Kuta

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Kuta

Kuta nyaéta pager luhur atawa tembok; wates anu wanguna bénténg ngurilingan imah, karaton, daérah, atawa hiji kota.[1][2][3][4] Kuta mibanda kagunaan pikeun ngajaga imah atawa wangunan anu aya dijeroeunna tina sagala gangguan anu datang ti luar, ogé pikeun wates hiji tempat sangkan henteu pacorok tur diandih ku batur.[5]

Kuta ilahar dijieun tina témbok, bata beureum, batu alam, batu susukan, aya ogé anu dikombinasikeun jeung beusi, kai, atawa tatangkalan.[5] Kuta sok dijieun paribasa pikeun jalma jegud, beurat beunghar jeung luhur martabatna: luhur kuta gedé dunya.[4] Imah-imah urang Éropa anu jaregud lolobanana diwatesan kuta anu jangkung, mangsa asup ka imah kudu ngaliwatan heula panto kuta anu disebut régol.[6] Baheula kuta diwangun ngurilingan hiji kacamatan, kandelna kurang leuwih 4 méter ari jangkungna aya kana 3 nepi ka 3,5 méter.[6] Unggal juru aya tampat pikeun nalingakeun kaayaan di saluareun kuta, kuta saluareun aya kamalir anu disebut "jagang".[6]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Rigg, Jonatha (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Universitas Harvard. 
  2. S. Supomo, M. Fletchert , T.H. Hunter, P. Worsley (2014). Kakawin Sumanasantaka: Mati karena Bunga Sumanasa karya Mpu Monaguna Kajian sebuah Puisi Epik Jawa Kuno. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 9789794618615. 
  3. Bakry, Oemar (1987). Tafsir Rahmat basa Sunda. California: University of California. 
  4. a b Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. 
  5. a b Hendromartono, Wijoyo (2007). Menghadirkan Nuansa Alam Di Rumah. Jakarta: Niaga Swadaya. ISBN 9789792636437. 
  6. a b c H.J. Wibowo, Gatut Murniatno, Sukirman, H.J. Wibowo (1998). Arsitektur Tradisional Daerah Istimewa Yogyakarta. Yogyakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
Nulis.jpg