Kiripik bayem
Pidangan
Kiripik bayem téh kiripik anu dijieun tina daun bayem sarta digoréng maké tipung anu geus disamaraan.[1] Biasana mah rasana asin jeung seungit bawang nu gurih.[1]
Cara nyieun
[édit | édit sumber]Bahan-bahan
[édit | édit sumber]Léléngkahan nyieun
[édit | édit sumber]- Kumbah nepi ka beresih bayem nu geus disiapkeun. Ieu gunana pikeun miceun zat kimia nu bahaya dina bayem.[1]
- Jieun adonan tipungna ku cara ngagalokeun tipung béas, aci hui jeung samara nu geus dilemeskeun jiga muncang, bawang bodas, bawang beureum, uyah jeung konéng.[1]
- Caian saeutik-saeutik nepi ka cukup éncér, tapi ulah éncér teuing.[1]
- Golotrokkeun minyak goréng dina katél, saméméh bayem digoréng, anclomkeun heula kana adonan tuluy goréng wéh nepi ka garing jeung asak.[1]
- Engkeun sarta suguhkeun, bisa ogé ditambahan panglengkep lianna jiga saos sambel ajang panyocolna sangkan leuwih ngeunah.[1]