Kuntilanak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kuntilanak dina basa Malayu hartina puntianak, pontianak nyaéta awéwé nu keur kakandungan tuluy maot saacan ngalahirkeun.[1] Kuntilanak digambarkeun salaku awéwé anu geulis jeung bolong tonggongna biasana sok nyingsieunan masarakat, ciri ayana kuntilanak téh ngambeu bau kembang samoja, cenah lalaki-lalaki anu teu ati-ati bisa dipaéhan sanggeus éta kuntilanak ngarobah wujudna jadi awéwé nu nyedot getih.[1] Kuntilanak ogé paling resep ngadahar orok jeung ngaheureuyan awéwé nu keur kakandungan, loba pisan masarakat nu béda sawanganana ngeunaan masalah kuntilanak sabab euweuhna téori anu nguatkeun ieu goib, saperti halna carita-carita nu pikasieuneun dina film horor jeung dina Televisi Malaysia[1]

Déskripsi[édit | édit sumber]

Uggal nagara miboga jurigna séwang-séwangan, kitu ogé nagara Indonésia, sasaruaan kuntilanak jeung jurig nu di Amérika nyaéta vampir, kuntilanak jeung vampir sarua sok digambarkeun maéhan manusana ku cara nyedot getih manusa bari ngégél beuheungna.[2] Béda jeung kuntilanak nu aya di Malaysia nu ngagambarkeun yén kuntilanak téh bolong tonggongna, ari di Indonésia mah hususna di Sunda kuntilanak téh digambarkeun henteu bolong tonggongna tapi rata biasa, jurig anu bolong tonggongna di Indonésia mah disebutna jurig Sundel bolong.[1] Kuntilanak paling resep cicing dina tangkal gedé contona waé tangkal waru anu wangunna beurat sabeulah ka gigir (condong) umumna ieu tangkal téh disebut Waru Doyong.[1] Dina tradisi jeung kapercayaan masarakat Jawa, kuntilanak moal ngaganggu awéwé nu keur kakandungan lamun awéwé éta mawa barang-barang anu seukeut, saperti paku, péso, jeung gunting lamun rék indit-inditan ka mana-mana.[1]

Cara Ngalawan[édit | édit sumber]

Ku ayana barang-barang anu seukeut sabangsaning paku, péso, jeung gunting dipercaya ku masarakat Jawa jeung Sunda bisa ngajagaan orok (ngaliwatan éta barang saréa'at ayana pitulung Gusti) ti gangguan kuntilanak.[1] Béda halna jeung kapercayaan masarakat Melayu (Malaysia), barang-barang anu seukeut saperti anu tadi disebutkeun di luhur yén bisa dipaké ngalawan kuntilanak, nalika kuntilanak datang ngaheureuyan, paku ditanjebkeun kana liang anu aya ditukangeun beuheungna kuntilanak.[1] Sedengkeun kapercayaan di Indonésia mah tempat nancebkeun paku ngalawan kuntilanak téh pas dina embun-embunanana.[1]

Tumbu luar[édit | édit sumber]



Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i Wikanjati, Argo.2010.Kumpulan Kisah Nyata Hantu di 13 Kota.Yogyakarta:Penerbit Narasi
  2. Lee R. The Almost Complete Collection of True Singapore Ghost Stories. edisi 2. Singapura: Flame of the Forest, 1989.