COVID-19

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
COVID-19
Ngaran lian
  • Panyakit pernapasan akut 2019-nCoV
  • Pneumonia koronavirus anyar[1]
  • Pneumonia Wuhan[2][3][4][5]
Symptoms of coronavirus disease 2019 2.0-id.png
Gejala COVID-19
SpesialisasiPanyakit menular, pulmonologi
GejalaDemam, batuk, hésé napas[6]
KomplikasiPneumonia, sindrom gangguan pernapasan akut, gagal ginjal
MusababSARS-CoV-2
DiagnosisPCR, imunoasai, pemindaian tomografi terkomputasi
PencegahanNgumbah leungeun, étika batuk, ngajaga jarak deukeut jeung jelema nu boga COVID-19
Cara ngarawatSimtomatik jeung suportif

Panyakit koronavirus 2019 (coronavirus disease 2019, disingget COVID-2019[7]) nyaéta salah sahiji panyakit népa alatan inpéksi virus SARS-CoV-2[8]. Panyakit ieu munggaran dipanggihan di taun 2019 di Wuhan, China.[9] Ayana virus ieu dimimitian ku ayana salah saurang anu didiagnosis panyakit pnéumonia anu kaayaanna henteu kawas biasana. Dina tanggal 31 Désémber, kantor régional Organisasi Kaséhatan Dunya (WHO) di Béijing narima béja aya pasién ogé ka keunaan panyakit pnéumonia anu henteu dipikawanoh naon anu jadi sababna di kota anu sarua. Ku ayana kajadian éta, panaliti ti Institut Virology Wuhan, ngalakukeun analisis métagonomics keur ngaidéntifikasi virus corona anyar salaku étiologi anu poténsial. Maranéhna nyebutkeun novél coronavirus 2019 (nCoV-2019). Tuluy Pusat Pengendalian jeung Pencegahan Panyakit Amérika Serikat anu ngiluan naliti kana éta virus nyebutkeun ogé novél coronavirus 2019 (nCoV-2019). Dina panalitian éta nepi ka ayeuna ngaran panyakit ieu katelah ku istilah coronavirus disease-19 (COVID-19).[10] Virus ieu kaasup kana superdomain biota, kingdom virus. Kaasup kana golongan virus panggedéna dina ordo Nidoviralés. Kabéh jenis virus anu aya dina ordo Nidoviralés nyaéta non-ségméntéd positive-sénse RNA virusés. Virus corona kaasup kana familia Coronaviridaé, sub familia Coronavirinaé, génus Bétacoronavirus, subgénus Sarbécovirus. Panggolongan virus mimitina dipilih kana golongan-golongan anu dumasar kana sérologi, tapi ayeuna dumasar kana panggolongan filogénétik. Leuwih jauh dijéntrékeun subgénus Sarbécovirus ngawengku Bat-SL-CoV, SARS-CoV jeung 2019-nCoV. Bat-SL-CoV mimitina kapanggih di Zhéjiang, Yunan, Guizhou, Guangxi, Shaanxi, jeung Hubéi, Cina.[10]

Wangun virus[édit | édit sumber]

Virus corona ngabogaan rupa buleud jeung ngabogaan diameter kurang leuwih 125 Nm kawas anu digambarkeun dina panalitian anu ngagunakeun cryo-éléctron microscopy. Partikel virus corona ngandung opat protein structural utama, nyaéta protéin S (spike protéin) anu ngabentuk kawas paku, protéin M (membrane protién), protéin E (envelope protein), jeung protéin N (nucleocapside protéin).[10] Virus ieu nyababkeun pandemi koronavirus 2019-2020 di sakuliah dunya. Jalma anu kaserang panyakit ieu biasana boga gajala muriang, batuk, jeung hésé napas. Sababaraha gajala kawas pilek jeung bersin biasana teu loba dipanggihan.[11] Panyakit ieu bisa nularkeun ti hiji jelema nu geus positif COVID-19 ka hiji jelema nu masih kénéh sehat, ku cara batuk atawa ngaluarkeun napas nu ngahasilkeun droplét atawa ngeclak leutik tina irung atawa baham. Droplét ieu bakalan napel ka jelema nu sehat atawa barang lain, nu poténsi bisa kasingreup atawa napel kana panon, irung atawa baham[12]. Salain népa ku droplét, virus ieu bisa népa lantran pernah papanggih jeung jelema anu saméméhna geus katépaan jeung éta jelema can cageur atawa teu sadar yén manéhna keur katépaan virus corona. Dina sasabaraha kaayaan ngaliwatan hawa (airbone) ogé bisa katépaan. Anu katépaan éta virus, heunteu kapanggihan RNA dina urin jeung serum.[13]

Ngaran julukan[édit | édit sumber]

Dina tanggal 11 Pébruari 2020, Organisasi Kaséhatan Dunya ngumumkeun ngaran resmi panyakit ieu nyaéta "Covid-19." Katerangan leuwih lanjut dijelaskeun ku Tedros Adhanom Ghebreyesus salaku Direktur Organisasi Kaséhatan Dunya, manéhna nyebutkeun kecap "co" nangtung pikeun "corona" (korona), "vi" pikeun "virus", "d" pikeun "disease" (panyakit), tuluy "19" pikeun taun 2019, nandakeun taun mimiti dicirikeunna virus ieu. Tedros nambahan deui, panangtuan pamilihan ngaran ieu berdasarkeun hasil rekomendasi ti internasional supaya kedah ngahindarkeun ayana stigmatisasi atawa rujukan ka lokasi géografis tertentu, spésiés sato atawa kelompok jalma.[14]

Di Indonesia, ngaran Covid-19 kaasup kana akronim, ku kituna panulisanna ngarujuk kana katangtuan tulisan akronim, nyaéta teu nganggo huruf kapital, beda jeung Organisasi Kaséhatan Dunya anu ngagunakeun kabeh huruf kapital (COVID-19).[15]

Sajarah[édit | édit sumber]

Kasus Covid-19 anu nginpéksi ka jalma pang mimitina lumangsung di Wuhan, Hubei, Tiongkok. Numutkeun hasil analisis algoritma filogenetika, virus anu nyebabkeun Covid-19 ieu téh nyebar leuwih awal di Guangdong, sateuacan Wuhan. Panalitian ieu manggihan tilu jenis virus utama nu dibere label A, B, jeung C. Tina tiluanana, jenis A ditetapkeun jadi varian pendiri ku sabab mangrupa versi anu pang sarupana jeung jenis SARS-Cov-2 (ngaran ilmiah ti virus Covid-19) nu asalna ti kalong. Sababaraha ahli ogé ngutarakeun pendapat virus ieu téh asalna nginpéksi kalong tuluy nyebar ka jalma lewat sasatoan anu sanés.[16]

Numutkeun sumber resmi Tiongkok, kamungkinan asal virus ieu aya hubunganana jeung Pasar Grosir Makanan Laut Huanan, anu ogé ngajual sato hirup. Dina Méi 2020, Panaliti ngalakukeun tés sampel sato anu dikumpulkeun ti pasar éta, jeung hasilna négatip. Ieu nunjukkeun pasar éta téh sanés lokasi awal ayana virus, ngan ukur jadi salah sahiji tempat mimiti panyebaran virus anu jauh leuwih loba.[17]

Jurnal médis Amérika Serikat The Lancet anu diterbitkeun Januari 2020 ngalaporkeun gejala awal COVID-19 lumangsung ti tanggal 1 Désémber 2019,[18] sareng parantos ngonfirmasi aya 41 kasus inpéksi virus ti 59 kasus anu dicurigai.[19] Samentara éta, Organisasi Kaséhatan Dunya sacara resmi ogé nyebarkeun informasi gejala awal COVID-19 téh lumangsung ti tanggal 8 Désémber 2019.[18] Dina sababaraha poe sangges eta, kasus inpéksi virus Covid-19 ti jalma ka jalma nyebar ti Wuhan ka kabeh provinsi Hubéi. Salajeungna, loba kota jeung provinsi tatangga nu jalmana katularan ku virus ieu, tuluy nyebar ka sakabeh dunya.[19]

Nepi ka 1 Oktober 2021, média internasional ngalaporkeun total kasus maotna sacara global akibat Covid‑19 téh diperkirakeun nepi ka leuwih ti lima juta jalma. Dampak ieu terjadi ku sabab di sababaraha negara aya nu teu acan divaksin. Leuwih ti satengah ti kabeh kasus maot akibat Covid-19 ieu, terjadi di Amérika Serikat, Rusia, Brasil, Meksiko, jeung India.[20]

Gejala[édit | édit sumber]

Dumasar kana beurat henteuna kasus anu katépaan ku éta virus bisa diwilah-wilah ka sasabaraha golongan nyaéta euweuh gejala, euweuh komplikasi, sedeng jeung beurat atawa pnéumonia beurat; jeung kritis. Golongan anu euweuh gejalaan, anu katépaanna teu kapanggih gejalana. Golongan anu hampang atawa euweuh komplikasi nyaéta ngan saukur kaganggu saluran napasna henteu jeung gejala anu leuwih spésifik kawas muriang, leuleus, batuk, anoréksia, eungap, kongésti irung, nyeri sirah, sebel, jeung utah. Golongan anu sedeng nyaéta anu katépaanna saumuran rumaja nepi ka déwasa jeung pnéumonia tapi henteu beurat jeung henteu ngabutuhkeun supléméntasi oksigén.[13] Virus ieu bisa stabil napel dina wangun aerosol jeung permukaan salila sababaraha jam bahkan bisa nepi ka sababaraha poé. Waktu tahanna éta virus beda-beda tiap jinis bahan, diantarana nyaéta dina wangun aerosol bisa nepi ka tilu jam, opat jam dina tambaga, dua puluh opat jam dina karton jeung dua atawa tilu poé dina palastik jeung beusi nu geus karahaan[21]. Jalma nu geus kapapar ku virus korona, biasana bakalan aya gajala panyakit saanggeus kapapar dua atawa opat belas poé nu dumasar kana waktu inkubasi virus.[22] Ieu sababna dianjurkan jang ngajaga jarak sameter jeung jalma nu positif boga panyakit ieu[12].

Kasus mimiti[édit | édit sumber]

Dina tanggal 1 Maret 2020, mangrupa awal panyakit koronavirus sumebar di Indonesia. Lantaran kapanggih ti warga nu geus interaksi jeung urang Jepang. Harita kénéh, Presiden Joko Widodo nyieun paguneman dina konpérénsi nu sumberna tina Kementerian Keséhatan. Eusi konperénsina éta warga geus beunang ku panyakit koronapirus. Basa harita mimiti diumumkeun aya dua urang anu katépaan di daérah Dépok jeung Jakarta. Dimimitian ku dua urang tuluy nambahan jadi sasabaraha kali lipet jadi 60 pasén anu katépaan atawa positif ka keunaan ku éta virus. Dina waktu anu kurang ti saminggu loba pisan warta-warta anu nagbéjaan yén loba jalma anu kakeunaan ku virus corona. Warta-warta anu aya ka masarakat lolobana ngeunaan perkembangan virus, identitas pasen anu kakeunaan virus, upaya nyegah virus sangkan henteu népa, jeung kamungkinan-kamungkinan anu sakirana bakal kajadian dina unggal widang kawas kaséhatan, ékonomi, jeung sosial. Anu ahirna Indonésia jadi salah sahiji nagara anu ngabogaan jumlah kasus anu katépaan 1528 kasus jeung 138 kasus anu maot. Naekna jumlah pasén anu katépaan, naék kurang leuwih 750x lipet. Ieu warta aya di taun basa mimiti virus corona aya.[23] Kaméntrian Kaséhatan Indonésia loba ngawanti-wanti ka masarakat sangkan kudu ngajalankeun protokol kaséhatan sangkan tingkat katépaan ku virus corona bisa dicegah.

Tahap diagnosis[édit | édit sumber]

Aya sababaraha tahapan anu kudu dilakukeun sacara médis saméméh nangtukeun pasién téh positif Covid-19. Kahiji, Orang Dalam Pantauan (ODP) anu ngalaman panas suhu awakna nepi ka leuwih ti 38℃. Lian ti éta, ngalaman gejala gangguan saluran pernapasan kayaning nyeri tikoro, batuk jeung pilek. Anu kaasup ODP ogé sabab geus indit jauh ti tempat asalna utamana indit ka tempat anu keur keuna ku sasalad Covid-19. Kadua, Pasien dalam Pengawasan (PDP) anu ngalaman Infeksi Saluran Pernapasan Akut (ISPA). Anu leuwih utama PDP mah geus ngalakukeun lalampahan ka tempat anu keuna ku sasalad tuluy sanggeus 14 poé ngalaman gejala anu sarua jeung anu kakeunaan ku Covid-19. Salaku panandes, kaasup katégori PDP lamun geus ngalakukeun kontak erat jeung anu positif Covid-19 salila 24 poé saméméh ngalaman gejala. Katilu, kasus probable anu kaasup katégori undak sanggeus PDP. Sanajan kitu, dina ieu tahapan pasién anu ngalaman gejala Covid-19 can ditangtukeun positif atawa négatifna. Kaopat, kasus konfirmasi anu geus nyata positif Covid-19 anu kudu diubaran kalawan sistem médis anu geus baku.[24]

Tés diagnosis[édit | édit sumber]

Aya sababaraha tahap pamariksaan anu bisa dilakukeun keur nangtukeun diagnosis Covid-19. Kahiji, tés gancang atawa rapid test anu mangrupa pamariksaan awal inféksi sasalad Covid-19 ka pasién anu miboga résiko kakeunaan. Média pamariksaan anu digunakeun nyaéta getih tina ramo atawa pembuluh véna. Hasil ieu tés bisa dipikanyaho dina waktu 15 menit. Hanjakalna, akurasi tés gancang téh rupa-rupa, aya anu 33% nepi ka 93%. Pasién anu kaasup positif sanggeus ngalaksanakeun ieu tés bakal dirujuk ka rumah sakit keur ngalaksanakeun tés PCR atawa tés swab. Tés PCR atawa polymerase chain reaction nyaéta tés nu dumasar kana hasil laboratorium. Ieu tés ngabogaan tujuan muguhkeun hasil diagnosa panyakit Covid-19. Cara mariksana pasién kudu bari diuk tuluy maké sampél lendir, diasupkeun kana irung (nasofaring) mun henteu kana mulut (orofaring). Geus kitu, aya hasil dibawa nyaéta lendir nu tadi. Sampel éta dibawa ka laboratorium klinik. Ku petugas, pasién engké bakal dibéré hasil dina kertas aya henteu éta virus.[1]

Kadua, rapid swab test atawa tés antigén anu ngagunakan cacai anu aya dina tikoro keur média pamariksaanana. Ieu tés miboga udagan manggihan antigén (protéin virus). Hasil pamariksaan bisa dipikanyaho dina jangka waktu 30 menit. Hanjakalna akurasi ieu téh ogé masih kagolong handap nyaéta antara 34% nepi ka 80%. Katilu, Antibody Serology test anu ngagunakeun getih salaku média pamariksaan. Hasil tésna bisa kaluar dina waktu 18 menit kalawan akurasi anu béda-béda gumantung kana iraha pasién ngalaksanakeunana. Kaopat, tés PCR atawa swab test corona anu dipariksana ngaliwatan tikoro jeung irung. Ieu tés bakal meunangkeun matéri génétik virus kalawan tingkat akurasina pangluhurna antara 91% nepi ka 98%. Tina runtuyan tés tadi keur ngayakinkeun hasil tésna bisa ogé dirojong ku tés rontgen dada keur nempi aya henteuna cacai dina bayah jeung CT Scan keur nempo aya henteuna gambaran ground-glass opacity dina bayah.[25]

Nyingkahan Covid-19[édit | édit sumber]

Cara népakeun Covid-19 téh ngaliwatan droplét anu asup kana jero awak ngaliwatan irung, baham jeung mata. Ku kituna, aya sababaraha tindakan anu bisa dilakukeun keur nyingkahan tépana ieu sasalad. Kahiji, mindeng ngumbah leungeun ku sabun atawa handsanitizer kalawan diberesihan ku cai anu ngocor utamana sanggeus ngalakukeun kagiatan. Kadua, maké masker anu nutupan irung jeung baham. Katilu, anggang jeung batur kalayan jarakna minimal saméter keur nyingkahan asupna droplét ti jalma anu batuk atawa beresin. Kaopat, ngawatesanan diri tina interaksi atawa kontak jeung batur anu teu kanyahoan status kaséhatanana. Kalima, gancang mandi jeung ngaganti baju sanggeus indit saméméh interaksi deui jeung anggota kulawarga. Kagenep, ngaronjatkeun daya tahan (imun) atawa kakuatan awak ku cara ngalarapkeun kabiasaan hirup beresih jeung séhat. Lian ti sacara médis, aya ogé cara séjén anu bisa dilaksanakeun nyaéta ku cara ngokolakeun kaséhatan jiwa jeung psikososial anu pamustunganana keur ngajaga kondisi émosi sangkan terus positif, saperti ngaronjatkeun rasa gumbira, ngajauhan rupa-rupa warta anu teu pikagenaheun, silih méré rojongan jeung salawasna komunikasi anu matak ngaronjatkeun sumanget nyanghareupan sasalad Covid-19.[26]

Épék Samping Sabada Keuna Covid-19[édit | édit sumber]

Kalolobaan jalma anu keuna ku panyakit COVID-19 téh bisa cageur sapinuhna. Tapi dina bukti-bukti anu kapanggih kiwari, nuduhkeun yén 10-20% jalma anu kungsi kakeunaan ku COVID-19 téh ngalaman rupa-rupa épék samping, boh dina jangka menengah atawa jangka panjang. Kondisi ieu téh ilahar disebut kondisi bada COVID-19. atawa aya ogé nu nyebut "covid panjang".[27]

Pikeun gegedéna jalma anu cageur sacara total mah bisa normal deui dina waktu anu gancang, tapi ari anu ngalaman épék samping mah masih ngarasakeun rupa-rupa masalah dina awakna. Upamana lalungsé, sesek napas, sarta ngalaman disfungsi kognitif , di antarana ngalaman rasa bingung, pohoan, kurang pokus jeung lemah méntal. Malah di antarana aya nu ngalaman épék psikologis anu mangrupa bagian tina kondisi sabada kakeunaan ku COVID-19.[28]

Sajaba ti kitu, anu kakeunaan COVID -19 kalayan gejala anu beurat, sakapeung sanggeus cageurna ngalaman épék samping multiorgan atawa kondisi autoimun sabada sababaraha minggu atawa sababaraha bulan sabada kakeunaan virus. Épék multiorgan sorangan bisa mangaruhan kana sabagian gedé sistem awak, kaasup jantung, pari-paru, ginjal, kulit, jeung otak. Kondisi aotoimun lumangsung nalika sistem daya tahan awak teu ngahaja nyerang sél séhat dina awak, nu ahirna ngabalukarkeun radang, sarta aya kamungkinan ruksak dina sabagian jaringan awak. Akibat tina kondisi éta, aya kamungkinan bisa ngalaman sindrom multisistem atawa Multisystem Inflammatory Syndrome (MIS).[29]

Gejala-gejala éta aya kamungkinan terus karasa dina waktu nu panjang, sarta panyakitna bisa kanceuh dina waktu-waktu nu tangtu, gumantung kana aktivitas jeung kabiasaan sapopoéna.

sajaba ti kasakit anu ditataan di luhur, épék samping séjénna, sabada kakeunaan ku COVID-19, di antarana aya:

  • Batuk
  • Nyeri dada
  • Nyeri beuteung
  • Nyeri sirah
  • Ratug jajantung
  • Nyeri awak
  • Lieur nalika nangtung
  • Panas tiris
  • Robahna waktu kareseban
  • Arateul, Jrrd.[29]

Paktor résiko ayana épék jangka panjang COVID-19 masih acan bisa kanyahoan kalayan jelas. Nurutkeun Carvalho-Schneider et al, épék jangka panjang COVID-19 aya patalina jeung umur, riwayat perawatan di rumah sakit nalika masih parah, gejala beurat COVID-19, dispnea, jeung auskultasi abnormal.[30]

Épék Jangka Panjang Sacara Umum[édit | édit sumber]

Awak lalaungsé mangrupa gejala umum anu paling sering karasa. Hasil data Carfi et al, anu dilakukeun panalungtikan ka 143 pasén nu kungsi dirawat, nuduhkeun 53% pasén ngalaman ieu gejala. Panalungtikan anu sarua ogé dilakukeun di Perancis, ku Garrigues et al, nuduhkeun hasil 55 % ngalaman gejala anu sarua, hasil ieu téh tina 120 pasén. Sedengkeun di Inggris mah tina 100 pasén, gejala awak lalungsé téh leuwih loba kaalaman ku pasén nu dirawat di ICU (72%) sedengkeun pasén nu dirawat di bangsal ukur 60% . Babandingan lalaungé antara awéwé jeung lalaki 54,3% banding 29,6%. [30]

Épék Jangka Panjang kana Sistem Kardiovaskular[édit | édit sumber]

Miokarditis jeung aritmia disebut-sebut bisa kajadian sabada COVID-19. Studi kohort observasional di Jerman nuduhkeun yén tina 100 pasén nu cageur tina COVID-19, 78 % nuduhkeun abnormalitas tina hasil pamariksaan cardiac magnetic resonance (CMR), anu mana, 60%-na mangrupa implamasi miokardium. Lolobana pasén dina studi Puntmann et al ieu téh simtomatik atawa gejalana ringan nepi ka sedeng, kalayan satengah sésana perlu di rawat di rumah sakit sabab inpéksina parah.[30]

Panalungtikan ku Huang et al dina 26 pasén nu geus cageur tina COVID-19 sarta ngalaman gejala kardiovaskular ogé nuduhkeun abnormalitas dina pamariksaan CMR. Sajumlah 15 tina 26 pasén nuduhkeun edema miokardial. Sajaba ti éa, pasén kalayan abnormalitas CMR ogé, nuduhkeun turunna pungsi ventrikel katuhu, upamana fraksi ejeksi, indéks jantung, jeung stroke volume. Tapi jumlah sémpel panalungtikanna ukur sautik.[30]

Épék Jangka Panjang kana Sistem Réspirasi[édit | édit sumber]

Sesek napas anu ringan atawa anu beuki beurat mangrupa salah sahiji gejala umum anu kaalaman ku 2/5 pasén bangsal, jeung 2/3 pasén ICU. Studi Perancis nyindekeun yén pasén nu dirawat nalika COVID-19, umumna ngabogaan gejala nu tetep, kaasup dispenea nu nepi ka 42%.[30]

Épék Jangka Panjang COVID-19 kana Sistem Respirasi. Pasén riwayat rawat inap di ICU, riwayat ngagunakeun ventilator, panyakit premorbid paru, umur kolot, jeung body mass index (BMI) luhur bisa disebut ngabogaan resiko gedé pikeun ngalaman sesek napas nu netep. Padoman ti British Thoracic Society nyarankeun radiografi dada pikeun tilu bulan sabada pasén kaluar ti rumah sakit sabada COVID-19.[30]

Hasil panalungtikan Zhao et al nuduhkeun yén tilu bulan inpéksi parah, 14, 55% pasén ngalaman dispenea. Computed tomography resolusi tinggi (HRCT) sanggeus 3 bulan nuduhkeun abnormalitas kana 39 pasén (70,91%), kalayan gambaran paling umum mangrupa fibrosis jeung penebalan interstisial.[30]

Épék Jangka Panjang kana Sistem Saraf[édit | édit sumber]

Dina tahapan parah COVID-19, kira-kira 36% pasén ngalaman gejala neurologis upamana lieur, nyeri sirah, gangguan kasadaran, jeung kejang. DIna kasus nu ringan nepi ka sedeng, ngalaman gangguan leungitna aambeuan jeung pangrasa létah. Épék jangka panjang COVID-19 kana sistem sarap diakibatkeun ku opat mékanisme patogenik anu aya kamungkinana nyaéta ensefalitis viral sacara langsung, inflamasi sistemik, disfungsi organ perifer (haté, ginjal, paru), jeung parobahan serebrovaskular.

Gejala neurologis anu umum dilaporkan sabada kakeunaan COVID-19 nyéta gangguan kognitif (brain fog), nyeri sirah, gangguan saré, lieur, delirium, jeung neuropati perifer.[30]

Rupa-rupa vaksin[édit | édit sumber]

Pamaréntah Indonésia dina Januari 2021 geus ngayakeun program vaksin kanggo rakyat nu loba jenisna. Dimimitian ku Presiden Jokowi, salaku pihak nu paling kahiji disuntik vaksin jenis Sinovac[31] Ieu vaksin gumantung kana nagara nu nyieun, kawas Sinovac meunang nyieun Cina, AstraZeneca meunang nyieun Inggris, jeung sajabana. Ku kituna tepi ka ayeuna loba vaksin nu disuntikkeun ngarah bisa nguatkeun imun. Salah sahiji ciri jelema anu kuat teu beunang COVID-19 nyaéta boga imun anu kuat. Imun nu teu babarian beunang ku virus COVID-19 salah sahijina aya dina vaksin, nu jenisna:Vaksin BioNTech, Pfizer

Vaksin CanSino

Vaksin CoronaVac/Sinovac[édit | édit sumber]

Vaksin dijieun ku Sinovac Biotech Ltd. dingaranan CoronaVac mangrupa jinis vaksin anu teu aktip. Ieu ngandung harti yén vaksin ngandung patogén anu geus dipaéhkeun, sahingga bisa ngarangsang formasi sistim imun tanpa ngabalukarkeun panyakit. Vaksin Sinovac dirumuskeun dina dua dosis kalayan interval minimum 28 poé unggal érék disuntikeun.[32]

Vaksin Janssen[édit | édit sumber]

Vaksin Janssen ogé dipaké pikeun kelompok umur 18 taun atawa leuwih, carana méré dosis tunggal atawa hiji suntikan. Dina tahap awal ieu, vaksin Janssen bakal disebarkeun ka wewengkon aglomerasi di Pulo Jawa, di mana cakupan vaksinasi masih handap atawa rendah. Vaksin Janssen diproduksi ku pausahaan farmasi Janssen, bagian tina Johnson & Johnson. Vaksin Janssen eunggeus meunang ijin panggunaan darurat atawa EUA (Otorisasi Penggunaan Darurat) ti POM tanggal 7 Séptémber 2021 tuluy bakal dipaké pikeun masarakat umum minimal umur 18 taun atawa leuwih sarta dosis tunggal 0,5 ml. Pangiriman 500 rébu dosis vaksin Janssen téh katilu kalina hasil gawé babarengan antara Indonésia jeung Walanda. Saméméhna, Indonésia geus narima 657.000 dosis vaksin AstraZeneca ti Walanda salaku bagian tina komitmen babagi dosis ti Walanda 3 juta dosis.[33]

Vaksin Moderna[édit | édit sumber]

Vaksin korona Moderna diklaim ngabogaan éféktivitas 94,5 persén. Vaksin dumasar kana mRNA, anu dipaké ngainstruksikeun sél pikeun protéin linjakan, ku kituna awak bisa ngahasilkeun réspon imun jeung neundeun inpormasi.[32]

Pfizer Nyarita sarta BioNTech[édit | édit sumber]

Pfizer sarta BioNTech ogé ngabogaan ljin pamakéan darurat ti BPOM tanggal 15 Juli 2021. Duanana vaksin ieu ngaku ngabogaan éféktivitas 95 persén pikeun nyegah virus korona, jeung henteu nyababkeun résiko épék samping anu signifikan. Vaksin Pfizer bisa dibéré dina dua suntikan kalayan interval antara dosis 21-28 poé.[32]

Vaksin Novavax[édit | édit sumber]

Vaksin anu diproduksi di India, ngagunakeun téhnologi anu béda ti vaksin Corona anu lain. Novavax, anu bisa disuntikeun dina dua dosis, ngandung protéin pikeun mawa fragmén koronavirus anu teu bahaya pikeun ngahasilkeun réaksi imun.[32]

Vaksin Oxford, AstraZeneca[édit | édit sumber]

Vaksin COVID-19 anu dijieun ku pausahaan farmasi Inggris AstraZeneca jalanna ku mawa protéin spike kana sél awak, ku kituna sél bisa maca jeung nyieun salinan protéin spike. Sistim imun tuluy ngalawan virus SARS-CoV-2. Sarupa jeung Sinovac, vaksin AstraZeneca ogé dibéré dua suntikan kalayan interval 12 minggu antara dosis hiji ka dosis anu kadua.[32]

Vaksin Sinopharm, BBIBP[édit | édit sumber]

Vaksin ieu dijieun ku China National Pharmaceutical Group Corporation ogé mangrupa vaksin teu aktip nu ngarangsang sistim imun tampa résiko ngabalukarkeun kasakit. Sinopharm bisa disuntikeun dina 2 dosis kalayan interval 3-4 minggu.[32] Panyimpenan vaksin Sinopharm dilaksanakeun ku petugas vaksin nurutkeun prosedur operasi standar, anu disimpen dina kulkas vaksin (kulkas khusus pikeun vaksin), kalayan suhu 2-8 ° C, jeung ditangtayungan tina sinar panonpoé langsung. Sanajan eunggeus divaksin, kudu tetep taat kana protokol kaséhatan 3M, nyaéta ngagunakeun masker, ngajaga jarak jeung ngahindarkeun balaréa atawa kurumunan, sarta ngumbah leungeun ku sabun jeung cai.[34]

Vaksin Sputnik-V[édit | édit sumber]

Vaksin Sputnik V dilisénsikeun ku BPOM pikeun dipaké dina kelompok umur 18 taun atawa leuwih. Vaksin ieu dikaluarkeun ku suntikan intramuskular 2 kali kalayan bentang 3 minggu. Vaksin Sputnik ngagunakeun adénovirus 26 jeung adénovirus 5, anu kagolong kana kelompok virus anu nyababkeun inféksi pernapasan, salaku véktor protéin pikeun virus Corona. Véktor sorangan nyaéta virus anu dimodifikasi sangkan bisa asup kana sél awak manusa tapi teu bisa baranahan. Véktor Adénovirus 26 jeung adénovirus 5 dipaké pikeun ngangkut potongan bahan génétik virus Corona ka awak anu narima vaksin.[32]

Convidencia[édit | édit sumber]

Vaksin Convidecia nyaéta vaksin anu dikembangkeun ku CanSino Biological Inc. jeung Beijing Institute of Biotéhnologi anu ogé vaksin véktor maké Adénovirus. Vaksin ieu ngabogaan ijin pamakéan darurat ti BPOM jeung bisa dipaké dina kelompok umur 18 taun atawa langkung ku cara méré hiji suntikan atawa sadosis.[32]

Zifivax[édit | édit sumber]

Zifivax mangrupa vaksin anu dikembangkeun jeung diproduksi ku Anhui Zhifei Longcom Biopharmaceutical kalayan platform sub-unit protéin rékombinan. Vaksin ieu bisa dipaké pikeun jalma anu ngabogaan umur minimal 18 taun atawa leuwih salaku panyalindungan tina virus SARS-CoV-2. Vaksin Zifivax disuntikeun atau dibéré dina 3 suntikan kalayan interval 1 bulan ti suntikan kahiji ka suntikan saterusna.[32]

Di Indonésia, nu loba dipaké jang masyarakat nyaéta vaksin Sinovac. Pamaréntah, ceuk Menteri Kasehatan Budi Gunadi Saidin, sabenerna mah aya 7 produk vaksin nu disebar nyaéta ti Bio Farma, AsraZeneca, Novavax, Pfizer, Moderna, jeung Sinopharm. Vaksin nu jadi dipaké teu bisa sambarangan sabab kudu nyaliwatan skéma nu geus dipuguhkeun ku pamaréntah. Budi Gunadi Sadikin negeskeun yén kritéria vaksin perdana pinilih jenis Sinovac. Dina alesan ieu pamaréntah ngerujuk kana syarat lulus WHO jeung disatujuan ku BPOM. Geus kitu, perusahaan nu asalna ti Cina éta méré kasanggupan bisa nyieun finalna kanggo rakyat Indonesia. Dumasar kana proses skema nu ketat, vaksin jadina mah aya 4 nu dipaké tepi ka disuntikkeun ka seluruh rakyat Indonesia, ku sabab aya 4 vaksin jadina unggal jelema bisa béda dosis, kumaha jenis nu sadia di puskésmas atawa rumah sakit daérahna masing-masing.[35]

Mimitina disuntikkeun, vaksin Sinovac boga batas yuswa antara 18 tepi ka 59 taun. Syarat éta dumasar kana hasil uji klinis ti pihak Sinovac anu boga klaim geus nyieun uji klinis ogé ka masyarakat yuswa leuwih ti 60 taun di Brazil. Salain tina Sinovac, pamaréntah ngusahakeun vaksin jenis séjén. Pfizer jeung AstraZeneca contona, sarua ogé mimiti dikirim ngan bisa ka yuswa leuwih ti 18 taun. Matak peserta vaksin teu waka bisa disuntik tepi ka aya uji klinis nu puguh bisa jang budak nu kurang ti 16 taun.

Salian tina vaksin nu geus jadi, pamaréntah mangmikirkeun ngarah ieu rakyat bisa boga imun nu kajaga. Carana, nyadiakeun vaksin curah nu lobana 140 juta dosis. Bisa ogé nambahan 120 juta dosis deui lamun engké dibutuhkeun.[36] Poe Jumaah, 4 Maret 2022 vaksin di Indonésia geus aya dina angka 70,38% sarua jeung 146.577.204 dosis. Angka éta tina jumlah 208.265.720 penduduk. Pamarentah terus ningkatkeun target pikeun bisa numutkeun target ngurangan COVID-19.

Program vaksin bisa ngurangan angka nu beunang ieu virus. Bisa ditenjo tina angka pasien di rumah sakit anu tuluy turun, dina sasih Maret 2022 pasien rumah sakit saukur 31%. Nu matak vaksin jadi tolak ukur usaha nurunkeun COVID-19 sabab geus leuwih ti 70% jelema nu geus narima dosis tepi ka 1 jeung 2. Eta 70% diitung ti sakabeh penduduk di Indonesia. Teu cukup dosis ka-2, pamarentah masih ningkatkeun dosis ka-3 sangkan bisa ditarima merata ti mimiti jarak 3 sasih saanggeus dosis ka-2.[37]

Panyakit COVID-19 Ka Budak[édit | édit sumber]

Tanda jeung gejala COVID-19 anu keuna ka budak hésé dibédakeun tina panyakit saluran pernapasan. Gejalana bisa katempo tina batuk jeung pilek anu sarua jeung salésma, dibarengan atawa henteu dibarengan ku muriang. Ilaharna gejala COVID-19 ka budak bakal hampang jeung ngaleungit sorangan. Panyakit saluran pernapasan bakal bahaya lamun jadi radang paru-paru, nu sok disebut pneumonia. Gejala pneumonia nyaéta muriang, batuk, jeung hésé napas anu dicirikeun ku napas gancang jeung sesek napas. Data ngeunaan panyakit COVID-19 nu keuna ka barudak di handap umur lima taun can lengkep, tapi hiji jurnal nyatakeun yén kasus COVID-19 dina budak umur 0-9 taun di Républik Rahayat Tiongkok nyaéta aya 0,9%, Koréa Kidul 1% sareng Italia 0,6%. [38]

Cara nyingkahan panyakit COVID-19 ka budak[édit | édit sumber]

Cara nyingkahan panyakit COVID-19 ka budak bisa dilakukeun ku cara méré pamahaman ka budak pikeun ngalakukeun kagiatan bebersih di imah, nyaéta:[38]

  1. Jelaskeun prinsip jaga jarak pisik, ngajaga jarak sahenteuna 1,5 méter ti jalma lian.
  2. Biasakeun budak supaya leuwih sering ngumbah leungeun ku cai beresih jeung sabun, nyaéta saméméh dahar, sanggeus ti kamar cai, saméméh jeung sanggeus ngalakonan kagiatan (ulin, nyabak sato, jsb). Pamakéan hand sanitizer ngan ukur alternatif lamun cai jeung sabun henteu aya. Contona mun budak keur jauh tina tempat ngumbah leungeun.
  3. Ngingetkeun barudak ulah gigisik panon, irung jeung baham saméméh ngumbah leungeun ku sabun, maké cai ngocor.
  4. Maké masker (masker lawon) lamun budak kaluar ti imah pikeun nyegah panularan panyakit tina batuk jeung bersin.
  5. Mandi, angir buuk jeung ganti baju budak, lamun nepi ka imah sanggeus ulin ti luar.
  6. Beresihkeun barang-barang anu sok dicabak jiga parabot, gagang panto, cocooan, gadget jeung anu lainna maké disinféktan sacara teratur.
  7. Kolot kudu ngajarkeun budak pikeun nerapkeun prakték nyingkahan inféksi maké metode anu pikaresepeun, misalna ngumbah leungeun maké cai beresih jeung sabun sabari ngalagu pikeun latihan ngumbah leungeun, atawa make kokosok sabun salila sahenteuna 40-60 detik. Béré hadiah pikeun budak nu sering ngumbah leungeun. Tong poho ajarkeun budak tata krama bersin jeung batuk maké bonéka pikeun nembongkeun gejala bersin jeung batuk, sarta ajarkeun pikeun nutupan baham make siku nalika bersin atawa batuk. Ajarkeun ogé budak ngumbah leungeun saméméh jeung sanggeus maké masker. Pastikeun maskerna nutupan baham, irung jeung gado. Hindarkeun budak noél masker nalika dipaké, titah budak pikeun ngumbah leungeun maranéhna lamun nyabak masker. Leupaskeun masker ku cara noél talina, terus langsung ngumbah leungeun.

Vaksin COVID-19 ka budak jeung rumaja[édit | édit sumber]

Luyu jeung rékomendasi pamaréntah, budak umur 12-17 taun ayeuna geus bida divaksinasi COVID-19. Vaksinasi kudu ditunda jeung kudu ménta konsultasi heula ka patugas kaséhatan lamun budak ngabogaan kaayaan khusus siga kieu:[39]

  1. Harééng 37,5 darajat celcius atawa leuwih.
  2. Cageur tina COVID-19 kurang ti 3 bulan.
  3. Disuntik imunisasi nu lain kirang ti 1 bulan.
  4. Boga panyawat hipertensi, diabetes mellitus, panyakit kronis, gangguan bawaan, kakurangan imun primér, kasakit otoimun.
  5. Boga sindrom Gullian Barre, Mielitis Transverse, Encephalomyelitis Demyelinating anu parna.
  6. Budak anu boga panyawat kanker nu keur kémoterapi/radioterapi.
  7. Budak nu narima immunosuppressant parna atawa perlakuan cytostatic.

Léngkah-léngkah anu kudu dilakukeun lamun budak kontak deukeut jeung pasén COVID-19[édit | édit sumber]

Kontak deukeut [39] hartina budak pernah deukeut jeung pasén COVID-19 atawa jalma nu boga gejala COVID-19 dina jarak 1 méter salila 15 menit atawa leuwih atawa budak anu pernah kontak pisik langsung jeung pasén COVID-19 atawa kontak deukeut jeung jalma anu ngabogaan gejala COVID-19 (siga sasalaman, nyabak leungeun, nangkeup, ngagandong jsb.)

Léngkah-léngkah nu kudu dilakukeun lamun budak kontak deukeut jeung pasén COVID-19:[39]

  1. Budak kudu langsung diisolasi mandiri.
  2. Laporkeun ka Puskésmas nu pangdeukeutna.
  3. Puskésmas bakal nyarankeun sangkan sagancangna ngalaksanakeun pamariksaan swab PCR atawa swab antigén. Kolot ogé bisa mawa budak ka laboratorium/pasilitas nu nyadiakeun PCR/pamariksaan swab antigén. Lamun hasilna negatip, teruskeun isolasi mandiri.
  4. Lamun hasilna positip teruskeun isolasi mandiri numutkeun kana paréntah ti puskésmas/tanaga kaséhatan lokal.
  5. Lamun hasilna positip kénéh, laporkeun deui ka Puskésmas terus isolasi mandiri.

Kaayaan budak anu kudu diisolasi mandiri[39][édit | édit sumber]

Budak nu positip COVID-19 kudu diisolasi mandiri lamun: minuhan kritéria pikeun kontak deukeut jeung pasen Covid-19; budak anu positip COVID-19 tapi euweuh gejala; budak anu positip COVID-19 kalayan gejala anu hampang saperti muriang, batuk, nyeri tikoro, nyeri sirah, seueul jeung utah, diaré, leuleus, anosmia/teu bisa ngambeu, ageusia/leungit pangecap, kulit bareureum, saturasi oksigen leuwih ti 95%; budak anu positip COVID-19 tapi teu boga komorbiditas (comorbidities) siga obesitas, kanker, panyakit ginjal kronis, otoimun, gangguan bawaan, panyakit jantung, diabétes/diabétes méllitus, panyakit paru-paru anu parna; atawa gumantung kana diagnosis patugas kaséhatan.

Kaayaan budak anu positip COVID-19 kudu diisolasi mandiri di puseur isolasi / rumah sakit[39][édit | édit sumber]

Budan nu positip COVID-19 teu bisa diisolasi di imah lamun aya awéwé nu keur hamil di imah, aya jalma sepuh/geus kolot di imah, budakna ngabogaan komorbid atawa kaayaan imah teu hade pikeun isolasi mandiri. Alesan nu lain nyaéta teu bisa minuhan sarat séjén jang isolasi mandiri sarta hésé aksés ka pasilitas kaséhatan boh komunikasi jeung jarakna jauh.

Hal-hal anu kudu dipersiapkeun nalika budak positif Covid-19 kudu diisolasi mandiri:[39][édit | édit sumber]

  • Perhatikeun kaayaan ruangan isolasi mandiri. Ventilasi atawa jalur hawa jeung cahaya kudu alus (caang). Kamar mandi kudu misah, lamun teu bisa kamar mandi kudu rutin dibéré disinfeksi. Alat paranti, alat paranti dahar jeung tempat saré ogé kudu dipisah antara budak jeung pangasuh. Tempat saré kudu dibéré jarak sahenteuna 2 méter jeung jalma anu ngasuh. wadah runtah kudu katutup sarta sadiakeun tempat ngumbah leungeun jeung masker samahinya.
  • Sadiakeun parabot kaséhatan mangrupa alat paranti ngukur suhu awak (thermometer), méter saturasi oksigén (oximeter) jeung méter laju napas (jam);
  • Sadiakeun ubar, mangrupa ubar hareeng nyaéta Paracetamol, multivitamin siga Vitamin C, Vitamin D3, jeung Zinc atawa jenis ubar nu lain nurutkeun kana rekoméndasi dokter.
  • Perhatikeun pangasuh budak. Jalma anu bisa ngarawat budak nyaéta kolot atawa pangasuh anu négatip COVID-19 kalayan ngalaksanakeun protokol kaséhatan. Pangasuh disarankeun kolot atawa pangasuh anu lain, salian ti sepuh atawa manula, jeung teu boga panyakit bawaan/komorbiditas. Lamun aya anggota kulawarga anu positif, bisa diisolasi babarengan jeung budak éta. Sadiakeun rojongan psikologi jang budak. Lamun kolot jeung budak béda status COVID-19 na, disarankeun pikeun méré jarak tempat saré, saeutikna 2 méter dina kasur anu misah. Kolot atawa pangasuh anu milu diisolasi mandiri disarankan ulah digonta-ganti (kudu angger).

Pangaruh Covid-19 dina mangpirang-pirang widang[édit | édit sumber]

Sakumaha ti payun, Covid-19 marupakeun hiji makhluk sabangsaning virus nu sumarambah nyalabarkeun panyakit ka sakuliah alam dunya sangkan jadi pandemi. jalaran kitu pangaruhna sanés wungkul dina widang kasihatan balikan tah ngajadi gantar kakaitan sareng mangrupi-rupining aspek kahirupan jalma, di handap ieu dibabarkeun sababaraha aspek anu kagebag ku ayana Covid-19 téa. diantawisna:

Pangaruh Covid-19 ka UMKM di Indonésia[édit | édit sumber]

Ti kawit ngamimitian sumarambahna virus Korona omset para praktisi UMKM kacaturkeun turun kalayan signipikan. teu sakedik lapangan UMKM anu teu weléh katumibaan ku dampakna kayaning UMKM nu purah nyugemakeun layanan Akomodasi, Pariwisata, kadaharan jeung inuman, tukang dagang skala luhur jeung écéran. sarta réparasi motor, katut transportasi. numutkeun data P2E LIPI gedéna dampak turunna pariwisata kana UMKM nu ngeureuyeuh dina widang dahareun katut inumeun ngajeblag kana kisaran angka 27%. sedengkeun dampak usaha leuleutikan dina widang nu sarupa nicak kana 1,77% sareng usaha pertengahan aya dina angka 0,07%. ladang usaha séjénna nu sarua kapangaruhan diantarana kawas karajinan kayi tur rotan mikro nincak 17.03%. kanggo usaha leuleutikannana kabetrik kana 1,77% sareng nu pertengahan 0,01%. ogé Konsumsi rumah tangga nurun 0.5% dugi 0,8%. salian ti éta, Perkembangan digital globalisasi banget mangaruhan kana pasar ritél. Hasil panalungtikan nétélakeun yén UMKM téh sektor anu pangbadagna kaoyag ku Pandemi diantawisna industri automotif, industri baja, pakakas listrik, industri tekstil, kerajinan jeung alat berat, ogé pariwisata. sedengkeun UMKM anu kawasa survival nyaéta UMKM nu bisa adaptasi ngalakonan inovasi, UMKM nu ngamanpaatkeun Marketing digital, sésana nyaéta industri nu aya kakaitannanan jeung kabutuhan dasar manusa kayaning listrik, cai, hasil tani, hasil ingonan, kekebonan, lalaukan, otomotif sareng perbankan. anapon Industri nu nguliat ngarandapan perkembangan diantawisna pangan, farmasi, teknologi informasi jeung Komunikasi. {sfn|Rosita|2020|p=109}}

  • Rosita, Rahni (2020). Pengaruh pandemi Covid-19 Terhadap UMKM Di Indonesia. Jakarta: Jurnal Lentera bisnis. 

Pangaruh Covid-19 dina widang Olahraga di Indonesia[édit | édit sumber]

dampak virus korona dina widang ieu kayaning ditundana ajang pasanggiri olahraga kawas otomotif, sepak bola, golf, tenis, balap sapeda, olimpiade, Bola basket, rugby, atletik, jeung biliyard. hasil survey némbongkeun yén kota nu rék ngalaksanakeun ajang kelindih ku krisis duit sabab Pandemi, kayaning ditundana PON 2020 Papua sarta Kompetisi liga 1 di Indonesia. namung kota piribumi nu ngayakeun ajang pasanggiri téa kalayan nimu kaépiyah anyar nyaéta program pelatihan berbasis web nu jadi titik timu kanggo para penggiat katut komunitas olahraga. Salian ti éta Para ahli sinareng pamaréntah méré saran pikeun rumaksa kana kaséhatan jasmani kalawan ngalaksanakeun mangpirang-pirang rupining olahraga anu aman, basajan katut gampang tur hampang dipilampahna di rorompok séwang-séwangan ambéh bisa ngurangan kana kontak pisik ka balaréa sarta ngoréjatkeun kabugaran jasmani. jinis-jinisna latihan nu hadé pikeun dipilampah téh kadoang latihan keseimbangan, kontrol jeung peregangan.[40]

  • Susanto, Nugroho (2020). Pengaruh Virus Covid-19 Terhadap Bidang Olahraga Di Indonesia. Padang: Jurnal Stamina. 
  • Supandi, Faisal Nur' Arafa (2020). Pengaruh Covid-19 Terhadap Moralitas dan Ketenagakerjaan di Indonesia.. Jurnal Ilmu Kesejahteraan Sosial humanitas. 

Pangaruh Covid-19 kana implementasi pendidikan karakter[édit | édit sumber]

kajadén sumarambahna virus Covid-19 miboga pangaruh kana implementasi pendidikan karakter. Penomena ieu téh aya hikmahna ogé jiga nu ngabantuan balaréa pikeun miéling deui adab-adaban nu geus kapopohokeun diantawisna adab nalika bersin, batuk, heuai, lalarasan, ogé ngaraksa karesikan sarta kaséhatan. diantara mangpirang-pirang paktor nu mangaruhan katut miboga patula-patalina kana widang ieu nyaéta:

  1. paktor naluriyah atanapi insting, saha baé jelema kalayan nalurina bakal waspada pami mendakkan jalmi nu katémbong nyintas covid-19.
  2. paktor kabiasaan, jalma nu biasa rumaksa kana kabersihan misalna, tinangtos langkung getol bebersihna nalika aya béja Covid téh.
  3. paktor kahayang, da sakabéh jalma gé pasti aya kahayang hirup sakumaha biasana, mantak aya istilah New Normal
  4. paktor sora haté, kuayana sora atanapi gerentes haté jalma bisa nangtukeun naon perkara nu baris dipilampah ku manéhna.

tah éta opat paktor di handap téh, bakal kapangurah pisan ku ayana Covid-19 sangkan jalma téh tiasa nerapkeun deui adab-adaban pendidikan Karakter. {sfn|Abdusshomad|2020|p=109}}

  • Abdusshomad, Alwazir (2020). Pengaruh Covid-19 Terhadap Penerapan Pendidikan Karakter dan Pendidikan Islam. Tangerang: Qalamuna, jurnal Pendidikan, Sosial dan Agama. 

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "国家卫生健康委关于新型冠状病毒肺炎暂命名事宜的通知". 7 Februari 2020. Diarsipkan dari versi asli tanggal 28 Februari 2020. Diakses tanggal 9 Februari 2020. 
  2. Belluz, Julia (20 Januari 2020). "Wuhan pneumonia outbreak: What we know and don't know". Vox. Diarsipkan dari versi asli tanggal 13 Januari 2020. Diakses tanggal 27 Februari 2020. 
  3. Cheung, Elizabeth (17 Januari 2020). "Wuhan pneumonia: Hong Kong widens net for suspected cases but medical workers fear already overstretched hospitals will suffer". South China Morning Post. Diarsipkan dari versi asli tanggal 21 Januari 2020. Diakses tanggal 2020-02-27. 
  4. Chan, Jasper Fuk-Woo; Yuan, Shuofeng; Kok, Kin-Hang; To, Kelvin Kai-Wang; Chu, Hin; Yang, Jin; Xing, Fanfan; Liu, Jieling et al. (2020-02-15). "A familial cluster of pneumonia associated with the 2019 novel coronavirus indicating person-to-person transmission: a study of a family cluster" (dalam bahasa English). The Lancet 395 (10223): 514–523. 24 Januari 2020. doi:10.1016/S0140-6736(20)30154-9. ISSN 0140-6736. PMID 31986261. https://www.thelancet.com/journals/lancet/article/PIIS0140-6736(20)30154-9/abstract. 
  5. "Wuhan designates hospitals for viral pneumonia treatment as cases rise". The Straits Times. 21 Januari 2020. Diarsipkan dari versi asli tanggal 21 Januari 2020. Diakses tanggal 27 Februari 2020. 
  6. "Coronavirus About Symptoms and Diagnosis". Pusat Pengendalian dan Pencegahan Penyakit. Amerika Serikat. 30 Januari 2020. Diarsipkan dari versi asli tanggal 30 Januari 2020. Diakses tanggal 1 Februari 2020. 
  7. "Coronavirus disease named Covid-19" (dalam bahasa en-GB). BBC News. 2020-02-11. https://www.bbc.com/news/world-asia-china-51466362. Diakses pada 2020-03-18 
  8. Gorbalenya, Alexander E.; Baker, Susan C.; Baric, Ralph S.; Groot, Raoul J. de; Drosten, Christian; Gulyaeva, Anastasia A.; Haagmans, Bart L.; Lauber, Chris et al. (2020-02-11). "Severe acute respiratory syndrome-related coronavirus: The species and its viruses – a statement of the Coronavirus Study Group" (dalam bahasa en). bioRxiv: 2020.02.07.937862. doi:10.1101/2020.02.07.937862. https://www.biorxiv.org/content/10.1101/2020.02.07.937862v1. 
  9. "WHO Director-General's opening remarks at the media briefing on COVID-19 - 11 March 2020". www.who.int. Diakses tanggal 2020-03-22. 
  10. a b c Parwanto, M. L. E. (2020-03-18). "Virus Corona (2019-nCoV) penyebab COVID-19" (dalam bahasa id). Jurnal Biomedika dan Kesehatan 3 (1): 1–2. doi:10.18051/JBiomedKes.2020.v3.1-2. ISSN 2621-5470. https://jbiomedkes.org/index.php/jbk/article/view/117. 
  11. "Coronavirus | About | Symptoms and Diagnosis | CDC". web.archive.org. Diakses tanggal 2020-03-18. 
  12. a b "Q&A on coronaviruses (COVID-19)". www.who.int. Diakses tanggal 2020-03-22. 
  13. a b Hairunisa, Nany; Amalia, Husnun (2020-06-30). "Review: penyakit virus corona baru 2019 (COVID-19)" (dalam bahasa id). Jurnal Biomedika dan Kesehatan 3 (2): 90–100. doi:10.18051/JBiomedKes.2020.v3.90-100. ISSN 2621-5470. https://www.jbiomedkes.org/index.php/jbk/article/view/132. 
  14. Dio Prasasti, Giovani. "COVID-19, Nama Resmi untuk Infeksi Novel Coronavirus". liputan6.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-05-30. 
  15. "Hasil Pencarian - KBBI Daring". kbbi.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2022-05-30. 
  16. Grose, Thomas K. "Did the Coronavirus Originate Outside of Wuhan?". US News. Diakses tanggal 30 Mei 2022. 
  17. Areddy, James T. (2020-05-26). "China Rules Out Animal Market and Lab as Coronavirus Origin" (dalam bahasa en-US). Wall Street Journal. ISSN 0099-9660. https://www.wsj.com/articles/china-rules-out-animal-market-and-lab-as-coronavirus-origin-11590517508. Diakses pada 2022-05-30 
  18. a b Cohen, Jon. "Wuhan seafood market may not be source of novel virus spreading globally". www.science.org. Diakses tanggal 2022-05-30. 
  19. a b Wu, Yi-Chi; Chen, Ching-Sung; Chan, Yu-Jiun (2020-3). "The outbreak of COVID-19: An overview". Journal of the Chinese Medical Association 83 (3): 218. doi:10.1097/JCMA.0000000000000270. ISSN 1726-4901. PMC 7153464. PMID 32134861. https://www.ncbi.nlm.nih.gov/pmc/articles/PMC7153464/. 
  20. B, Kavya; Abraham, Roshan (2021-10-03). "Global COVID-19 deaths hit 5 million as Delta variant sweeps the world" (dalam bahasa en). Reuters. https://www.reuters.com/world/global-covid-19-deaths-hit-5-million-delta-variant-sweeps-world-2021-10-02/. Diakses pada 2022-05-30 
  21. "New coronavirus stable for hours on surfaces". National Institutes of Health (NIH). Diakses tanggal 2020-04-07. 
  22. CDC. "Coronavirus Disease 2019 (COVID-19) – Symptoms". Centers for Disease Control and Prevention (dalam en-us). Diakses tanggal 2020-04-07. 
  23. Triyaningsih, Heny (2020-06-02). "Efek Pemberitaan Media Massa Terhadap Persepsi Masyarakat Tentang Virus Corona (Studi Kasus; Masyarakat di Pamekasan)" (dalam bahasa en). Meyarsa: Jurnal Ilmu Komunikasi dan Dakwah 1 (1): 1–13. doi:10.19105/meyarsa.v1i1.3222. ISSN 2722-2918. http://ejournal.iainmadura.ac.id/index.php/meyarsa/article/view/3222. 
  24. Nurin, Fajarina. "COVID-19: Gejala, Penyebab, dan Pengobatannya". Hello Sehat (dalam id-ID). hellosehat.com. Diakses tanggal 2022-04-27. 
  25. Felicia, Levina. "Virus Corona (COVID-19) | Tanda dan Gejala, Penyebab, Cara Mengobati, Cara Mencegah". SehatQ (dalam Indonesian). sehatq.com. Diakses tanggal 2022-04-27. 
  26. Mudzakkir, Muhammad; Risnasari, Norma; Nugraha, Muhammad Frinata Erian; Mawadha, Sarah Azmillaely (2021-11-07). "Upaya Pencegahan Penularan Covid-19 pada Masyarakat Kab. Kediri" (dalam bahasa en). Kontribusi: Jurnal Penelitian dan Pengabdian Kepada Masyarakat 2 (1): 58. doi:10.53624/kontribusi.v2i1.85. ISSN 2747-2035. https://jurnal.ciptamediaharmoni.id/index.php/kontribusi/article/view/85. 
  27. "Coronavirus disease (COVID-19): Post COVID-19 condition". www.who.int. Diakses tanggal 2022-05-19. 
  28. Mediatama, Grahanusa. "Inilah efek samping yang bisa terjadi setelah sembuh Covid-19". PT. Kontan Grahanusa Mediatama (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-05-19. 
  29. a b Ramadhanty, Razdkanya. "Hati-hati! 14 Efek COVID-19 Pasca Sembuh yang Umum Dilaporkan". detikHealth (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-05-19. 
  30. a b c d e f g h general_alomedika. "Efek Jangka Panjang dari COVID-19". Alomedika. Diakses tanggal 2022-05-20. 
  31. "Program Vaksinasi COVID-19 Mulai Dilakukan, Presiden Orang Pertama Penerima Suntikan Vaksin COVID-19 – P2P Kemenkes RI" (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-05-22. 
  32. a b c d e f g h i "Vaksin Corona yang Digunakan di Indonesia". www.halodoc.com. Halodoc. 
  33. "Fakta Kedatangan Vaksin Janssen | Indonésia Baik". indonesiabaik.id. Diakses tanggal 2022-05-31. 
  34. "Vaksin Sinopharm". Alodokter. Diakses tanggal 2022-05-31. 
  35. Hastuti, Rahajeng Kusumo. "Menkes Ungkap Alasan RI Pakai Vaksin Sinovac Buat Vaksinasi". CNBC Indonesia (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-05-22. 
  36. Mediatama, Grahanusa. "Ini 3 pertimbangan pemerintah memilih Sinovac untuk vaksin Covid-19". kontan.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-05-22. 
  37. "Vaksinasi Dosis 2 Telah Mencapai 70,38% dari Target Sasaran Vaksinasi Nasional". Sehat Negeriku (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-05-26. 
  38. a b Direktorat Kesehatan Keluarga-Direktorat Jenderal Kesehatan Masyarakat (2020). Panduan Pelayanan Kesehatan Balita Pada Masa Tanggap Darurat COVID-19 Bagi Tenaga Kesehatan (PDF). Jakarta: Kementerian Kesehatan. p. 6. 
  39. a b c d e f Direktorat Kesehatan Keluarga RI, Ikatan Dokter Anak Indonesia, WHO, UNICEF (2021). Panduan Bagi Keluarga Dan Masyarakat Pencegahan Dan Isolasi Mandiri Anak Dan Remaja Dengan COVID-19. Jakarta: Kementerian Kesehatan RI. pp. 3–13. ISBN 978-623-301-259-1. 
  40. Susanto 2020, p. 145.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

  • Rosita, Rahni (2020). Pengaruh pandemi Covid-19 Terhadap UMKM Di Indonesia. Jakarta: Jurnal Lentera bisnis. 
  • Abdusshomad, Alwazir (2020). Pengaruh Covid-19 Terhadap Upenerapan Pendidikan Karakter dan Pendidikan Islam. Tangerang: Qalamuna, jurnal Pendidikan, Sosial dan Agama. 
  • Supandi, Faisal Nur' Arafa (2020). Pengaruh Covid-19 Terhadap Moralitas dan Ketenagakerjaan di Indonesia.. Jurnal Ilmu Kesejahteraan Sosial humanitas. 
  • Informasi COVID-19, Kementerian Kesehatan RI
  • Informasi Infeksi Emerging, Kementerian Kesehatan RI
  • Tanya-Jawab Sabudeureun Koronavirus, Organisasi Kasehatan Dunya