Potrét

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Potrét nyaéta gambar anu dijieun maké bantuan cahaya anu nyorot kana luhureun substansi/barang anu sensitif di mana keuna ku cahaya, contona film fotografi atawa media éléktronik di antarana CCD atawa chip CMOS. potrét umumna dijieun maké hiji alat/pakakas anu disebut kaméra, dina ieu kaméra dilengkepan ku lénsa pikeun mokuskeun gelombang panjang anu katarima tina cahaya hiji objék tuluy direproduksi sangkan saluyu jeung naon anu katempo ku panon urang. Undakan dina nyieun ieu potrét umumna disebut fotografi. kecap foto dimimitin dina taun 1839 ku Sir John Herschel dumasar kana basa Yunani φῶς (phos) anu hartina "cahaya", jeung γραφή (Graphe), anu hartina "ngagambar atawa nulis, lamun dikantétkeun jadi " ngagambar maké cahaya.[1]

Gambar beubenangan Nicéphore Niépce's maké cara heliography, 1825. dijieun dina abad ka 17

Sejarah[édit | édit sumber]

taya lian ti Nicéphore Niépce dina taun 1822 anu ngamimitian nyieun potrét maké "heliography" ngagunakeun kaméra obscura, hanjakal ieu jieunan Niepce teupati sensitif jeung dina prakna dipaké kurang ringkes: Eksposur kaméra ngabutukeun waktu lila, bisa mang jam-jam malahan aya kana poéna [2] sababaraha taun ti harita, dina taun 1829 Niepce ngayakeun gawé bareng jeung Louis Daguerre pikeun ngaronjatkeun kasensitifan jeung cara gawé tina éta pakakas anu dijieuna.

Niepce palastra/pupus dina taun 1833, Daguerre jejem nuluykeun panalungtikan dina raraga nyampurnakeun bahan alternatif anu bahan dasarna tina pérak ''halida''. di mana ieu pérak dibalur ku yodium baris ngahasilkeun lapisan pérak iodida anu mibanda sipat peka/teukaopan di mana kasorot ku cahaya; upama piringan pérak iodida katojo ku cahaya dijéro kaméra dina waktu sababaraha menit waé; ku alatan bantuan haseup ''merkuri''; Piringan pérak iodida ieu baris ngahasilkeun gambar anu bisa ditempo/visibilitas ; tuluy ieu piringan dikumbah dina cai uyah pikeun meresina sésa-sésa bahan pérakna. Daguerre méré ngaran kana pakakas pamanggihna téh kaméra "Daguerreotype". Ieu pamanggihna diwawarkeun ka sakuliah dunya dina 7 Januari 1839 disusul 19 Agustus taun éta kénéh dina mertélakeun ngeunaan katangtuan jeung cara gawéna éta pakakas. Ieu pamanggihna méré kamajuan luar biasa dina ngurangan waktu paparan anu tadina butuh jam-jaman malahan aya kana poéna, jadi ngan sababaraha menit malahan sababaraha detik waé, tiwangkid harita kagiatan motrét jeung nyieun potret/fotografi anu leuwih gancang jadi leuwih kasohor tur loba anu maraké.[3]

Potrét "hideung bodas"[édit | édit sumber]

Potrét (1826 or 1827), ku Nicéphore Niépce, maké camera obscura

Daguerréotype dina taun 1850 disampurnakeun deui ku dikaluarkeunna modél anyar ; ambrotype anu leuwih murah, babari jeung leuwih leutik, Tuluy disampurnakeun deui ku prosés collodion. Piringan kaca dina prosess collodion engkéna dipaké pikeun nyitak di luhureun kertas ''albumén''. Tiwangkid harita nepika mangtaun-taun ieu cara motrét téh paling dipikaresep tur loba anu maké, nincak taun 1871 kapanggih deui hiji prosés anu leuwih gampil nyaéta maké gelatin. Anu tadina maké piringan tina kaca kiwari diganti ku lambaran plastik film plastik fleksibel anu ngahasilkeun émulsi anu leuwih sensitivite sok sanajan hasilna masihkénéh gambar hideung bodas,

Potrét anu kelirna hideung jeung bodas ieu dimangpaatkeun kawilang lila, nepika hiji waktu John Herschel Anthotype ngayakeun hiji eksperimen/coba-coba nyitak potrét anu maké tambahankelir dina taun 1842, ngamimitian dicobaan ogé ku Louis Ducos du Hauron dina taun 1860-an, jeung prosés Lippmann dina taun 1891, tapi ieu sakabéh masihkénéh dina ukuran laboratorium tacan dijieun dina jumlah anu loba atawa komersil. Taun 1907 dina ukuran komérsial maké hiji proséss piringan Autochrome dina taun 1907, hanjakalna ieu piringan mahal pisan jeung henteu bisa dibabawa atawa maké kaméra anu bisa dijinjing. Nincak taun 1930-an mimiti di mekarkeun hiji prosés Kodachrome jeung Agfacolor Neu, anu leuwih gampil dina cara-cara maké alus hasil potrétna geus bisa nembongkeun sababaraha kelir kawas aslina dina wanda multi-layer kromogenik anu modern. Cara gawé ieu pakakas dimimitian ti gambar dijieun dina slide proyektor transparan, tuluy dicitak deui dina kertas kromogenik ieu dimimitian dina 1940-an. pamanggih ieu geus ngaronjatkeun diwangun industri husus dina widang ieu potrét ku alatan sababaraha undakan jeung prosés husus tur mandiri, prosés ieu disebut Technicolor tiga-strip anu kacida modérn dina mangsa harita.

Potrét digital[édit | édit sumber]

Potrét séjén taya lian maké digital dijieun maké dua undakan. Dimimitian ku film/lambaran plastik anu peka/teukaopan di mana keuna ku cahaya narima gambar/citra negatif (poék jeung dina kaayaah tibalik). Kadua na éta gambar negatif di robah jadi gambar positif carana ku jalan dicitak (ditransfer) di luhureun kertas potrét. Gambar positif téh nyaéta gambar-gambar anu geus jadi biasana mah diteundeun di piguraan Pikeun kabutuha film-film bioskop mah citakan negatif ieu digulung dina hiji wadah, anu disebut slide.

Dimimitian ku potrét monokromatik dikeliran ku jalan digambar maké leungeun sok sanajan mekarkeun potrét keliran geus aya ti saméméh taun 1861, ku lantaran jumlahna anu kacida saetik tur langka, taun 1940 nepika 1950an. Potrét masih ngagunakeun kelir hideung jeung bodas nepika taun 1960an potrét geus mimiti loba ngamangpaatkeun potrét anu keliran sok sanajan potrét hideung jeung bodas masih kénéh dipaké, ieu henteu jadi pasoalan ku sabab ngarobah kana kelir geus leuwih gampang.

Aya deui format gambar panorama ieu bisa dijieun maké kaméra Hasselblad Xpan dina film standar/anu biasa. ti saprak taun 1990-an , potrét panorama geus leuwih motékar bisa dijieun dina Advanced Photo System ( APS ) Film. APS dimekarkeun tur di produksi ku sababaraha pabrik film gédé ieu format film bisa dirobah luyu jeung kahayang maké bantuan komputer, APS panorama dijieun maké alat tambahan/masker sangkan kaméra bisa nyokot gambar panorama, tapi ieu teu pati meunang pang bagéa tinu marakéna anu jeuh leuwih resep maké kaméra anu bener-bener kaméra panorma, di mana dina format panorama ieu gambar anu ditembongkeun bisa leuwih léga. Tungtungna APS kurang kasohor jeung ditinggalkeun kunu marakéna.

Kadieunakeun potrét téh leuwih maju deui, saenggeus kapanggih mikro jeung digital fotografi anu jadi cukang lantaran bisa nyitak ku jalan digital. nyitak potrét maké cara kieu dimimitian tina format grafis anu ditunda dina extensi saperti JPEG, TIFF, jeung RAW. Rupa rupa alat pikeun nyitakna (printer) aya anu inkjet, dye -sublimation, laser, jeung printer thermal. citakan maké sistim Inkjet sakapeung sok disebut ngaran anu mimiti manggihana : " Giclée " . ti saprak dijieun tur diwanohkeun ku Tim Berners - Lee pada taun 1992 hiji media/tempat neundeun potret jeung silih tukeur potret di (CERN) dina WEB, kiwari geus loba situs anu kasohor saperti : Flickr , Picasa , Photobucket jeung 500px dimangpaatkeun ku jutaan pamaké pikeun silih tukeu potrét.

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Online Etymology Dictionary
  2. "The First Photograph - Heliography". Diakses tanggal 2009-09-29. from Helmut Gernsheim's article, "The 150th Anniversary of Photography," in History of Photography, Vol. I, No. 1, January 1977: ... In 1822, Niépce coated a glass plate ... The sunlight passing through ... This first permanent example ... was destroyed ... some years later.  Archived 2009-10-06 di Wayback Machine
  3. "A Stream of Stars over Paranal". ESO Picture of the Week. http://www.eso.org/public/images/potw1421a/. Diakses pada 27 May 2014 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]