Namhansanseong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Namhansanseong
Sueojangdaé (Pos paréntah Sueojangdaé)
Sueojangdaé (Pos paréntah Sueojangdaé)
Ngaran Koréa
Hangul남한산성
Hanja南漢山城
Alih Aksara anu DisampurnakeunNamhansanseong
McCune-ReischauerNamhansansŏng

Namhansanséong (tarjamah harfiahnya "Bénténg Pagunungan Han Kidul") mangrupa hiji taman nu luhurna 480m di luhur beungeut laut, nu aya di kidul wétan Seoul. Ieu taman perenahna di Namhansan ("Pagunungan Han Kidul"). Ieu taman boga kubu-kubu pertahanan ti abad ka-17 sarta sebabaraha kuil.

Sajarah[édit | édit sumber]

Dumasar kana carita tradisional, situs Namhansanséong aya patalina jeung Onjo, nu ngadegkeun Baékjé. Dina taun 672, hiji bénténg nu disebut Jujangséong (晝長城) diwangun di juru béh kulon Namhansan keur nangtayungan Silla ti Tang China. Satuluyna ieu bénténg dingarahan Iljangséong (日長城). Raja Goryeo ngabebenah deui ieu bénténg minangka pos panghareupna keur Gwangju, ibu kota propinsi pangdeukeutna.

lolobana bénténg nu aya kiwari tanggalan ti jaman Joseon. Konstruksina dirarancang ku Séo, dina awal taun 1624, nalika Manchu ngancam Ming China. Dina taun 1636, Manchu nginvasi nyababkeun Raja Injo kabur babarengan jeung pajabat karaton katut 13.800 urang wadya baladna ka Namhansanséong. Di dieu maranéhananan mertahankeun diri sahadé-hadéna sarta raja meunang dilindungan ku penjaga nu di antarana aya 3000 urang biarawan tukang tarung. Manchu henteu bisa ngarebut bénténg ku sabab badai, tapi sanggeus 45 poé dikepung, pasokan kadaharan tuluy béak, nu ahirna raja kapaksa pasrah bongkokan, mikeun anak-anakna minangka tawanan sarta pindah kasatiaan ti Ming. Monumén Samjeondo (三田渡碑) diadegkeun di jalan béh kidul ti Séoul ka Namhansanséong pikeun nandaan ieu kajadian.

Sanggeus pasukan Manchu ditarik, Namhanséong diantep tepi ka pamaréntahan Raja Sukjong, nu ngalegaan katut nambahan Pongamséong di juru béh kalér wétan wewengkon bénténg taun 1686. Rohangan tambahan lianna, Hanbongséong, diwangun sapanjang tonggong pasir di béh wétan bénténg taun 1693. Leuwih loba karya lianna nu dijieun mangsa pamaréntahan Raja Yeongjo (1724-76). Pinding panyarandéan kelir kulawu dijieun taun 1778, nalika pamaréntahan Raja Jeongjo.

Taman Propinsi Namhansanseong[édit | édit sumber]

Ieu bénténg henteu dipaké tur laun-laun rugrug taun 1954, satuluyna ieu bénténg ditetepkeun minangka taman nasional sarta dihadéan. Tadina mah, di wewengkon bénténg téh aya salapan kuil sarta sababaraha pos komando katut munara pengintai. Tapi, kiwari mah nu nyésa téh ukur hiji pos komando, nyaéta Séojangdaé (西將台), katut hiji kuil, Changgyéongsa. Aya ogé sababaraha kuil anyar lianna di jalur nu ka gapura béh kidul katut pinding bénténg. Gapura kalér, kidul, katut wétan mah geus dihadéan sakumaha bihari.

Séojangdaé nyaéta tempat cicingna Injo nalika serangan Manchu taun 1636. Sajarah kadua ieu wanunan katambahan taun 1751, nalika ieu paviliun dingaranan Mumangnu (無忘樓), nu hartina "Munara nu Moal Kapopohokeun". Ieu ngaran katingalina mah nujul kana kaéra nu moal bisa kapopohokeun ku pasrah bongkokanana ka Manchu. Kuil Chonggyédang mah tanggalna ti périodeu nu sarua, sarta diwangun pikeun ngahormat Yi Hoe, nu geus salah dihukum minangka tanggung jawabna dina ngawangun bagéan kidul Namhansanséong.

Sajarah nu teu pati penting lianna nyaéta loka saperti Sungnyéoljéon (崇烈殿, dijieun taun 1638) katut Chimgwajéong nu diasosiasikeun jeung pamaréntah Baékjé kuna Onjo. Teu jauh ti pinding béh kulon aya loka Songsu-tap (頌壽塔), nyaéta hiji munara kalayan manuk phoenix tina logam di punclutna, dijieun keur miéling ulang taun Présidén Syngman Rhee nu ka-80 taun 1955. Nalika pamaréntahan Rhee runtag ku ayana Révolusi Mahasiswa taun 1960, ieu monumén diancurkeun. Kahuruan tanggal 2/11/08.

Pemandangan puseur kota Seoul ti pinding bénténg.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Koordinat: 37°28′N 127°11′E / 37.467°N 127.183°E / 37.467; 127.183