Lompat ke isi

Pandémi koronavirus 2019 di Jepang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pandémi koronavirus 2019 di Jepang
Peta kasus ieu dikonfirmasi unggal 100.000 warga dumasar kana préféktur
PanyakitCOVID-19
Galur VirusSARS-CoV-2
LokasiJepang
Kasus munggaranPréféktur Kanagawa
Tanggal mimiti aya16 Januari 2020
AsalWuhan, Hubei, Républik Rahayat Tiongkok
Kasus kakonfirmasi17,740[1](21 Oktober 2025)
Kasus pulih16,008[1](21 Oktober 2025)
Tilar dunya
935[1](21 Oktober 2025)

Pandémi koronavirus 2019 di Jepang mimmiti dikonfirmasi kaayaanana di tanggal 16 Januari 2020. Jepang mangrupa nagara kadua anu ngonfirmasi ayana panyakit COVID-19 di luar Tiongkok saenggeus Thailand.[2] Nepi ka tanggal 17 Maret 2020, geus aya 829 kasus sarta 29 urang anu tilar dunya.[3]

Mimitina

[édit | édit sumber]

Mimitina, kasus koronavirus di Jepang kapanggih ku positipna hiji warga nagara warga Tiongkok di Préféktur Kanagawa di tanggal 16 Januari 2020.[2]

Tuluy di tanggal 13 Pébruari 2020, aya wanoja 80 taun anu tilar dunya ku sabab ieu virus anu dikonfirmasi di Préféktur Kanagawa.[4] Manéhna geus dirawat ti tanggal 1 Pébruari. Salian ti positip koronavirus, manéhna ogé ngidap panyakit séjén anu geus parah.[4] Ieu mangrupa kasus kematian munggaran ku sabab koronavirus di Jepang.[5][6]

Salian ti éta, Jepang mangrupa nagara munggaran anu manggihan kasus pasén anu beunang deui koronavirus saenggeus cageur. Di tanggal 27 Pébruari, wanoja di Osaka ngonfirmasi yén manéhna positip deui saenggeus dirawat tuluy cageur.[7]

Sumebarna virus

[édit | édit sumber]

Saenggeus virus ieu mimiti kakonfirmasi di Osaka di tanggal 16 Januari 2020, virus ieu sumebar di sakabéh wewengkon di Jepang. Anu paling parah nyaéta di Préféktur Hokkaido, préféktur di beulah kalér Jepang. Nepi ka pamaréntah daérah préféktur éta netepkeun kaayaan darurat ti tanggal 28 Pébruari 2020.[8][9][10] Per tanggal éta, tina 214 kasus anu aya di Jepang, 54 kasus asalna ti Préféktur Hokkaido.[11] Pamaréntah daérah préféktur éta ménta supaya warga tetep cicing di imahna séwang-séwangan.[10]

Ieu di handap nyaéta tabél sumebarna kasus koronavirus di Jepang per tanggal 16 Maret 2020.[3]

Préféktur Inféksi
Hokkaido 152
Akita 1
Miyagi 1
Fukushima 2
Gunma 6
Tochigi 2
Ibaraki 1
Saitama 32
Chiba 32
Tokyo 102
Kanagawa 58
Niigata 19
Yamanashi 2
Shizuoka 3
Nagano 4
Ishikawa 6
Aichi 122
Gifu 2
Mie 8
Shiga 3
Kyoto 15
Osaka 108
Nara 4
Wakayama 15
Hyogo 82
Tokushima 1
Kagawa 1
Kochi 12
Ehime 2
HIroshima 1
Yamaguchi 1
Fukuoka 3
Kisah 1
Oita 1
Nagasaki 1
Kumamoto 5
Miyazaki 1
Okinawa 3

Loba pisan dampak anu dihasilkeun tina sumebarna ieu virus di Jepang. Di antarana nyaéta diperékeunna sakola, ti mimiti SD nepi ka SMA, kaitung ti tanggal 2 Maret nepi ka 6 April 2020 sacara nasional.[12] Saacanna, tarékah ieu geus dilaksanakeun ku pamaréntah daérah Tokyo, Osaka, sarta Hokkaido ti tanggal 27 Pébruari 2020.[13]

Pariwisata

[édit | édit sumber]

Kauntungan tina séktor pariwisata nurun ku sabab ayana ieu wabah. Tempat-tempat hiburan saperti Tokyo Disneyland, Tokyo DisneySea, Universal Studios Japan, ditutup saheulaanan.[14][15] Malahan mah féstival kembang sakura anu tadina rék dilaksanakeun usum semi taun ayeuna teu jadi dilaksanakeun.[16]

Olimpiade Tokyo 2020

[édit | édit sumber]

Ti saprak sumebarna ieu virus di Jepang, loba anu ngahariwangkeun lumangsungna gelaran Olimpiade 2020 di Tokyo. Komo deuih wabah koronavirus 2019 ieu geus ditetepkeun jadi pandémi global ku WHO. Ningali tina gelaran acara-acara lianna di sakuliah dunya, saperti kajuaraan-kajuaraan BWF (saperti Swis Open, India Open, Singapore Open, jeung Malaysia Open),[17] MotoGP,[18] sarta Formula 1 anu bedo dilaksanakeun luyu jeung jadwalna.[19] Sanajan kitu, Perdana Menteri Jepang, Shinzo Abe, optimis tur keukeuh yén Olimpiade Tokyo bisa dilaksanakeun luyu jeung jadwal, nyaéta ti 24 Juli nepi ka 9 Agustus.[20] Manéhna geus nyiapkeun sagala rupa sangkan Olimpiade bisa dilaksanakeun tepat waktu.[21]

Tingali ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c "新型コロナウイルス感染症の現在の状況と厚生労働省の対応について(令和2年6月19日版)". 厚生勞動省 (Dina basa Jepang). 19 June 2020. Diaksés tanggal 20 June 2020.
  2. a b "Japan confirms first case of coronavirus that has infected dozens in China". The Japan Times Online (Dina basa Inggris Amerika). 2020-01-16. ISSN 0447-5763. Diaksés tanggal 2020-03-18. Archived 2020-01-27 di Wayback Machine
  3. a b "Coronavirus Cases in Japan by Prefecture". nippon.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2020-03-18.
  4. a b Redaksi. "Bukan China, Jepang Umumkan Korban Tewas akibat Corona". news (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-18.
  5. Media, Kompas Cyber. "Jepang Konfirmasi Kematian Pertama Kasus Virus Corona". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-18.
  6. Mediatama, Grahanusa. "Berita duka, Jepang laporkan kematian pertama pasien virus corona - Page all". kontan.co.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-18.
  7. Christiastuti, Novi. "Kasus Pertama di Jepang, Wanita di Osaka Ini 2 Kali Terinfeksi Corona". detiknews (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-17. Archived 2020-02-29 di Wayback Machine
  8. Mediatama, Grahanusa. "Virus corona menggila, Hokkaido nyatakan keadaan darurat - Page all". kontan.co.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-18.
  9. "Hokkaido Nyatakan Keadaan Darurat Virus Corona". Republika Online. Diaksés tanggal 2020-03-18.
  10. a b "Hokkaido Nyatakan Keadaan Darurat Corona, Penduduk Diminta Tetap Tinggal di Rumah". Warta Ekonomi (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-18. Archived 2020-03-19 di Wayback Machine
  11. Sebayang, Rehia. "Cegah Corona Meluas, Jepang Liburkan Semua Sekolah". news (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-18.
  12. Sebayang, Rehia. "Cegah Corona Meluas, Jepang Liburkan Semua Sekolah". news (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-18.
  13. "Seluruh Sekolah di Hokkaido Jepang Ditutup karena Corona". suara.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-18.
  14. Cahyana, Ludhy. "Begini Pengaruh Virus Corona Terhadap Pariwisata Jepang". Tempo (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2020-03-19.
  15. Liputan6.com. "Tokyo Disneyland dan Sejumlah Tempat Wisata Lain di Jepang Tutup Sementara Akibat Corona". liputan6.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-19. Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
  16. "Dampak Wabah Corona, Festival Bunga Sakura di Jepang Tahun Ini Diriadakan". Liputan6. Diaksés tanggal 19 Maret 2020.
  17. "Dampak Korona, BWF Tunda 4 Turnamen Besar Setelah All England 2020". iNews.ID (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-17.
  18. "Seri MotoGP Dibatalkan dan Ditunda karena Wabah Corona, Para Pembalap Terancam Tidak Dibayar". Tribunnews.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-17.
  19. "Imbas Corona, Gelaran F1 Ditunda Hingga Juni 2020". Warta Ekonomi (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-17. Archived 2020-03-16 di Wayback Machine
  20. "Wabah Virus Corona Mengancam, Jepang Ingin Olimpiade 2020 Tokyo Tetap Diadakan". KOMPAS.tv (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-17.
  21. Media, Kompas Cyber. "Di Tengah Wabah Corona, PM Jepang: Persiapan Olimpiade Tokyo 2020 Jalan Terus". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2020-03-17.