Pakarang nuklir

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Awan suung tina Bom atom Nagasaki, Jepang, 1945, jangkungna 18 kilométer luhureun hiposénter.

Pakarang nuklir hartina pakarang nu ngahasilkeun kakuatan ngaruksakna tina réaksi nuklir/inti, boh fisi atawa fusi. Hasilna, pakarang nuklir nu kawilang leutik téh jauh leuwih kuat batan bom konvénsional pangbadagna, sahingga hiji bom bisa ngancurkeun hiji kota sagemblengna.

Dina sajarah perang, pakarang nuklir téh kungsi dipaké ukur dua kali, nyaéta dina pamungkasan Perang Dunya II. Nu kahiji lumangsung isuk-isuk 6 Agustus 1945, nalika pesawat AS ngaragragkeun "Little Boy", bom uranium, ka Hirosima, Jepang. Anu kadua lumangsung tilu poé sanggeusna, nalika AS ngaragragkeun "Fat Man", bom plutonium, ka kota Nagasaki. Dipakéna pakarang nu ngabalukarkeun tiwasna 100-200 rébu jalma (malah cenah leuwih) ieu nepi ka kiwari masih jadi kontroversi — antara jumlah korban sipil anu sakitu lobana jeung eureunna perang. Jejer ieu ngahaneutan deui ku ningkatna kasus térorisme nu nelasan rahayat sipil, boh ku pihak nagara atawa lain, nu tujuanana kurang leuwih sarua: nganggeuskeun perang. Pikeun leuwih lengkep ngeunaan ieu padungdengan, mangga aos Bom atom Hirosima jeung Nagasaki.

Ti saprak bom Hirosima jeung Nagasaki, pakarang nuklir téh rébuan kali diujicobakeun, di antarana ku AS, Uni Soviet, Inggris, Prancis, RRC, India, jeung Pakistan. Lian ti nagara-nagara éta, aya ogé sababaraha nagara nu ngaku boga pakarang nuklir, tapi teu pasti bener/henteuna. Misalna Israél, sigana boga program nuklir gedé-gedéan, sarta boga sahanteuna ratusan hulu ledak nuklir (baca Israél jeung pakarang pangruksak masal); sababaraha waktu ka tukang, Koréa Kalér ngaku boga pakarang nuklir; sedengkeun Iran dituduh ku sababaraha nagara Kulon ngembangkeun pakarang nuklir.

Tipe pakarang nuklir[édit | édit sumber]

Dua rancangan pakarang fisi dasar.

Aya dua tipe dasar pakarang nuklir:

  1. Pakarang nu ngahasilkeun énérgi ledakna tina réaksi fisi nuklir wungkul, nu kawentar disebut bom atom. Dina pakarang fisi, massa bahan fisil (uranium nu dibeungharan atawa plutonium) dikemas dina massa superkritis—jumlah bahan nu dipikabutuh pikeun réaksi rantay nuklir éksponénsial—boh ku jalan némbakkeun hiji bagian bahan subkritis ka nu séjénna, atawa ku jalan ngomprés massa subkritis ku bahan peledak nu dituturkeun ku nyuntikkeun neutron pikeun mitambeyan réaksina. Masalah utama dina rancangan pakaang nuklir téh nyaéta dina mastikeun yén suluh nu dipaké geus ampir béak saméméh bitu. Jumlah énérgi nu dileupaskeun ku bom fisi téh kira sapantaran jeung saton nepi ka kira 500 kiloton TNT.
  2. Pakarang nu ngahasilkeun énérgi ledak tina réaksi fusi nuklir, nu kakuatanana bisa leuwih ti sarébu kali bom fisi. Bom nuklir tipe ieu katelah bom hidrogén, bom térmonuklir, atawa bom fusi. Nu boga bom tipe ieu sigana mah ukur aya genep nagara: AS, Rusia, Prancis, Inggris, RRC, jeung India. Gawéna bom hidrogén nuturkeun rancangan Teller-Ulam, nu ngabekaskeun bom fisi dina rohangan husus gigireun suluh fusi. Réaksi fusi dimimitian ku radiasi gamma jeung sinar X tina ledakan fisi nu neken jeung manaskeun kapsul tritium, deuterium, atawa litium deuterida.

Lian ti nu dua éta, aya ogé pakarang nuklir tipe séjén, misalna boosted fission weapon, nu ngaronjatkeun hasil ledakanana tina réaksi fusi nu jumlahna saeutik, tapi lain kaasup bom hidrogén. Aya ogé sababaraha pakarang nu dijieun maké rancangan husus: bom neutron nu ledakanana rélatif leutik, tapi ngabalukarkeun radiasi.

Taktik nuklir[édit | édit sumber]

Misil LG-118A Peacekeeper nu maké sistim kirim MIRV. Unggal misil bisa ngandung nepi ka sapuluh hulu ledak nuklir (kelir beureum), nu masing-masing bisa diarahkeun ka sasaran anu béda. Téhnologi ieu dipaké ngarah hésé ditakis ku nagara musuh.
 Artikel utama: Perang nuklir.

Taktik perang nuklir mangrupa hiji cara boh pikeun ngayonan atawa pikeun nyegah perang nuklir. Kawijakan nyingkahan kamungkinan serangan pakarang nuklir ti nagara séjén ku jalan ngancam serangan nuklir balesan téh katelah salaku taktik/stratégi taméng nuklir (nuclear deterrence strategy). Tujuanana nyaéta pikeun miara status serangan kadua (kabisa males serangan nuklir ti luar ku serangan nuklir deui) jeung kamungkinan ngalumpuhkeun seranganana (kabisa nakis jeung ngancurkeun kakuatan nuklir musuh saméméh diserang).

Sajarah[édit | édit sumber]

Kaayaan Hirosima sanggeus dibom atom taun 1945
 Artikel utama: Sajarah pakarang nuklir.

Pakarang nuklir munggaran dijieun di AS, ku kelompok internasional kaasup élmuwan-élmuwan ti Éropah tengah kalawan dibantu ku Inggris jeung Kanada, dina mangsa Perang Dunya II salaku bagian tina Proyék Manhattan nu dirusiahkeun. Najan tadina mah dijieunna téh alatan sieun kapiheulaan ku Nazi Jérman, tapi tungtungna dipaké pikeun ngabom dua kota Jepang: Hirosima jeung Nagasaki bulan Agustus 1945. Uni Soviet ngembangkeun jeung nguji pakarang nuklir nu munggaran taun 1949, nu pangaweruhna mangrupa hasil telik sandina di AS. Boh AS jeung USSR lajeng ngembangkeun pakarang nu ditanagaan ku fusi nuklir (bom hidrogén) taun 1950-an. Ku kapanggihna téhnologi rokét taun 1960-an, pakarang nuklir téh jadi bisa dikirimkeun ka mana waé.

Cadangan pakarang nuklir AS jeung USSR/Rusia, 1945-2006.

Pakarang nuklir geus jadi lambang kakuatan militér jeung nasional, sedengkeun uji nuklirna mindeng dipaké pikeun nguji rancangan anyar sakaligus ancaman pulitik. Nagara séjén nu ogé ngembangkeun pakarang nuklir, di antarana Inggris, Prancis, jeung Cina. Lima nagara nuklir ieu sapuk pikeun ngawates sumebarna Proliferasi Nuklir ka nagara-nagara séjén, najan sigana mah geus aya sababaraha nagara nu kiwari geus boga kakuatan nuklir (India, Afrika Kidul, Pakistan, jeung Israél). Dina pamungkas Perang Tiis awal 1990-an, Féderasi Rusia kawarisan pakarang ti USSR, nu salajengna, babarengan jeung AS, nyoba ngurangan cadanganana pikeun kapentingan kasalametan internasional. Najan Proliferasi Nuklir diteruskeun, Pakistan justru nguji coba pakarang nuklir munggaranana taun 1998, sedengkeun Koréa Kalér ngaku geus ngembangkeun éta pakarang taun 2004.

Taun kamari, 2005, aya kira 29.000 pakarang nuklir nu disimpen ku sahanteuna tujuh nagara, tapi lolobana mah (96%) aya di AS jeung Féderasi Rusia.

Media[édit | édit sumber]

Baca ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Umum
Sajarah
Balukar
Isu

Citakan:Tehnologi nuklir