Oyong
| Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti. Mangga bantos ngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi. Tag ieu dibéré dina Pébruari 2016 |
| Oyong | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | L. acutangula |
| Ngaran binomial | |
| Luffa acutangula | |
Oyong atawa émés (Luffa acutangula) (basa Indonésia: gambas) nyaéta sayuran buah nu deukeut jeung bonténg, samangka sarta mélon kaasup famili Cucurbitaceae.[1]
Buah oyong wangunna kawas buah bestru (belustru) nu sok dipaké seratna minangka tapas pikeun ngumbah piring.[rujukan?] Bédana, kulit buah oyong rada keusrak sedengkeun bestru mah lemes.[1][2] Sagigireun buahna anu sok di olah salaku sayuran, daunna anu masih ngora/pucuk bisa ogé dimangpaatkeun salaku lalab jeung bahan sayuran.[2]
Déskripsi
[édit | édit sumber]Oyong mangrupa sayuran tropis has Asia.[1] Di sababaraha nagara, oyong leuwih populér ti batan bestru.[1] Dina basa asing, oyong disebut si gua (Cina), patola (Tagalog), hecchima (Jepang), susemi (Koréa), ghonsavala, dadaka atawa turai (India).[1] Oyong biasana ditumis atawa dijieun sop.[1] Daging buah oyong hipu pisan, rasana rada amis lamun masih ngora.[1] Tapi, sanggeus kolot jadi hambar jeung boga harambay di jerona.[1] Aya loba jinis oyong ngan nu teu pait wungkul nu biasana dijadikeun olahan.[1]
Agro ékologi
[édit | édit sumber]Tangkal oyong bisa hirup kalawan subur di daérah anu mibanda suhu 30-35 darajat, ulsh leuwih tiis ti 20 darajat lantaran moah subur jadina.[2] Di tempat anu kasorot langsung ku panon poé, sarta taneuh ngeprul ngandung [keusik]] tuh pH taneuh 6.6-7.5.[2] Ti dataran landeuh nepika tonggohna 500 meter luhureunbeungeut cai laut.[2]
Gizi jeung Mangpaat Oyong
[édit | édit sumber]Saeutik Kalori
[édit | édit sumber]Oyong kaasup sayuran nu saeutik kalori.[1] Ti 100 gram oyong ngan boga kalori 18 kcal.[1] Komponén panglobana dina oyong nyaéta cai nu lobana 94.5g/100g.[1]
Sumber Mineral Fosfor
[édit | édit sumber]Mineral nu panglobana dina oyong nyaéta fosfor kalawan 33 mg/100g.[1] Sanajan jumlahna saeutik, fosfor dina oyong bakal ngarojong kana kabutuhan fosfor dina awak[1]. Fosfor kaasup mineral makro nu diperlukeun awak dina jumlah nu loba.[1] Fosfor dipaké pikeun produksi énergi nu asalna ti kadaharan.[1] Énergi éta dipaké pikeun prosés métabolisme jeung fisiologi awak.[1]
Kagunaan Séjén[3]
[édit | édit sumber]- Hadé pikeun padaharan
- Kagunaan laksatif
- Ngeureunkeun pendarahan
- Nurunkeun reuhak tina saluran napas.
Jumlah Nutrisi dina 100 gram Oyong[1]
[édit | édit sumber]| Komponén Gizi | Jumlah |
|---|---|
| Énergi | 18 kcal |
| Protéin | 0.8g |
| Lemak | 0.2g |
| Karbohidrat | 4.1g |
| Kalsium | 19 mg |
| Fosfor | 33 mg |
| Zat Beusi | 0.9 mg |
| Vitamin A | 380 mg |
| Vitamin B1 | 0,03 mg |
| Vitamin C | 8 mg |
| Cai | 94,5 g |
| BDD | 85% |
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 Lingga, Lanny. 2010. Cerdas Memilih Sayur. Jakarta: AgroMedia Pustaka
- 1 2 3 4 5 Lim, T.K (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. London: Springer Science & Business Media,. hlm. 35. ISBN 9789048186617. Diaksés tanggal (disungsi) 19 Pébruari 2025. Pemeliharaan CS1: Tanda baca tambahan (link) Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda
<<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name. - ↑ Budiman, Doddy. Kristina Sutedjo. 2010. Mencegah dan Mengobati WASIR Segala sesuatu yang harus Anda ketahui tentang Wasir. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama