Limus

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Limus
Pentil buah dina cupatna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Filum: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Sapindales
Kulawarga: Anacardiaceae
Génus: Mangifera
Spésiés: M. foetida
Ngaran binomial
Mangifera foetida
Lour.

Limus nyaéta ngaran hiji tangkal buah anu masih kénéh baraya jeung manggah. ngaran ilmiahna nyaéta Mangifera foetida Lour, Sakapeung buahna sok disebut manggah ku lantaran méh sarua wujudna, Disababaraha wewengkon Limus disebut ogé ambacang (minang), embacang, mangga Limus, atawa pakel. asam hambawang basa Banjar, macang atawa machang (melayu), maa chang, ma chae atawa ma mut (Thailand), la mot (Myanmar) jeung réa-réa deui. Dina (bahasa Inggris) disebut bachang atawa horse mango,.

Pedaran[édit | édit sumber]

Dahan tangkal Limus

Tangkalna gedé bisa nepikeun ka 30-35 Méter tur lempeng, Kulitna ngagarurat jiga anu rengat, kelirna coklat sakapeung semu abu abu. Lamun seug diturih tangkalna ngaluarkeun geutah kelirna hérang semu bodas, lila kalilaan éta geutang robah semu beureum tuluy ngahideungan. Geutah ieu di mana keuna kana kulit bisa ngabalukarkeun tutung jeung ateul . daunna rada heuras, panjang gagangna 1,5 – 8 cm, daunna lonyod lébar manjang 9-15 × 15–40 cm tur méncos tungtungna kelirna héjo kolot. Kembangna gomplok seungit ngadalingding, laleutik ngaranggeuy, jocong kaluhur jiga aseupan panjangna kurang leuwih 10–40 cm kelirna beureum kolot. [1] . Buahna lonyod jiga endog sakapeung aya ogé anu buleud gedéna 7-12 × 9–16 cm, kulit buahna kandel kelirna héjo nepikeun ka rada konéng, hurik jeung totol-totol coklat lentisel di mana geus asak, daging buahna semu konéng sakapeung semu oranyeu jeung loba lamadna, rasana amis haseum tur seungit pisan. Melak tangkal limus bisa tina pelok (siki) buahna, usum kembangan dina bulan Méi-Juni buahna asak dina bulan Séptémber-Nopémber.[1]

Mangpaat tangkal limus[édit | édit sumber]

Limus ngahaja dipelak pikeun diala buahna, rasana gahar jeung seungit bisa di gahgal kitu waé dina mangsa geus asak, bisa ogé campuran bahan rujak, asinan buah, sakapeung dijieun jus atawa campuran inuman, jeung sajabana ]].[2] Di Kalimantan, Limus dimangpaatkeun ogé pikeun panghaseum dina campuran nyieun sambel. Kaina kurang hadé di mana dipaké pikeun wangunan, ku alatan éta sakapeung dimangpaatkeun pikeun tunjel atawa panahan dinamangsa keurnyieun ponsasi, daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ubar galingging sikina bisa ogé dimangpaatkeun pikeun ubar jamuran, kudis jeung éksim .

Asal muasal[édit | édit sumber]

Jaman baheula kénéh limus hirup liar di leuweung kayaning di Semenanjung [[Malaya]], Sumatra jeung Bornéo. Didaérah ieu pisa limus loba dipelak, tuluy waé nyebar ka daérah sabudeureuna saperti Indocina Tenasserim kaler di Burma, agé nepi ka Filipina. Di Jawa iéu tangkal ogé geus dipelak dinawaktu anu geus lila.

Kandungan gizi[édit | édit sumber]

Dina 100 gram, Limus anu geus asak mibanda kalori 98 gram, protéin 1,4%, lemakna ngan saeutik, nyaéta 0,2 %. Ngandung cai nepikeun ka 72,5%. Alus pisan pikeun ngurangan beurat timbangan awak.[2]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Referensi[édit | édit sumber]

Catatan kaki
  1. a b Sastrapradja et al. 1980, p. 17.
  2. a b Natawidjaja 1985, pp. 60-61.
Bibliografi
  • Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSéa – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.
  • Sastrapradja, Setijati; Panggabean, Gillmour; Mogea, Johanis Palar; Sukardjo, Sukristijono; Sunarto, Aloysius Tri (1980). Proyek Penelitian Potensi Sumber Daya Ekonomi:Buah-Buahan 8. Jakarta: LIPI bekerja sama dengan Balai Pustaka. OCLC 66228010. 
  • Natawidjaja, P. Suparman (1985). Mengenal Buah-Buahan yang Bergizi. Jakarta: Pustaka Dian.