Kecap lemes dusun
Kecap lemes dusun (aksara Sunda baku: ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮜᮨᮙᮨᮞ᮪ ᮓᮥᮞᮥᮔ᮪, palapalan basa Sunda: [ləməs dusun]) nyaéta salah sahiji kandaga kecap basa Sunda anu mangrupa jinis kecap lemes rékaan/anyar anu teu baku, ieu kecap kacipta alatan kurangna panganyaho saurang panyatur basa Sunda dina ngagunakeun tatakrama basa Sunda kalawan bener, ogé kapangaruhan ku alam pikiran pikeun ngagunakeun kecap lemes sagemblengna dina hiji wacana. Sajaba ti éta, wangenan "lemes dusun" ogé ngawengku perkara kasalahan dina ngalarapkeun aturan tatakrama basa Sunda, siga salahna pamakéan kandaga kecap lemes/sedeng, misalna ngagunakeun kecap lemes pikeun diri sorangan (sawadina pikeun batur) atawa ogé pamakéan kecap sedeng pikeun batur (kuduna mah pikeun diri sorangan). Pamakéan kecap lemes dusun mah biasana ngan ukur kapanggih di sababaraha wewengkon komunitas panyatur basa Sunda.[1]
Karakteristik
[édit | édit sumber]Kecap lemes dusun lolobana kacipta ku cara nganalogi tina kecap lemes séjénna (anu lulugu) anu ngan ngarobah sora engang tungtung (ultima) kecap loma.[2] Misalna robahna sora engang tungtung a → i dina kecap "tampa" jadi "tampi". Robahna éta sora tuluy dijadikeun alesan pikeun nyieun kecap lemes séjén anu can aya. Conto prosés pangbentukan kecap lemes dusun nyaéta kecap "tatangga" anu euweuh lemesna dilemeskeun jadi "tatanggi". Salian ti robahna sora engang tungtung kecap kalawan dumasar kana kecap séjén, pangbentukan kecap lemes dusun ogé dilakukeun ku cara sagawayah anu euweuh dasarna, kayaning dilemeskeunna kecap "engké" jadi "engkin" (engang tungtung -ké robah jadi -kin), tuluy aya ogé kecap anu kajieun ku cara ngagésér ma'na hiji kecap atawa nginjeum kecap lemes séjén anu mibanda ma'na padeukeut, kayaning kecap "saeutik" anu asalna tina kecap "sa-" jeung "eutik", éta kecap "eutik" tuluy dirobah ku kecap lemes séjén anu hartina ampir sarua nyaéta "alit", nu matak kecap "saeutik" dilemeskeun jadi "saalit".[3]
Jeung, aya ogé sababaraha kecap anu sabenerna mah geus lemes atawa kaasup kana kecap sedeng, tapi dilemeskeun deui pikeun ngéndahkeun kecap,[4] contona kecap "dongkap" dirobah jadi "dongkip".
Kecap
[édit | édit sumber]Pangbentukan
[édit | édit sumber]Ieu di handap mangrupa conto kecap lemes dusun (dicétak kandel) anu geus cukup lumbrah diparaké, boh dina ragam lisan atawa tulisan sarta prosés pangbentukanna jeung sasaruaanna dina kecap loma jeung lemes anu lulugu (mun aya).
Dasar | Loma | Euweuh
panta-pantana |
Lemes (baku) | Lemes dusun | Catetan | |
---|---|---|---|---|---|---|
Proses pembentukan | Conto kecap baku | |||||
rarangkén tukang -ma jadi -mi | utama-utami | agama | agami | |||
rarangkén tukang -di jadi -nten | jadi | janten | *geus prah digunakeun dina tulisan | |||
rarangkén tukang -ra jadi -wis | antara-antawis | samentara | samentawis | |||
rarangkén tukang -tu jadi -tos | tangtu-tangtos | bantu | bantos | *geus prah digunakeun dina tulisan | ||
rarangkén tukang -u jadi -on | pangku-pangkon | Minggu | Minggon | *"minggon" aslina wancahan tina "mingguan" | ||
rarangkén tukang -na jadi -nten | nyana-nyanten | mana | manten | |||
rarangkén tukang -ka jadi -ki | langka | awis-awis | langki | |||
rarangkén tukang -ga jadi -gi | prayoga-prayogi | harga | pangaos | hargi | ||
vokal a jadi i | cukup | cekap | cekip | |||
ngagésérna ma'na | kuring | abdi | pribados | *nginjeum tina kecap pribadi-pribados.[3] | ||
vokal a jadi o | hayang-hoyong | sayaga | sayagi | sayogi | ||
rarangkén tukang -mi jadi -nten | badami-badanten | upama | upami | upanten | *kacatet dina sababaraha karya sastra.[5] | |
rarangkén tukang -o jadi -é | pikeun | kanggo | kanggé | |||
rarangkén tukang -ya jadi -nten | percaya-percanten | supaya | supados | supanten | *kacatet dina sababaraha karya sastra.[6] |
Lemes dusun pikeun ngaran wewengkon
[édit | édit sumber]Pangbentukan kecap lemes dusun kadang ogé dilarapkeun kana ngaran-ngaran wewengkon kayaning kota/kabupatén, kacamatan, désa atawa ngaran-ngaran tempat séjénna, ngaran-ngaran wewengkon anu sok dilemeskeun di antarana nyaéta:[3]
Ngaran wewengkon | Lemes dusun |
---|---|
Majalengka | Maosléngka |
Jatiwangi | Jatoswangi |
Cimahi | Cicekap |
Cipaganti | Cipagentos |
Astanaanyar | Astanaénggal |
Dayeuhkolot | Dayeuhsepuh |
Balonggedé | Émpang Ageung |
Sarijadi | Sarijanten |
Sanajan kecap lemes dusun mah lain kecap lemes anu baku, pamakéanna masih dima'lum dina paguneman informal anu maké ragam basa hormat, boh éta basa hormat ka batur atawa ogé basa hormat ka sorangan (sarua siga kecap lemes énténg).
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]Catetan suku
[édit | édit sumber]- ↑ Adiwijaya 1951.
- ↑ KERN 1906, pp. 394.
- ↑ a b c Rosidi 2007, pp. 138.
- ↑ KERN 1906, pp. 397.
- ↑ Apipah 2018, pp. 92.
- ↑ S. Ekadjati & 1993 Masduki, pp. 55.
Daptar Pabukon
[édit | édit sumber]- KERN, R.A. (1906). "'t Lĕmĕs in 't Soendaasch" (dalam bahasa Walanda). Bijdragen tot de Taal-, Land- en Volkenkunde van Nederlandsch-Indië 59 (3-4). doi:10.2307/20769487. JSTOR 20769487. OCLC 655572587. https://www.jstor.org/stable/20769487.
- Adiwijaya, R.I. (1951). Adegan basa sunda. Jakarta: J.B. Wolters. OCLC 64694322. Archived 2023-04-11 di Wayback Machine
- Rosidi, Ajip (2007). Urang Sunda jeung basa Sunda [Orang Sunda dan Bahasa Sunda] (dalam basa Sunda). Kiblat gawe bareng jeung Cupumanik, Universitas Michigan. ISBN 978-979-36318-0-6. OCLC 233591618.
- Apipah, Wifa (2018). Penyuntingan Naskah Dongeng Raja Kuya. Bandung: Bahasa dan Sastra Arab. p. 92. ISBN 978-602-53359-2-1.
- S. Ekadjati, Edi; Masduki, Aam (1993). Wawacan Carios Munada. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. p. 55. OCLC 30657619.