Kecap sedeng
Kecap sedeng (aksara Sunda baku: ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮞᮨᮓᮨᮀ, palapalan basa Sunda: [kəcap sədəŋ]) nyaéta kosakecap basa Sunda anu dipaké dina ragam basa hormat ka sorangan. Saluyu jeung pamakéannana, ieu kecap dipaké pikeun ngaajénan sakaligus ngahandapkeun diri di hareupeun lawan wicara. Baheula mah, kecap sedeng dipaké ogé pikeun ngomongkeun batur di hareupeun dunungan, hal ieu dilakukeun ku sabab pamakéan kecap lemes karasa luhur teuing jeung kecap loma karasa handap teuing.[1] Ieu kecap sakapeung sok dipahilikeun wangenannana jeung kecap panengah.[2]
Dina kamus-kamus atawa buku tatabasa Sunda, kecap sedeng ilaharna ditandaan ku S atawa s.[2]
Kosakecap
[édit | édit sumber]Ieu di handap mangrupa conto kecap sedeng (anu dikandelan) jeung sasaruannana dina kecap loma jeung kecap lemes.[2]
Loma | Sedeng | Lemes |
---|---|---|
balik | wangsul | mulih |
bawa | bantun | candak |
éra | isin | lingsem |
karugrag | kanceuh | kaseuit |
apal | terang | uninga |
imah | rorompok | bumi |
pamajikan | bojo | geureuha |
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]Catetan suku
[édit | édit sumber]- ↑ Coolsma 1985, pp. 41.
- ↑ a b c Coolsma 1985, pp. 14.
Daptar Pabukon
[édit | édit sumber]- Coolsma, S (1985) [1904]. Tata bahasa Sunda. Jakarta: Djambatan. OCLC 13986971.