Ki séréh
| Ki séréh | |
|---|---|
| Cinnamomum parthenoxylon
" | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | Tracheophyta |
| Kelas: | Embryophyta |
| Ordo: | Laurales |
| Kulawarga: | Lauraceae |
| Génus: | Cinnamomum |
| Spésiés: | Cinnamomum parthenoxylon |
| Ngaran binomial | |
| Cinnamomum parthenoxylon | |
| Sinonim | |
|
Sassafras parthenoxylon | |
Ki séréh; Cinnamomum parthenoxylon nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga lauraceae. [1]
Ieu tangkal henteu ngarandapan ngarangrangan daunna atawa héjo sapanjang taun, jangkungna bisa nepi ka10–20 m (33–66 ft). Ieu tutuwuhan loba kapanggih hirup di Asia kalér: (Bhutan, Myanmar, Cambodia, China, India, Indonesia, Laos, Malaysia, Nepal, Pilipina, Thailand, jeung Vietnam).[2] Di Viétnam ieu tangkal jumlahna ngan saeutik malah méh deukeut ka tumpur, dina basa Inggris, Ki séréh/C. parthenoxylon disebutna Selasian wood,[3] saffrol laurel,[4] ogé Martaban camphor wood.[5]
Baheula ngaran [[Synonym (taxonomy)#Heterotypic synonym|heterotypic synonym]] Laurus porrecta (Roxb.). Ngaran spésiés parthenoxylon asalna tina parthenos xylon (Citakan:Lang-gr), pihartieuna "virgin wood". Dina basa Spanish disebutna alcanforero amarillo[6] tayalian tangkal ieu dipiwanoh ku ngaran ("yellow camphor") sok disebut ogé Citakan:Lang-km (mreah prew phnom).
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Kulit tangkalna/bark kulawu nepika coklat. Daunna héjo lonyod sarta katempo hérang ukuranna 7–10 cm panjang ti tungtung ka tungtungnakeun. Kawas tutuwuhan séjén tina kulawarga Lauraceae, daun ki séréh ogé ngaluarkeun seungit anu pikaresepeun lamun digésék atawa dibebek. Kembangna garanggeuy laleutik, buahna hideung.[7]
Di sababaraha daérah di Indonesia, kembang ki séréh/C. parthenoxylon jadi perlambang cinta anu sajati, sappait samamanis nepi raga paturay jeung nyawa. Di sababaraha daérah di pulo Jawa, ieu kembang ogé sok dipaké kalengkepan mangsa nadran ka kuburan pikeun diawurkeun luhureun hunyuran.[8]
Kagunaan
[édit | édit sumber]Seungit anu dihasilkeun tina tangkal ki séréh dimangpaatkeun pikeun nyieun rupa-rupa seuseungitan/parfum, sarua baé jeung tangkal tina kulawarga Cinnamomum.[9]
Ieu tangkal bisa jadi tutuwuhan industri, dimangpaatkeun pikeun diarah safrolena, Bahan campuran pikeun nyieun péstisida piperonyl butoxide, bahan pikeun nyieun piperonal, saraning ubar psychoactive drug MDMA. Kualatan loba guna tur mangpaatna, ieu tangkal jadi ngondang jalma jahat pikeun nuar kaaina bari teu bébéja kanu bogana Cardamom Mountains ogé Botum Sakor National Park di Cambodia .[10][11] [12][13].[14]
Ngajaga kalumangsungan hirupna
[édit | édit sumber]Dina 2004, pamaréntah Kamboja ngagolongkeun C. parthenoxylon bagéan tina spésiés langka anu teumeunang dituar sagawayah. Sagigireun éta, produksi, impor, jeung ekspor minyak saperti safrol di Kamboja geus dilarang tisaprak 2007.[10]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. hlm. 88. Disungsi8 April 2021
- ↑ Xi-wen Li; Jie Li & Henk van der Werff. "Cinnamomum parthenoxylon". Flora of China. Missouri Botanical Garden, St. Louis, MO & Harvard University Herbaria, Cambridge, MA. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 3 February 2014. Diaksés tanggal 27 March 2013.
- ↑ Schimmel (April 1911). Annual Report on Essential Oils, Synthetic Perfumes, &c. hlm. 43.
- ↑ Coster, B (1993). "Diskettes with commercial Woodnames". Tervuren Xylarium Wood Database. Hoofddorp, Holland. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 23 July 2011. Diaksés tanggal 4 December 2009. Archived 23 Juli 2011 di Wayback Machine
- ↑ Kurz, Sulpice (1875). Preliminary report on the forest and other vegetation of Pegu. Calcutta: C.B. Lewis, Baptist Mission Press. hlm. xcix. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 2015-09-24. Diaksés tanggal 2019-11-17.
- ↑ Porcher, Michel H. (30 April 2007). "Sorting Cinnamomum names". The University of Melbourne. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 18 February 2019. Diaksés tanggal 3 December 2009.
- ↑ Sánchez de Lorenzo-Cáceres, José Manuel. "Cinnamomum parthenoxylon". arbolesornamentales.com. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 20 December 2008. Diaksés tanggal 3 December 2009.
- ↑ Hamdani, Sylviana (27 November 2009). "Five-Star Tradition at Le Meridien Hotel in Jakarta". The Jakarta Globe. Diarsipkeun ti asli tanggal 4 December 2009. Diaksés tanggal 3 December 2009. Archived 4 Désémber 2009 di Wayback Machine
- ↑ Uphof, Johannes Cornelis Theodorus (1968) [1959]. Dictionary of Economic Plants (Dina basa Inggris) (Édisi second). New York, NY: J. Cramer. hlm. 131. ISBN 9783904144711. OCLC 48693661.
- 1 2 "Strengthening the response Against Exploitation of Forestry Resources through Organized Law Enforcement (SAFROLE)". United Nations Office on Drugs and Crime. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 19 November 2016. Diaksés tanggal 18 November 2016. Archived 19 Nopémber 2016 di Wayback Machine
- ↑ Campbell, Sam (30 August 2009). "Harvested to make Ecstasy, Cambodia's trees are felled one by one". GlobalPost. Diarsipkeun ti asli tanggal 7 September 2009. Diaksés tanggal 2 September 2009.
- ↑ "Forest of Ecstasy". Vanguard. Current TV. No. 3, season 3. Archived 13 Oktober 2011 di Wayback Machine (Episode is not available. Date: February 2014)
- ↑ Documentary film: Forest of Ecstasy Archived 2017-09-21 di Wayback Machine Adam Yamaguchi (reporter). Vanguard 2009. Hosted by Cambodian Information Center
- ↑ Jia, Q; Liu X; Wu X; Wang R; Hu X; Li Y; Huang C. (August 2009). "Hypoglycemic activity of a polyphenolic oligomer-rich extract of Cinnamomum parthenoxylon bark in normal and streptozotocin-induced diabetic rats". Phytomedicine. 16 (8): 744–750. doi:10.1016/j.phymed.2008.12.012. PMID 19464860. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 16 January 2017. Diaksés tanggal 2 September 2009. Archived 16 Januari 2017 di Wayback Machine
[[Kategori:tutuwuhan tripis