Soro

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Soro
Lauk soro
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Subkelas:
Infrakelas:
Superordo:
Ordo:
Subordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
N. soro
Ngaran binomial
Neolissochilus soro
Sinonim

Soro; kancra; (Neolissochilus soro) nyaéta hiji lauk anu asalna tina kulawarga Cyprinidae. [3] Soro masih barayana lauk sémah tina grup Actinopterygii tina kulawarga Cyprinidae genus Tor. Lauk cai darat Asia ieu aya hubunganana sareng Lauk emas, sareng sumebar kalawan lega di Asia Tenggara ka kidul nepi ka Indonésia.

Ngaran daérah[édit | édit sumber]

Soro mibanda ngaran daérah anu béda - béda saperti diantarana: wader (Jw.);[4] garing, gadis (Sumbar);[5] remen disebut kancera[6] atau kancra.[7]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Lauk soro gedéna sedeng dugi ka ageung, panjang standar (SL, standard length) dugi 1.000 mm. Profil awakna manjang, semu dempak. Jangkung awakna 3,4-3,8 kalinya sabanding sareng panjang standar; ari panjang sirahna 4,3 kalinya dibanding jeung panjang standar. Sungutna tipe inferior. Biwir rada kandel; teuaya lobus (bidang atawa cuping) tengah dina biwir handap . Dua pasang sungut;kumis di palebah momonyong biwir jeung di juru biwir dina caréham luhur; panjang monyongna kurang lebih sarua sareng diaméter mata, sungut:kumis anu aya dina caréham luhur sakedik langkung panjang. Operkulum (tutup insang) panjangnya 1½-1¾ jangkungna.[5]

Cécépét dina tonggongna dorsal dimimitian ku 8-9 sisit tina tukangeun huluna, sakitar sajajar sareng sisit ka-7 atawa ka-8 dina gurat sisi, sakedik leuwih muka tina mimiti Cécépét ventral (perut). Sisit-sisit mibanda gurat sisi 24-28 siki. Cécépét dorsal kalayan III jari-jari heuras (cucuk) sareng 8-9 jari-jari leuleus , cucuk anu ka-3 gedé tur heuras, leuwih pendék tibatan panjang huluna teu kaasup monyongna, tungtung luhur cécépét melengkung; cécépét bujurna III, 5; cécépét pektoral (dada) I, 14-16; jeung cécépét ventral II, 8. cécépét bujurna kawas beunang neukteuk, jari-jari paranjang sakedik langkung pendék tibatan cucuk cécépét dorsal, tungtungna henteu nepika cécépét buntut manakala direbahkan. Cécépét pektoral langkung pondok tibatan jangkung cécépét dorsal; jauh, henteu nepika cécépét ventral. Cécépét ventral atra katempo leuwih heureut tibatan cécépét pektoral, dipisahkeun ku 2 baris sisit tina jajaran gurat sisi. Cécépét buntut nyagak dua ka jero, tungtungna mencos, jauh leuwih panjang tibatan panjang huluna. Puhu buntut dikurilingan ku 12 sisit.[5]

Awak palebah luhurna mibanda kelir zaitun, handapna mibanda kelir semu konéng atawa pérak-zaitun; iris;hihideung panon kelirna konéng. Sisit-sisit di sisi awak jeung buntut aya tanda semu wungu di palebah juru puhuna. Cécépét kelirna hérang (hyaline), semu konéng atawa jambon-semu héjo.[4]

Agihan jeung kebiasaan[édit | édit sumber]

Soro nyebar di Asia Tenggara, ti mimiti Burma, Thailand, wewengkon Indocina jeung Indonesia (Sumatra katut Jawa).[8] Spesimen conto dikoléksi ti Pulo Sumatra (Solok, Padang, Padang Panjang, Bukittinggi, Danau Maninjau, Bengkulu, Deli, Danau Toba); Jawa (Sading Wetan, Darma, Garut, Surakarta, Banyu Biru di Pasuruan).[4][5]

Konservasi[édit | édit sumber]

Di Indonesia lauk soro ieu ogé disebut "lauk dewa". Lauk ieu kaasup lauk arang langka ngan tiasa dipendakan di walungan atanapi balong karamat di Jawa, Sumatra sareng Kalimantan. Kusabab jarang na ieu lauk, Sunda nganggap lauk ieu suci atanapi lauk anu dikaramatkeun; hukum adat satempat ngalarang singsaha waé ngala, maéhan, sumawona ngadahar ieu lauk. Lauk ieu bisa kapendak di balong pamandian karamat di sabudeureun Gunung Ceremai, Jawa Barat; saperti balong Cibulan, Cigugur, Pasawahan, Linggajati, jeung Darmaloka di Kabupaten Kuningan.[9] Kusabab jarang na ieu, Lembaga Ilmu Pengetahuan Indonesia nyodorkeun proposal ka Convention on International Trade in Endangered Species sangkan gasupkeun lauk ieu ka jero daptar satwa dilindungi.[10]

Catatan taksonomis[édit | édit sumber]

Roberts (1999),[11] dituturkeun ku Kottelat (2013),[12] ngasupkeun kancera ke jero béréndélan marga Neolissochilus, sanajan henteu mibanda katerangan anu diperlukeun. Marga Neolissochilus bisa dibedakeun tina Tor, di antawisna sareng pikeun ngalakukeun pamariksaan kana jumlah sisir saring insang (gill rakers), wujud rahang andap sareng lengkung faringeal.[13]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. FishBase: Tor soro
  2. Cuvier, G. & A. Valenciennes. 1842. Histoire Naturelle des Poissons, to. XVI: 191. Paris :Chez F. G. Levrault.
  3. KBBI Daring: kancera
  4. a b c Bleeker, P. 1860. Ichthyologiae Archipelagi Indici Prodromus vol II Cyprini: 392. Bataviae: Typis Langei &soc. (terj. Ingg.)
  5. a b c d Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. [https://archive.org/stream/fishesofindoaust03weberich#page/148/mode/2up The Fishes of The Indo-Australian Archipelago III: 148-9]. E.J. Brill. Leiden.
  6. Haryono. 2008. Populasi dan habitat ikan tambra, Tor tambroides (Bleeker, 1854) di perairan kawasan Pegunungan Muller Kalimantan Tengah. Biodiversitas, 9(4): 306-9.
  7. BPPBAT: Ikan kancra/dewa ikon Jawa Barat Archived 2016-12-20 di Wayback Machine.
  8. Kottelat, M., A.J. Whitten, S.N. Kartikasari, S. Wirjoatmodjo. 1993. Ikan Air Tawar Indonesia Bagian Barat dan Sulawesi: 67. Periplus Edition (HK) Ltd. dan Proyek EMDI KMNKLH Jakarta.
  9. ""Ikan Dewa" dari Ciremai" (dalam Indonesian). Kompas.com. Tuesday, 28 January 2014. Diakses tanggal 6 February 2014. 
  10. "LIPI Lakukan Penelitian Mengenai Ikan Dewa Ceremai" (dalam Indonesian). Ikan Dewa. Diakses tanggal 6 February 2014.  Archived 5 Pébruari 2014 di Archive.today
  11. Roberts, TR. 1999. "Fishes of the cyprinid genus Tor in the Nam Theun watershed (Mekong basin) of Laos, with description of a new species". Raffles Bulletin of Zoology, 47(1): 225–36.
  12. Kottelat, M. 2013. "The fishes of the inland waters of Southeast Asia: a catalogue and core bibliography of the fishes known to occur in freshwaters, mangroves and estuaries". The Raffles Bulletin of Zoology, Supplement No. 27, 22 November 2013.
  13. Rainboth, WJ. 1985. "Neolissochilus, a new genus of South Asian cyprinid fishes". Beaufortia, 35(3): 25–35.

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]