Semprong (lampu)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Semprong lampu masigit Iran abad ka-10 M, koléksi Musieum Aga Khan - Toronto, Kanada.

Semprong nyaéta bagéan lampu cempor nu dijieun tina kaca bentukna kawas songsong.[1] Ari mangpaatna, semprong dipasangkeun kana lampu cempor téh nyaéta supaya seuneuna teu ngebul jeung jadi leuwih caang.[1] Istilah semprong ogé mindeng dipaké pikeun nyebutkeun lampu cempor, dalah cempor téh maké kaca semprong.[2] Semprong mangrupa palindung atawa tudung lampu nu liangan di lebah luhurna, ieu miboga fungsi sangkan seuneu cempor téh angger, teu gampang pareum mun katebak angin.[3] Kiwari, cempor jeung semprong geus jarang manggihanna, pareng mun aya ogé biasana mah pikeun cindramata wungkul.[4]

Bihari[édit | édit sumber]

Pamakéan semprong dina cempor ieu pernah ngalaman masa jayana dina saméméh taun 70-an, mangsa harita can aya aliran listrik ka unggal imah di sakuliah wewengkon, utamana di pilemburan.[5] Barudak jaman harita, mun diajar di imah ti peuting téh sok dicaangan ku cempor nu dipasangan semprong.[5] Geus jadi lumbrah, mun anggeus diajar téh langsung ngeunteung, liang irung geus pasti hideung alatan haseup nu kaseuseup tina éta lampu.[5] Ieu cempor biasana diteundeun di tengah imah.[6] Mangsa usum ngijih, imah nu dicaangan ku lampu cempor mah sok diriung ku siraru, éta siraru brul areunteup kana semprong.[7] Mun bagéan jero semprong geus hideung meles balukar péhong tina haseup pameuleuman minyak tanah,[1][8] semprong kudu dibersihan heula méméh dipaké deui.[9][10] Palebah mersihanana kudu ati-ati, sangkan ieu semprong téh henteu peupeus.[10] Beling semprong biasana sok dipaké dina pintonan kuda lumping, pikeun digereges gayemeun kuda lumping.[11]

Éksisténsi[édit | édit sumber]

Dua semprong dina cempor tihang ganda.

Industri semprong nu masih lumangsung téh nyaéta di Kalurahan Cigasong, Kacamatan Cigasong, Kabupatén Majalengka.[12] Kitu ogé bari mandeg mayong, lantaran nu maké lampu cempor geus langka pisan, boh masarakat umum, boh pamayang.[12] Arang langka nu maké cempor, ayeuna lolobana maké lampu éléktrik, ieu dianggap leuwih praktis batan cempor.[12] Kira-kita taun 1973-an mah ampir sakumna warga di Kalurahan Cigasong jaradi tukang nyieunan semprong, jang ampaskeuneun ka daérah-daérah di Jawa Kulon jeung sawaréh Jawa Tengah.[12] Ayeuna mah masarakat geus tara aya nu maké cempor téh, lantaran geus asupna listrik ka unggal imah jeung deuih minyak tanah gé hargana mahal pisan.[12] Ari nu masih kénéh nyieunan cempor mah nya nu manéhna boga hobi dina ngaleukeunan ieu pagawéan sarta geus mangrupa pakasabanna ti ngora mula.[12]

Bahaya[édit | édit sumber]

Semprong nu aya ornaménan.

Sanajan kiwari di Indonésia cempor geus tara aya nu make, tapi saenyana mah di masih kénéh dipaké ku leuwih ti samiliar pangeusi dunya.[8] Émisi karbon hideung nu dihasilkeun téh cukup signifikan minangka salah sahiji sumber karbon hideung dunya, karbon hideung téh nu sok napel di jeroeun semprong.[8] Cempor jeung semprong téh dipaké ku leuwih ti ratusan yuta rumah tangga di nagara miskin jeung kumembang.[8]

Hasil panalungtikan laboratorium némbongkeun, 7-9 % minyak tanah nu dipaké dina cempor anu dipaké ku 250-300 yuta kulawarga nu teu mibanda aliran listrik, robah jadi karbon hideung nalika dibeuleum.[8] Minangka babandinganna, ngan sawaréh tina 1% émisi nu dihasilkan tina dudurukan kai mah nu robah jadi karbon hideungna téh.[8]

Ieu panalungtikan manggihan, aya ronjatan émisi karbon hideung tina pamakéan cempor nikel 20 kali lipet tinimbang panalungtikan saméméhna.[8] Data-data saméméhna dicomot tina data Intergovernmental Panel on Climate Change (IPCC) jeung sumber-sumber lian.[8] Dumasar para panalungtik, sakilo karbon hideung hasil pameuleuman bahan bakar nu teu sampurna ngasilkeun éfék parobahan iklim dina sabulan nu sarua jeung 700 kilogram CO2 dina périodeu leuwih ti 100 taun.[8]

Warna orén dina sorot seuneu téh éta tina karbon hideung.[8] Mingkin caang warnana, mingkin loba karbon hideung nu dihasilkeun, biasana napel kana semprong.[8] Mun prosés pameuleumanna teu sampurna, ieu karbon hideung bakal leupas ka atmosfer.[8]

Panalungtikan di Nepal nu dipingpin ku Profésor Smith jeung panalungtik School of Public Health, UC Berkeley manggihan, awéwé nu maké cempor di imahna, mibanda résiko nepi ka 9,4 kali lipet leuwih badag keuna ku panyakit TBC tinimbang nu teu maké cempor.[8]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Sumantri, Maman (1975). Kamus umum basa Sunda Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) ; seminar leksikografi, Tugu, 4-7 Agustus 1975. Indonesia: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. 
  2. "Lampu Semprong" (dalam bahasa en). Berita Analisadaily. http://harian.analisadaily.com/kota/news/lampu-semprong/225272/2016/03/28. Diakses pada 2017-10-31 
  3. Kompasiana.com. "Ini tentang Lampu Teplok, Bukan Dahlan Iskan oleh Sam Elqudsy - Kompasiana.com". www.kompasiana.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2017-10-31. 
  4. "Bagi-Bagi Ribuan Lampu Semprong "Sindir" PLN - ANTARA News" (dalam bahasa id-ID). Antara News. http://www.antaranews.com/berita/177795/bagi-bagi-ribuan-lampu-semprong-sindir-pln. Diakses pada 2017-10-31 
  5. a b c Yudhoyono, Ani; Endah, Alberthiene (2010). Kepak sayap putri prajurit. Indonesia: PT Gramedia Pustaka Utama. p. 69. ISBN 9789792262896. 
  6. "Jaman Kegelapan - Bagian Pertama" (dalam bahasa id-ID). Jagongan. 2016-01-27. http://jagongan.org/2016/01/27/jaman-kegelapan-bagian-pertama/. Diakses pada 2017-10-31 
  7. Manglé, Redaksi (2014). Manglé 2461 (30 Januari - 5 Februari 2014). Bandung: Mangle. 
  8. a b c d e f g h i j k l m "Lampu Bersih Lingkungan Sehat" (dalam bahasa en-US). Hijauku.com - Situs Hijau Indonesia. http://www.hijauku.com/2012/12/26/lampu-bersih-adalah-lampu-yang-sehat/. Diakses pada 2017-10-31 
  9. Tulus Wardaya, F. X. Baskara (2011). Berkah kehidupan: 32 kisah inspiratif tentang orangtua. Indonesia: Gramedia Pustaka Utama. p. 164. ISBN 9789792267594. 
  10. a b Kisah Di Balik Minyak Bumi. Bandung: CV. Wacana Prima. p. 6. ISBN 9789791856201. 
  11. Kisah Si Burung Puyuh. Bandung: CV.Nusa Persada. p. 22. ISBN 9789799219480. 
  12. a b c d e f "Industri Kaca Lampu Petromak Nyaris Punah" (dalam bahasa id). Pikiran Rakyat. 2013-11-11. http://www.pikiran-rakyat.com/ekonomi/2013/11/11/258059/industri-kaca-lampu-petromak-nyaris-punah. Diakses pada 2017-10-31