara Malaysia. p. 41. ISBN 9789830684949.
- ↑ a b c d e f g h i j Tim Sunrise Picture (2011). "The evolution of the rhinoceros". Di M. Topan Nixon. Ensiklopedia Binatang Pemecah Rekor. Jakarta: AgroMedia. p. 41. ISBN 9786028526524.
- ↑ a b Republik eusosialitis (2010-07-18). "Racing to Know the Rarest of Rhinos, Before It’s Too Late". Republik eusosialitis tawon. http://www.re-tawon.com/2010/07/kapibara-babi-pengerat-dari-amazon.html. Diakses pada 2017-07-16
- ↑ Tim Women Script & Co (2013). "Story pedia". Di Umi Andriani, Fita Riyadi. Storypedia: Binatang Paling. Tangerang: Buah Hati. p. 103. ISBN 9786027652392.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |