Mélon

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Mélon
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Order: Cucurbitales
Kulawarga: Cucurbitaceae
Génus: Cucumis
Ngaran binomial
Cucumis melo

Mélon (Cucumis melo L.) nyaéta ngaran buah sakaligus ngaran tangkal nu ngahasilkeuna kaasup kulawarga Cucurbitaceae.[rujukan?] Buahna biasana didahar sagemblengna atawa dijieun sop buah atawa és buah.[rujukan?] Mélon kawengku kulit, daging jeung siki.[1]

Ngaran mélon bisa waé béda di sababaraha wewengkon saperti meloen, kanteloep basa Jérman, melon basa Inggris, bléwah, blewek, bloowak, bloowek, garbis, krai balo, semangka londo basa Jawa sarta bhaloongka, bhaloongkak, krai, semangka belanda basa Madura.[2]

Asal[édit | édit sumber]

Sababaraha literatur nyebutkeun yén mélon asalna ti Lembah Panas, Persia.[rujukan?] Aya nu nyebutkeun ogé ti Turki, sarta aya sababaraha pamadégan nyabutkeun asalna ti India.[rujukan?] Mélon asup ka Amérika nalika ahir abad ka-14.[rujukan?] Colombus mawa ka buana anyar sarta dipelak gedé-gedéan di Colorado, California sarta Téxas.[rujukan?] Satuluyna taun 1535 dipikanyaho dipelak ogé di St. Lawrénce; taun 1565 di Haiti; taun 1584 di Virginia ku Amidos jeung Barlow; taun 1609 di Walungan Hudson; taun 1629 di New England.[rujukan?] Dina katalog McMahon's taun 1809 kacatet 13 rupa buah mélon. di antarana mélon daging héjo sarta daging oranye. Tuluy kapanggih mélon konéng taun 1846.[rujukan?] Sarta sababaraha rupa mélon kapanggih dina taun saterusna saperti;[2]

  1. Mélon Christianism taun 1850;
  2. Sill Hybrid taun 1870;
  3. Surprise 1876;
  4. Ivondequoit, Miller Créam, Netted Gem, Hacken Sack jeung Osage di taun 1881-1890;
  5. Honey Rock jeung Improved Perfecto taun 1933;
  6. Imperial taun 1935 sarta
  7. Mélon Queen of Colorado jeung Honey Gold taun 1939.

Nepi ka kapanggih leuwih ti 27 rupa mélon.[2]

Karakteristik[édit | édit sumber]

Sipat Botani[édit | édit sumber]

Tangkal mélon sarua saperti samangka, nyaéta boga cabang nu loba tapi bulu watang leuwih halus.[rujukan?] Watang mélon leuwih pondok ti batan samangka.[rujukan?] Siki mélon kakumpul di tengah di jero buah sedengkeun siki samangka sumebar dina daging buahna.[1]

Daun jeung Watang[édit | édit sumber]

Daun mélon lega sarta loba cabang, cagakna leuwih pondok.[rujukan?] Watang mélon boga alat pikeun ngarambat ka tangkal séjén atawa témbok.[rujukan?] Aya ogé jenis mélon nu daunna loba lekuk jeung teu loba cabang.[1]

Kembang[édit | édit sumber]

Kembang mélon strukturna berumah satu sarta kelamina tunggal.[rujukan?] Kembang nu muncul kahiji nepi ka lima biasana jalu.[rujukan?] Nyiruan jeung laleur héjo boga peran dina penyerbukan kembang ieu.[1]

Buah[édit | édit sumber]

Buah mélon umumna buleud sanajan aya ogé panjang sarta teu loba cai.[rujukan?] Tipé mélon aya sababaraha rupa saperti warna konéng, héjo atawa bodas semu konéng.[rujukan?] Tapi saenyana tipena lain ditempo tina warna tapi kulitna nu loba jaring, kulit boga jaring tapi teu jelas sarta kulit halus teu boga jaring.[rujukan?] Mélon nu kulitna boga alur di antarana jenis fastoso jeung durine.[rujukan?] Sakabéh buah mélon boga siki loba, kakumpul dina lolongkrang buah nu dibarung ku lendir. Lendir biasana amis, kenyel jeung teu loba cai.[rujukan?] Aya jenis mélon nu kulitna hideung kalawan daging nu warna héjo, misalna tendral verde.[1]

Akar[édit | édit sumber]

Tangkal mélon teu jauh béda jeung samangka, boga akar tunggang jeung akar sisi nu loba sarta jero.[rujukan?] Akar sisi mangrupa serabut nu jumlahna loba, kuat jeung panjang.[1]

Agroékologi[édit | édit sumber]

Tangkal mélon leuwih resep hirup di dataran tengan kalawan suhu nu tiris nyaéta ka luhuran tempat antara 300-1.000 méter di luhur permukaan laut (mdpl). Di dataran handap nu élévansina kurang ti 300 mdpl, buahna bakal leutik sarta dagingna semu garing (kurang cai).[rujukan?] Jenis taneuh andosol atawa taneuh keusik leuwih hadé pikeun ngamekarkeun tangkal mélon kalawan pH 6-7.[1]

Daérah nu tipeu iklimna garing teu dipikaresep ku tangkal mélon.[rujukan?] Tangkal ieu teu toléran ka taneuh haseum (pH rendah) sakumaha samangka.[rujukan?] Dina taneuh nu pHna haseum tangkal mélon bakal leutik tangkalna.[rujukan?] Tangkal mélon leuwih peka ka cai taneuh nu ngaguyumbung atawa kondisi aérasi taneuh kurang alus pikeun tangkal samangka.[rujukan?] Di tempat lembab nu udarana rendah (garing) jeung ka tutup ku tangkal séjén, biasana tangkal mélon teu daék kembang bikangan. Tangkal ieu leuwih resep di daérah kabuka tapi cahya panon poé teu pati panas, kalawan cahya 70%.[1]

Mélon Konéng nu geus dikeureut.

Pembudidayaan[édit | édit sumber]

Tangkal mélon dibudidayakeun ku siki nu geus diseléksi.[rujukan?] Binih ieu diproduksi sacara husus ku cara isolasi tangkal.[rujukan?] Tujuana sangkan nyingkahan penyerbukan silang jeung tangkal jalu nu teu dipikahayang sarta nyegah panyakit ti luar kebon.[rujukan?] Sakabéh binih mélon umumna mangrupa binih hibrida nu diimpor ti Jepang jeung Taiwan.[rujukan?] Cara ngahasilkeun binih mélon sarua jeung samangka ngan mélon leuwih gampang sabab sikina geus ngumpul di tengah.[1]

Hama jeung Panyakit[édit | édit sumber]

Hama nu ngancam tangkal mélon nyaéta kutu konéng (Myzus persicae).[rujukan?] Kutu ieu nyerang daun mélon nepi ka ngagulung ka handap utamana usum halodo. Kutu konéng mangrupa véktor virus mosaik nu dipikasieun ku patani.[rujukan?] Kutu héjo (Aphis gossypii), tungau beureum (Tetranychus sp.), jeung oténg-oténg (Epilachma sp.) jadi hama mélon saperti dins samangka.[rujukan?] Hama-hama ieu bisa disingkahan ku semprotam Temaron 0,2%.[1]

Panyakit nu jadi panghambat usaha tani mélon nu penting nyaéta panyakit layu (Erwinia tracheiphila) sarta buruk di bagéan beuheung akar (Fusarium oxysporum).[rujukan?] Dua panyakit ieu nyerang upama kondisi aérasi di sakuriling tangkal teu hadé (cai ngaguyumbung).[rujukan?] Panyakit mildu tepung (Erysiphe cichoracearum), mildu embun (Pseudoperospora cubensis), sarta bercak buah (Colletrotrichum lagenarium) nyerang tangkan dina suhu tiris jeung lembap. Di usum hujan panyakit daun bisa beuki jadi ancaman panggedéna.[rujukan?] Ku kituna, dina usum halodo tangkal mélon kudu dirawat kalawan inténsif.[rujukan?] Panyakit bisa disingkahan kalawan nyemprot Benlate 0,2%. Panyakit virus mosaik (CMV, Cucumber mozaic virus) nyerang tangkal samangka ogé mélon.[rujukan?] Virus ieu hésé dileungitkeuna.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k Sunarjono, Hendro. 2006. Berkebun 21 Jenis Tanaman Buah. Jakarta: Niaga Swadaya
  2. a b c Tjahjadi, Nur. 1987. Bertanam Melon. Yogyakarta: Kanisius