Manuk onta

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Manuk Onta

Manuk Onta (Struthio camelus) mangrupa jenis manuk nu pangbadagna nu masih hirup nepi ka kiwari.[1] Ieu manuk kaasup kana keluarga nu sarua jeung manuk kasuari, rhéa, emu, jeung kiwi.[2] Lantaran awakna badag, manuk onta teu bisa ngapung siga manuk sejénna.[3] Manuk onta jangkungna bisa nepika 2.5 meter.[4] Beuratna bisa nepika 140 kg.[5] Ciri hasna nyaéta beuheungna nu panjang pikeun nempo posisi musuh aya di mana.[5] Dingaranan manuk onta lantaran beuheungna nu panjang siga onta.[6]

Habitat[édit | édit sumber]

Manuk onta lain manuk asli Indonesia, tapi manuk nu asalna ti Afrika.[7] Sacara husus, aya di belah wetan atawa kidul Afrika.[8] Tapi sok aya ogé di sagara Sahara.[8] Manuk onta resep hirup di tegal nu garing, sagara, jeung havana.[8] Epidermis, awakna, jeung karakteristikna ngamungkinkeun manuk onta hirup di habitat nu ékstrim.[8] Lamun di ekosistem tropis nu leuweungna loba ku tatangkalan, manuk onta moal bisa hirup lila lantaran teu bisa ngapung jeung teu boga ruang bebas pikeun lumpat nalika aya bahaya.[9]

Perilaku[édit | édit sumber]

Manuk onta kaasup jenis sato sosial.[6] Manéhna bisa babarengan nyimpen endog di tempat nu sarua.[6] Tapi bisa ogé ngabedakeun endog nu mana nu rék dihasilkeun.[6] Tempat keur endogna ukuranna kurang leuwih 3 meter.[6]

Endog manuk onta

Endog manuk onta nyaéta nu pangbadagna di antara manuk nu sején.[10] Ukuran diameterna bisa nepi ka 12–18 cm, lamun panjangna kurang leuwih 46 cm.[10] Cangkang endogna lumayan teuas.[6] Endogna bakal megar sanggeus 45 poé direkem.[6]

Nalika kaayaan bahaya atawa kaancam, manuk onta bakal gogoleran di taneuh atawa lumpat kabur.[11] Manuk onta bisa lumpat nepi ka gancangna 70 km/jam.[4] Dina sakali ngaléngkah bisa nepika 5 meter.[4] Lamun kaayaana geus kaserang, manuk onta bakal najong maké sukuna nu kuat.[11] Saking kuatna, bisa nepi ka nyieun jalma atawa sato predator siga singa maot.[12]

Kadaharan[édit | édit sumber]

Manuk onta kaasup kana sato omnivora nyaéta sato nu sagala dihakan boh éta tutuwuhan atawa daging.[7] Manéhna butuh kadaharan nu miboga kandungan gizi jeung vitamin nu loba.[13] Jenis kadaharan mantuan pikeun ngaoptimalkeun produksina jeung kaséhatannana.[13] Umumna mah sok ngadahar dadaunan,akar-akaran,siki-sikian,sato gegemetan, kadal nepi ka sato leutik nu aya di sakurilingna.[6]

Mangpaaat[édit | édit sumber]

Manuk onta miboga sababaraha mangpaat boh éta tanagana,endogna, jeung bagéan tina awakna siga kulit,bulu, jeung dagingna.[14] Tanagana biasana sok dipaké pikeun transportasi atawa balap.[15] Hususna daerah Afrika Utara jeung Arab.[15] Kulitna biasana sok dipaké pikeun bahan nyieun kantong.[16] Buluna mah dipaké pikeun industri pembersih.[1] Endog jeung dagingna biasana sok dikonsumsi manusa.[1] Daging onta rasana mirip pisan jeung daging sapi umumna, ngan kaleuwihanna kadar lemak jeung kolesterol nu saeutik, sarta kadar kalsium, protein, jeung zat beusi nu loba.[17] Dagigna miboga sababaraha mangpaat kaséhatan pikeun awak di antarana jang kekebalan,stamina, nyegah panyakit saraf jeung otak.[17]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c "Burung Unta – Deskripsi Lengkap Burung Pelari | Portal-Ilmu.com" (dalam bahasa id-ID). Portal-Ilmu.com. 2016-06-10. https://portal-ilmu.com/burung-unta/. Diakses pada 2018-01-19 
  2. "ciri-ciri burung unta dan jenis-jenis burung unta serta Cara beternak burung unta". www.habaloen.com. Diakses tanggal 2018-01-31.  Archived 2018-03-11 di Wayback Machine
  3. "15 Hal Unik yang Perlu Kita Ketahui Tentang Burung Unta - Jual Ayam Hias" (dalam bahasa en-US). Jual Ayam Hias. 2016-05-13. https://www.jualayamhias.com/15-hal-unik-yang-perlu-kita-ketahui-tentang-burung-unta/. Diakses pada 2018-01-19 
  4. a b c FB, PROFIL. "20 Fakta Menarik Tentang Burung Unta, Burung Pelari Tercepat di Dunia". Kopi-ireng.com. https://www.kopi-ireng.com/2016/03/20-fakta-menarik-tentang-burung-unta.html. Diakses pada 2018-01-19  Archived 2017-12-08 di Wayback Machine
  5. a b "Ciri-Ciri dan Fakta Menarik Burung Unta - Satu Jam" (dalam bahasa id-ID). Satu Jam. 2016-03-04. https://satujam.com/fakta-burung-unta/. Diakses pada 2018-01-31 
  6. a b c d e f g h "Karakteristik Burung Unta dan Keunikan yang Dimilikinya" (dalam bahasa id-ID). UD. Jalak Suren. 2017-09-25. https://www.jalaksuren.net/karakteristik-burung-unta/. Diakses pada 2018-01-31 
  7. a b "The Habitat & Food Sources of the Ostrich" (dalam bahasa en). http://animals.mom.me/habitat-food-sources-ostrich-2284.html. Diakses pada 2018-01-31 
  8. a b c d "Ostrich (Struthio camelus)". bioweb.uwlax.edu (dalam en-us). Diakses tanggal 2018-01-31. 
  9. "Ostrich's Natural Habitat". Sciencing. Diakses tanggal 2018-01-31. 
  10. a b Bird, Beverly. "Nutritional Facts on Ostrich Eggs" (dalam bahasa en-US). LIVESTRONG.COM. https://www.livestrong.com/article/345784-nutritional-facts-on-ostrich-eggs/. Diakses pada 2018-01-31 
  11. a b "Inilah 4 Jenis Burung yang Tidak Bisa Terbang". Bobo.Grid.ID. http://bobo.grid.id/Sains/Flora-Dan-Fauna/Inilah-4-Jenis-Burung-Yang-Tidak-Bisa-Terbang. Diakses pada 2018-02-01  Archived 2018-01-29 di Wayback Machine
  12. "Ostrich | National Geographic". 2010-11-11. https://www.nationalgeographic.com/animals/birds/o/ostrich/. Diakses pada 2018-02-01 
  13. a b "Food Of Ostrich | Modern Farming Methods" (dalam bahasa en-US). Modern Farming Methods. 2012-04-27. http://www.roysfarm.com/food-of-ostrich/. Diakses pada 2018-02-01 
  14. "Fakta-Fakta Tentang Burung Unta | AGROBISNISINFO.Com". www.agrobisnisinfo.com. Diakses tanggal 2018-02-01.  Archived 2018-02-10 di Wayback Machine
  15. a b Setiafitri, Pipit (2013). Storypedia: Binatang Paling. Tangerang: Buah Hati. 
  16. "Kulit Burung Unta Menjadi Bahan Baku Tas-Tas Termahal - Media Muda" (dalam bahasa id-ID). Media Muda. 2016-05-10. https://www.mediamuda.com/bahan-baku-tas-tas-mahal-ternyata-kulit-hewan/. Diakses pada 2018-02-01  Archived 2021-06-19 di Wayback Machine
  17. a b Maryati, Sri. "Manfaat dan Kebaikan Daging Burung Unta Bagi Tubuh". Aryantoid Informasi Kesehatan dan Pengobatan Herbal. https://www.aryanto.id/artikel/id/1700/manfaat-dan-kebaikan-daging-burung-unta-bagi-tubuh. Diakses pada 2018-02-01  Archived 2020-09-22 di Wayback Machine