Ratu Jeongsun ti Joseon
| Ratu Jeongsun | |
|---|---|
| Ratu Joseon | |
| Dipiheulaan ku | Ratu Jeongseong |
| Dituluykeun ku | Ratu Hyoui |
| Pasangan | Raja Yeongjo ti Joseon |
| Wangsa | Gyeongju Kim |
| Rama | Kim Han-gu |
| Ibu | Nyonya Won |
| Gumelar | 10 Nopémber 1745 Yeoju, Provinsi Gyeonggi, Koréa |
| Maot | 12 Januari 1805 Istana Changdeok, Koréa |
Ratu Jéongsun ti wangsa Kim Gyéongju (정순왕후 김씨, 10 Nopémber 1745 - 12 Januari 1805) nyaéta pamajikan Raja Yeongjo (1724–1776) sarta pamangku tahta karajaan Joséon ti taun 1800 - 1805 pikeun buyut téréna anu leutik kénéh, Sunjo ti Joseon (1790–1834, nu mangku kalungguhan taun 1800–1834).[1] Manéhna asalna ti Wangsa Kim Gyéongju.[1]
Biografi
[édit | édit sumber]Manéhna asalna ti wilayah Yeoju, Propinsi Gyeonggi pamaréntahan Raja Yeongjo, calon Ratu Jéongsun nyaéta anak Kim Han-gu (김한구) jeung Nyonya Won (부부인 원씨).[1] Sanggeus Ratu Jeongseong pupus taun 1757, manéhna jadi ratu taun 1759.[2]
Kulawargana ngalaman sababaraha masalah beurat nu mawa balukar ka manéhna.[2] Manéhna jadi pupuhu fraksi No Ron, sakolompok pasukan pribadi anu nentang kulawarga karajaan.[2] Ratu mikahayang kakawasaan, ratu hayang nelasan Raja Jeongjo.[2] Tapi ahirna ratu ditinggalkeun ku sakabéh pendukungna sarta kapaksa jadi bagian anu leutik di istana.[1]
Lantaran buyut téréna yuswana 11 taun kénéh dina taun 1800, Ratu Jéongsun tumindak salaku pamangku tahta karajaan.[1] Ratu boga tanggung jawab lantaran Penganiayaan Katolik taun 1801.[1] Jéongsun maréntah nepi ka pupusna tanggal 12 Januari 1805.[1]
Tingali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
| Ratu Jeongsun ti Joseon Gelar: Ratu Joseon | |
|---|---|
| Pangawasa saméméhna: Ratu Jeongseong |
Pangawasa saenggeusna: Ratu Hyoui |