Lompat ke isi

Rasamala

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Rasamala, ki Mala
Liquidambar excelsa
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Liquidambar excelsa
Ngaran binomial
Liquidambar excelsa
Tangkal Liquidambar excelsa koléksi Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Rasamala (basa Latin: Altingia excelsa) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Altingiaceae.[1] Tangkal ieu asli ti Bhutan, China, India, Malaysia, Myanmar, Thailand jeung Indonésia. Di Indonésia tangkal ieu tumuwuh di sababaraha wilayah di Jawa, Bali, jeung Sumatra dina élévasi antara 500-1700 m. [2] Ieu tutuwuhan leuweung, hirup di alam liar jangkungna bisa 40 nepi ka 60 méter.[3] Salah sahiji tangkalna aya di Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Rasamala mibanda niléy ekonomi alatan kaina kuat sarta ngahasilkeun geutah/ damar anu meleber seungit, dimangpaatkeun pikeun campuran bahan seuseungitan. [1] Daun ngorana mibanda kelir beureum bisa dilalab, disayur, ogé pikeun ubar batuk. Kaina teuas tur kuat, remen dijieun bahan nyieun jambatan, bantalan rél karéta api, lantai, nepika parahu. [3] [4] Geutah pait anu disebut storax anu asalna tina kulit kai nu dipotong ieu digunakeun keur sababaraha pangobatan saperti bisa nurunkeun panas, ningkatkeun gairah, sarta ngubaran leukoderma, bronkitis, panyakit empedu, batu kandung kemih, jeung arateul. Sedengkeun dina prakték Unani, geutah ieu dianggap mibanda hasiat minangka tonik, ngurangan gas dina pencernaan, ngaleungitkeun dahak, sarta ngubaran nyeri tikoro.[5]

Habitat jeung Sumebarna

[édit | édit sumber]

Rasamala ilaharna hirup di wewengkon pagunungan lembab kalawan luhur 500 nepi ka 1.500 méter di luhur beungeut laut (mdpl). Sacara alami sumebar di wilayah Asia Tenggara, ti mimiti India wétan, Myanmar, Thailand, semenanjung Malaya, nepi ka Sumatra sarta Jawa Kulon.

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Ashton, P.S. Dipterocarpaceae. In Tree Flora of Sabah and Sarawak, Volume 5, 2004. Soepadmo, E., Saw, L.G. and Chung, R.C.K. eds. Government of Malaysia, Kuala Lumpur, Malaysia. ISBN 983-2181-59-3
  2. Ickert-Bond, Stefanie; Wen, Jun (2013-12-17). "A taxonomic synopsis of Altingiaceae with nine new combinations". PhytoKeys (Dina basa Inggris). 31: 21–61. doi:10.3897/phytokeys.31.6251. ISSN 1314-2003. Pemeliharaan CS1: DOI bebas tanpa ditandai (link)
  3. 1 2 Damayanti, Dewi (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. hlm. 103. ISBN 9789790061941.
  4. van, Blokland (1899). Doekoen Djawa: oetawa, Kitab dari roepa-roepa obat njang terpake di tanah Djawa. Cornell University: Albrecht. hlm. 113–114. ISBN -. Diaksés tanggal (disungsi – 4 Maret 2021). ;
  5. Parrotta, John A. (2024-11-08). Healing Plants of South Asia: A Handbook of the Medicinal Flora of the Indian Subcontinent. Two-volume set (Dina basa Inggris). CRC Press. ISBN 978-1-040-26991-6.