Lompat ke isi

Sierk Coolsma

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Sierk Coolsma
Babar26 Januari 1840
Leeuwarden, Friesland, Belanda
Pupus20 Maret 1926 (yuswa 86)
Apeldoorn, Gelderland, Belanda
PagawéanMisionaris dan penulis
PasanganM. J. Gerretson

Sierk Coolsma (26 Januari 1840 – 20 Maret 1926) nyaéta saurang  misionaris Protéstan Walanda anu loba nyieun tulisan ngeunaan basa Sunda. Gumelar di Walanda, manéhna jadi misionaris nalika umur 20 taunan sarta datang ka Hindia Walanda taun 1865. Dina pancén munggaranna di Cianjur, manéhna neuleuman basa Sunda ti batan para séniorna sarta kataji ku ieu basa. Aktivitas misionarisna di Bogor anu dimimitian taun 1869 gagal jeung dina taun 1873 manéhna ditugaskeun narjamahkeun Pajangjian Anyar kana basa Sunda. Sok sanajan urang Sunda leuwih ngahargaan sair, manéhna mah narjamahkeunna kana wangun prosa hsangkan para pamacana daék narima hal-hal anyar.

Dina taun 1876, Coolsma balik ka Walanda sarta jadi pupuhu Sarikat Misionaris Walanda tur mromosikeun kagiatan misionaris di wewengkon kulon Hindia Walanda anu lolobanana muslim. Manéhna nulis hiji buku ngeunaan tata basa Sunda jeung dua kamus Sunda. Sok sanajan tarjamahan Injilna ngan méré balukar nu leutik, karya-karya pamungkasna mah masih kénéh dipaké nepi ka kiwari.

Awal kahirupan jeung digawé misionaris

[édit | édit sumber]

Coolsma gumelar di Leeuwarden, Walanda, tanggal 26 Januari 1840. Mimitina mah digawé di kantor pamedal, tuluy naratas diajar jadi misionaris taun 1861[1] dina apingan Pdt. Witteveen di Ermelo.[2] Manéhna méréskeun palatihanna tanggal 5 Méi 1864Désémber taun harita manéhna indit Batavia (kiwari Jakarta), puseur dayeuh koloni Walanda di Hindia Wétan.[1]

Satepina dina bulan April 1865, Coolsma dikirim ku Sarikat Misionaris Walanda (Netherlandsche Zendingsvereeniging, NZV) ka Cianjur.[1] Di dinya manéhna dikawin jeung M. J. Gerretson nu umurna genep taun leuwih ngora ti manéhna.[1] Manéhna ogé ngabaptis umat Kristen Sunda mimiti NZV, pasangan salaki pamajikan Ismael jeung Moerti.[3] Ismael tuluy ngajadikeun Coolsma minangka guruna sarta ngabantuan para misionaris dina nyumebarkeun agama Kristen nepi ka maotna taun 1872.[3]

Di Cianjur, Coolsma mimiti diajar bahasa anu dipaké dina hirup kumbuhna urang Sunda. Mungguhing Mikihiro Moriyama ti Universitas Nanzan, manéhna "miboga memiliki wawasan anu leuwih seukeut sarta pangaweeruh nu leuwih jero" ti batan para misionaris kontémporer jeung pagawé pamaréntahan.[4] Misionaris-misionaris satuluyna mah teu nungtik kana basa Sunda kalawan jéntré.[5]

Coolsma indit ti Cianjur ke Bogor din taun 1869, éta gé sarua wewengkon nu dipidumuk ku urang Sunda.[1] Manéhna teu pati ngahasil dina nyumebarkeun Injil boh ka warga Éropa boh ka urang Sunda. Tanggal 31 Méi 1869, manéhna muka sakola di imahna anu nawarkeun atikan haratis ku studi sékulér sarta kaagamaan. Kelas munggaranna nampa sapuluh murid, ti harita beuki nambahan. Dina mangsa jayana, ieu sakola miboga 111 murid. Sanggeus dibuka wéh sakola negeri taun 1872, loba murih urang Sunda nu pindah ka dinya pikeun nyingkahan ajaran-ajaran Kristen. Murid nu nyésa éstu katurunan Tiongkok, tapina saeutik anu parindah agemanna mah.[6]

Tarjamahan Injil

[édit | édit sumber]

Taun 1873, Coolsma medalkeun buku tata basa Sunda nu judulna Handleiding bij de beoefening der Soendaneesche taal (Palanggeran Panulisan Basa Sunda).[7] Manéhna wegah ngalarapkeun métode transkripsi anu dimekarkeun ku K.F. Holle sarta diwajibkeun ku pamaréntah kolonial mangsa harita.[8] Dina taun harita kénéh, manéhna nulis carita Sunda dina basa Sunda, judulna Siti Rapiah. Ieu carita anu ditulis ku Coolsma, tuluy dinyana batur téplakan Abdul Muluk anu Lie Kim Hok geus nulis  Sair Tjerita Siti Akbari dumasar ilham ti Siti Rapiah.[9] Taun éta, manéhna dipapancénan narjamahkeun Pajangjian Anyar kana basa Sunda.[1] Manéhna nitipkeun sakolana ka subarsasama misionaris D. J. van der Linden tuluy indit ka Sumedang. Di dinya manéhna migawé tarjamahanna lilana tilu taun.[1]

Coolsma manggihan yén sastra Sunda leuwih didominasi sair, kawengku narasi wawacan, sarta pikirna yén prosa kudu dimekarkeun sangkan jalma réa daék nyanghareupan modérnitas.[10] Manéhna boga pikir yén urang Sunda teu pati resep maca, resepna ngadéngékeun priyayi nyanyi. Ku kituna, nu dimaksud tulisan prosa téh moal dibawa. Acan deuih manéhna téh teu resep sair Sunda. Manéhna mah leuwih apresiatif kana wangun dangding – nu asalna tina tradisi sastra Jawa – anu dipaké pikeun nulis wawacan,[11] sarta pikirna tarjamahan Injil Matius anu geus nyangkaruk mangrupa buku Sunda nu panghadéna dina wangun dangding nu pernah dicitak.[12]

Antukna, Coolsma milih narjamahkeun Injil Yohanes jeung Kisah Para Rasul kana wangun prosa sabari yakin yén dangding "tradisional teuing pikeun rumojong ideu-ideu anyar" sarta miharep mromosikeun "sumanget anyar".[12] Ngan kitu téa, ku sabab alesan kaaksaraan manéhna nulis ku aksara Jawi anu bisa dibacana ngan ku sawatara urang Sunda anu geus bisa maca wungkul, teu siga Cacarakan atawa Latén anu dipaké di wewengkon Sunda.[12] Éta tarjamahan milega nepi kana Pajangjian Anyar jeung dina taun 1890-an geus nepi ka sakabéh Injil.[13] Ngan hanjakal ieu tarjamahan teu remen dibaraca.[7]

Ahir kahirupan

[édit | édit sumber]
Soendaneesch-Hollandsche Woordenboek, 1913

Coolsma mudik ka Walanda bareng pamajikanna taun 1876 sarta jadi pupuhu NZV nepi ka 1908.[1] Manéhna ngadungdengkeun ideu yén pagawéan misionaris kudu fokus ka wewengkon wétan anu can kaasupan ku Islam. Manéhna percaya yén pagawéan misionaris kudu diutamakeun di wilayah kulon, tempat Islam nu geus ngakar pisan.[14]

Coolsma tuluy nulis ngeunaan gawéna misionaris jeung basa Sunda. Taun 1881, manéhna nulis runtuyan tungtikan kritis kana buku-buku sakola nu ngagunakeun basa Sunda anu disayagakeun pamaréntah kolonial, manéhna boga kedalan yén eusina saeutik pisan sarta basana siga dijieun-jieun.[4] Manéhna medalkeun kamus basa Sunda-Walanda taun 1884[15] sanggeus nungtik sarupaning literatur Sunda pikeun léksemena.[16] Taun 1901, manéhna medalkeun jujutan misi di Hindia Walanda ku judul De zendingseeuw voor Nederlandsche Oost-Indiës (Abad Misi di Hindia Walanda). Ieu buku nyebutkeun abad ka-19 mangrupa mangsa patumuwuhan kilat.[17]

Taun 1904, Coolsma medalkeun vérsi révisi buku tata basana. Bareng jeung misionaris Christiaan Albers, anu nyumebarkeun Kristen ogé di Cianjur, Coolsma medalkeun kamus basa Walanda-Sunda taun 1911 patutur-tutur jeung vérsi révisi kamus Sunda-Walandana taun 1913.[18] Pamajikan Coolsma tilar dunya tanggal 27 Séptémber 1917.[1] Tilarna éta ngabalukarkeun manéhna ngurangan kana beban digawéna, tapina angger ngalongkrangkeun waktu pikeun medalkeun memoarna, Terugblik op mijn levensweg, 1840–1924 (Nilik Balik ka Hirup Kuring, 1840–1924), dina 1924.[2][19] Colsma tilar dunya dua taun ti harita dina tanggal 20 Maret 1926.[1]

Wawaris

[édit | édit sumber]

Coolsma dilélér Knight of the Order of Orange-Nassau saméméh maotna.[2] Moriyama nulis yén kamus jeung tata basa Coolsma anu "teu kasaingan" mibanda balukar nu leuwih badag tinimbang tarjamahan Injilna sarta jadi dasar standardisasi tulisan basa Sunda.[7] Tata basana masih kénéh dijadikeun sumber pasti ngeunaan sintaks basa Sunda,[12] sok sanajan pamaréntah kolonial ngawatesan distribusina – inggis medalna karya misionaris Kristen bakal mrovokasi populasi Sunda Muslim – ieu buku dipaké di sakumna lembaga atikan Sunda.[7] Taun 1985, ieu buku tata basa ditarjamahkeun kana basa Indonesia sarta dimedaleun deui ku Djambatan.[5]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j van den End 2006, p. 778.
  2. a b c Algemeen Handelsblad 1926, S. Coolsma †.
  3. a b Aritonang & Steenbrink 2008, p. 653.
  4. a b Moriyama 2005, p. 44.
  5. a b van den End 2006, p. 692.
  6. Tio 1958, pp. 32–34.
  7. a b c d Moriyama 2005, p. 87.
  8. Moriyama 2005, p. 27.
  9. Damono 2009, pp. 21–22.
  10. Moriyama 2005, pp. 3–4.
  11. Moriyama 2005, pp. 38, 45.
  12. a b c d Moriyama 2005, p. 46.
  13. van den End 2006, p. 186.
  14. van den End 2006, p. 36.
  15. Moriyama 2005, p. 28.
  16. Moriyama 2005, p. 146.
  17. Steenbrink 2003, p. 27.
  18. van den End 2006, p. 22.
  19. Terugblik op mijn levensweg, WorldCat entry.

Cutatan

[édit | édit sumber]

Bacaan lanjutan

[édit | édit sumber]
  • Coolsma, Sierk. Terugblik op mijn levensweg, 1840–1924 [Looking Back at My Life, 1840–1924] (dalam Belanda). Rotterdam: J.M. Bredee. OCLC 10209485. 
  • Coolsma, Sierk. "Terugblik op mijn levensweg, 1840–1924" (pdf) (dalam Belanda). C.W. Coolsma. Diakses tanggal 2/4/2013.