Lamé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Lamé
Alstonia.scholaris.jpg
Indian Devil tree (Alstonia scholaris)
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Subtribus:
Génus:
Spésiés:
A. scholaris
Ngaran binomial
Alstonia scholarisPule
L. R. Br.
Sinonim

Echites scholaris

Lamé (Apocynacéae; sinonim: Echites scholaris L. Mant., Pala scholaris L. Roberty) nyaéta tutuwuhan tropis asli anak buwana India jeung Asia Tenggara nu tangkalna jangkung. Di pulo Jawa, tangkal lamé hirup di leuweung jati, leuweung campur reujeung leuweung leutik nu aya dipadésan.[1] Hirup kalawan subur di dataran landeuh nepika 900 m dpl. Lamé sakapeung dipelak di buruan deukeut pager atawa dipelakeun pikeun tangkal hias/papaés.[1]

Vernakular; ngaran daérah[édit | édit sumber]

Lamé mibanda ngaran daérah nu béda-béda, saperti di Sumatra disebutna: pulai, melayu: kayu gabuk, Jawa: pule, Madura: polay, Kalimantan: hanjalutung, Maluku: kaliti, reareangou, bariangow, wariangow, mariangan, deadeangow (Alf. Minahasa), Ambon: upacara, Banda: tewer, Ternate: hange, Irian: aliag. [1]

Ciri Mandiri[édit | édit sumber]

Tutuwuhan ngawangun tangkal, jangkungna 20 nepi ka 25 m. Tangkalna lempeng, bisa ngahontal diaméter 60 cm, kaina kawilang teuas. Geutahna karasa pait, kelirna bodas tur cepel.[1]

Daun tunggal, dina sacupat bijil sababaraha daun ngsrsngksdak 4-9 lambar, kalayan cupatna panjang 7,5-15 mm, daun beulah luhur lemes katempo ngagurilap, ari palebah handapna mah opaque, tungtung daun lemes, tulangan pinned, panjangna 10-23 cm, rubak 3 - 7,5 cm, kelirna héjo.[1]

Kembangna; Inflorescences mibanda cupat panjang bijil tina tungtung régang, Seungit ka angseuna kelirna héjo caang nepika semu konéng pias.[1]

Buahna ngagantung ngawangun pita anu panjangna 20-50 cm, siki leutik, panjangna 2,5 cm.[1]

Hasiat jeung kagunaan[édit | édit sumber]

Kulit tangkalna mibanda rasa pait bisa dimangpaatkeun pikeun, gangguan datang bulan (laxative), nyeri beuteung (stomakik), antipirina, relasver, nurunkeun tingkat gula dina getih (hypoglycemic), obat kuat, sareng antiseptik. Dina kuda, pucuk daun lamé dianggo pikeun ubar cacingeun. Daun lamé tiasa ngagancangkeun bisul sangkat téréh asak sareng mangpaat pikeun ngagampangkeun kaluar cisusu.

Kandungan kimia[édit | édit sumber]

Dina kulitna mibanda alkaloid ditain, ekitamin (ditamin), ekitenin, ekitamidin, alstonin, ekiserin, ekitin, ekitein, porphyrins, sareng triterpenes. Daun ngandung picrinin, sedengkeun kembang lamé ngandung asam ursolik sareng lupeol.

File:Saptaparni (Alstonia scholaris) leaves & flowers in Kolkata W IMG 0534.jpg|thumb|left| Daun jeung kembangna di Kolkata, Bengala Kulon, India File:Saptaparni (Alstonia scholaris) leaves & fruit in Kolkata W IMG 3403.jpg|thumb|left| Daun jeung buahna di Kolkata File:Alstonia scholaris.jpg|Tangkal lamé di kampus IIT Kanpur </Gallery>

Rujukan[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
  1. a b c d e f g Dalimartha, Setiawan (1999). Atlas tumbuhan obat Indonesia. Jakarta: Pt Pustaka Pembangunan Swadaya. p. 112. ISBN 9789796610518. Diakses tanggal (disungsi – 23 Méi 2020). 
Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.