Polimér sintétik
Polimér sintétik mangrupa wanda polimér anu dijieun ngaliwatan prosés polimérisasi monomer . Polimér sintétik dipaké keur kapentingan komérsial mimiti dilarapkeun dina résin anu ngandung fenol formaldehida. Kapanggihna polimér téh dina taun 1900-an ku kimiawan Bélgia Leo Hendrik Baekeland. Anjeunna nimukeun bahan polimér sintétik anu disebut bakelit. Wanda polimér sintétik anu séjénna nyaéta poliétilén, polipropilén, polivinil klorida, jeung nilon. intétik[1] Polimér sintétik dijieun ku cara polimérisasi sacara kondénsasi atawa adisi. [2] Rupa-rupa polimér sintétik bisa kapanggih dina rupa-rupa parabot rumah tangga, saragam sakola, komputer, telepon, kabel, kacooan barudak, bungkus dahareun, jeung katup jajantung anu geus dijieun. [1]
Wanda
[édit | édit sumber]Polisulfon
[édit | édit sumber]Polisulfon mangrupa polimér sintétik anu biasa dipaké bahan mémbran. Polisulfon mimiti dimekarkeun taun 1960-an salaku alternatip keur mémbran selulosa. [3] Kaonjoyan polisulfon nyaéta kuat dina kaasaman ekstrim, gampang leyur dina kloroform atawa dimethilformamida, jeung gampang dilarapkeun dina prosés konvénsional. Kahéngkéran polisulfon nyaéta gampang leyur jeung ngan bisa leyur dina pelarut organik atawa hidrofopik . [4]
Polivinili fluorida
[édit | édit sumber]Polivinil fluorida mah kuat sanajan kakeunaan réaksi kimia. Pamakéan polvinil fluorida bisa lumangsung dina sanyawa anorganik jeung asam organik dina rupa-rupa tingkat kaasaman. Polvinil fluorida bisa stabil kana senyawa hidrokarbon aromatik, alkohol, tetrahidrofuran jeung pelarut anu ngandung halogén. Lian ti éta, polivinil fluorida ogé tahan dina lingkungan anu keur ngalaman prosés sterilisasi cai saperti oksidasi ku cara prosés ozon. Polivinil fluorida bentukna téh semi-kristalin jeung trigliserida anu handap pisan nepi ka bisa dipaké dina suhu -50o C nepi ka 140o C. Lolobana polivinil fluorida stabil dina pelarut organik, tapi leyur dina dimethilformamida, dimethil acetamide, N-methil pirolida, jeung dimetil suloksida. Kakurangan tina polivinil fluorida nyaéta kacida hidrofobiki. [5]
Mangpaat
[édit | édit sumber]Permén karét
[édit | édit sumber]Permén karét tiasa dijieun maké bahan utama terpénna résin tina polimér sintétik atawa polimér alam. Pabrik permén karét maké résin terpénna kalayan nomer résin alami CAS 9003-74-1 jeung résin sintétik. [6]
Pabrik busa
[édit | édit sumber]Busa mangrupa palastik anu dijieun tina polistirén anu jadi salah sahiji bahan polimér sintétik. Polistirén mimiti kapanggih taun 1930 dina sumber daya alam minyak bumi . Polistiréna dijieun ku cara prosés polimérisasi adisi kalawan tekenan tina tiupan. Stirena bentukna cacai saperti minyak jeung bauna jiga bénzéna. Kaonjoyan palastik busa téh nyaéta hampang pisan, bentukna kaku, tembus cahya jeung hargana murah. Kahéngkéran busa mah euweuh deui iwal ti gancang rusak. [7]
Karét alam
[édit | édit sumber]Karét alam dijieun tina polidimethilsiloksana anu mangrupa bahan polimér sintétik. Pamakéan karét alam dibagi dumasar kana suhu pamakéna, nyaéta karét alami vulkanisasi suhu luhur jeung karét alam vulkanisasi suhu kamer. Suhu pamakéan karét alam vulkanisasi suhu luhur nyaéta 55o C nepi ka 200o C sarta biasa dipaké insulator sambungan kabel jeung bahan insolator tegangan luhur. Lian ti éta, karét alam vulkanisasi suhu kamer mah dipaké dina suhu 25o C dugi ka 200o C salaku bahan lapisan insulator keramik. [8]
Kamekaran élmu mémbran
[édit | édit sumber]Élmu mémbran henteu tumerap sacara praktis saaacan taun 1950. Loba dipakéna élmu mémbran sanggeus ayana kamajuan kimia polimér. Pabrik polimér sintétik ngayaan mémbran anu anyar jeung sipat bawaan anu tangtu. Salian ti éta, dihasilkeun ogé polimér kalayan stabilitas mékanis jeung termal anu hadé. Polimér terus dipaké jeur bahan utama nyieun kembang mémbran jeung produk industri. [9] Antukna, mémbran sintétik bisa ngabentuk ngaliwatan polimér sintétik tina wanda polyamide, polyacrylonitrile, polysulfone, atawa polyethylene. [10]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b Siburian, dkk. 2017.
- ↑ Ifa, dkk. (2018). Pembuatan Bahan Polimer dan Minyak Sawit (PDF). Makassar: Nas Media Pustaka. p. 104.
- ↑ Elma 2017, p. 49-50..
- ↑ Elma 2017, p. 50..
- ↑ Elma 2017, p. 52..
- ↑ Direktorat Standardisasi Pangan Olahan (2019). Pedoman Spesifikasi dan Penggunaan Bahan Dasar Permen Karet (PDF). Jakarta: Direktorat Standardisasi Pangan Olahan, Deputi Bidang Pengawasan Pangan Olahan, Badan Pengawasan Obat dan Makanan. p. 15. ISBN 978-979-3665-44-3. Archived 2022-09-11 di Wayback Machine
- ↑ Rimantho, D., Hidayah, N. Y., dan Pane, E. A. (2018). Pemanfaatan Limbah Organik dan Anorganik sebagai Material Akustik (PDF). Jakarta Selatan: Unit Penelitian dan Pengabdian Kepada Masyarakat, Fakultas Teknik, Universitas Pancasila. p. 36. ISBN 978-602-53164-4-9. Archived 2021-04-18 di Wayback Machine
- ↑ Sutanto, dkk. (2018). Bolus Berbahan Silicone dan Natural Rubber: Sintesis, Karakterisasi dan Aplikasi pada Radioterapi (PDF). Semarang: Undip Press. p. 23. ISBN 978-979-097-526-2. Archived 2021-04-19 di Wayback Machine
- ↑ Elma 2017, p. 13..
- ↑ Elma 2017, p. 15..
Daptar pabukon
[édit | édit sumber]- Elma, Muthia (2017). Proses Pemisahan Menggunakan Teknologi Membran. Banjarmasin: Lambung Mangkurat University Press. ISBN 978-602-6483-35-5.
- Siburian, dkk. (2017). Polimer: Ilmu Material (PDF) (2 ed.). Medan: USU Press. ISBN 979-458-356-1.