Piteuk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Piteuk
Tabanus sulcifrons[1]
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Arthropoda
Kelas: Insecta
Order: Diptera
Suborder: Brachycera
Infraorder: Tabanomorpha
Superfamily: Tabanoidea
Kulawarga: Tabanidae
Piteuk keur nyongcong munding

.

Jalma anu dicongcong piteuk

Piteuk ngaran latin :(Tabanus sp.) dina basa Indonesiana disebut pikat nyaéta laleur badag anu sok nyeureud atawa nyongcong kana kuda [2] , munding, sapi, jeung sato séjénna.[3] Tapak nyeureudna parna malah sok nepi ka getihan kawas anu raheut, piteuk disebut ogé laleur leuweung[3][4]. Piteuk tina spésiés Tabanidae nyaéta hama ku lantaran mindeng nyerang tur ngaganggu ingon-ingon malahan ka manusa ogé, sanajan katempona kawas anu lindeuk tapi piteuk gesit tur lingas bisa geuwat ngoréjat mangsa aya gangguan atawa bahaya, sawaréh piteuk ngaluarkeun sora sahéng mangsa keur hiber ieu spésiés deer fly jeung Australian March fly.[5]

Piteuk népakeun virus[édit | édit sumber]

Piteuk nyaéta cukang lantaran/vektor dina népakeun virus antrak, ieu virus antrax népa di mana kulit paantel jeung Spora Antrax bisa virus anu hirup dina jero taneuh, dina pepelakan kitu deui dina sasatoan anu katépaan Anthrax.[6] Nerekabna sepora Antrax bisa katiup angin bisa waé digégél, dicongcong, atawa diseureud ku vektor atawa sato anu mawa virus Anthrax, Piteuk nyaéta salah sahijina.[6] Anumatak jalma anu digarawé di tempat jagal anu kotor, purah ngolah kulit maranéhna kaasup anu mibanda resiko gedé kakeunaan ku virus Antrax. [6]

Hama piteuk[édit | édit sumber]

Panyakit anu ditépakeun ku piteuk umumna panyakit anu aya hubunganna jeung getih saperti anémia, cacing filarial , tularemia anu nyerang ka jalma jeung kelenci.[6] Sasatoan anu ditapuk tur dicongcong ku piteuk baris ngarandapan kakurangan getih nepi ka 300 ml dina sapoé iéu baris ngabalukarkeun sato anu dicongcong leuleus kakurangan geutih malahan dina kaayaan anu parna bisa ngabalukarkeun paragat nyawa[7].

Habitat[édit | édit sumber]

Piteuk kapanggih ampir di sakuliah dunya kajaba di daérah kutub, Greenland, Islandia, jeung Hawaii, Genera Tabanus, Chrysops, jeung Haematopota ku lantaran kabéhana mibanda iklim anu sedeng, subtropis jeung tropis, ari piteukmah mikaresep daérah anu haneut jeung daérah jemlék pikeun maranéhna megar tur baranahan, aya ogé kapanggih di padang pasir jeung tegalan di gunung Alpén.[8]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Cirrus Digital Horse Fly Tabanus sulcifrons.
  2. "Kamus Daerah". Kamus daerah.com. Diakses tanggal 2017-04-28. 
  3. a b Citakan:Ig"Verhandelingen van het Bataviaasch genootschap der kunsten en ..., Volume 29". Lands drukkerij. Diakses tanggal 2017-04-26. 
  4. Citakan:Ig"Cupumanik astagina". Girimukti Pasaka. Diakses tanggal 2017-04-26. 
  5. Wilkerson, R.C., J.F. Butler. 1984. The Immelman turn, a pursuit maneuver used by hovering male Hybomitra hinei wrighti (Diptera: Tabanidae). Annals of the Entomological Society of America 77: 293-295.
  6. a b c d Mahmur Marganti (July 28, 2016). "Dampak Bakteri Anthrax pada Manusia". World Wildlife Fund. Diakses tanggal 2017-10-05. 
  7. Williams, R. Allergic reaction to horsefly bite kills father of four in seconds after anaphylactic shock. The Independent 26 July 2013.
  8. Middlekauff, Woodrow Wilson; Lane, Robert S. (1980). Adult and Immature Tabanidae (Diptera) of California. University of California Press. pp. 1–2. ISBN 978-0-520-09604-2. 

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg