Lompat ke isi

Soto mie

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Page Modul:Infobox/styles.css has no content.

Soto mie
Ngaran alternatifSoto mi, Mee soto
BagéanUtama
Tempat asalIndonesia
Wewengkon atawa nagaraDi Indonesia jeung kawentar di Asia Tenggara (Malaysia jeung Singapura)
Nu nyiptakeunMasakan Indonesia
Suhu pidanganPanas
Bahan utamami jeung daging hayam atawa daging sapi
Cookbook:Soto mie  Soto mie

Soto mie, Soto mi, (atawa disebut Mee soto di Malaysia jeung Singapura) (Aksara Sunda Baku: ᮞᮧᮒᮧ ᮙᮤᮈ) nyaéta kadaharan mi anu ngagunakeun kuah kaldu bungbu nu pernahna di tatar Sunda, hususna Bogor, Jawa Barat.[1] Ieu Kadaharan has Sunda téh lain ukur dipikawanoh di Indonesia wungkul, tapi kawentar ogé di Malaysia jeung Singapura. Mie téh hartina mi telur tina tipung tarigu, uyah, jeung endog, ari soto tujulna kana kadaharan nu maké kuah khas Indonesia. Di Malaysia jeung Singapura ieu kadaharan téh disebut mee soto.

Roda Soto Mie Bogor di sisi jalan Jakarta.

Aya sababaraha wanda jeung variasi resép soto mie, di antarana bisa dijieun tina bahan daging hayam, daging sapi, atawa jeroan sapi kawas babat, urat, atawa suku sapi. Kadang mie konéng tina tarigu téh diganti ku bihun atawa duanana dipaké. Panglengkepna bisa ditambahan kulub kentang nu dikeureutan, tomat, kulub endog hayam, kacang, jeung togé. Kuah kaldu dibanjurkeun kana campuran bahan nu bieu ditataan. Bahan panglengkep lianna bisa ditambahan jeruk mipis, sambel, goréng bawang, cuka, kécap amis, jeung emping.

Soto mie nu kawentar di Indonesia mah pituin ti daérah Bogor, Jawa Barat.[2] Bahan utama soto mie Bogor nyaéta urat suku sapi, babat, mi, ditambah  risoles basajan nu eusina sayur jeung bihun, tomat, kol, kentang, jeung salédri. Soto mie ti ieu daérah geus kawentar malah masarakatna loba nu dagang ka luar kota.

Galéri

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Little touches for unique dishes, Geetha Krishnan, June 26, 2006, The Star (Malaysia)
  2. "Resep Soto Mie Bogor" (dalam Indonesian). Resep Masakan Indonesia. Diakses tanggal 22 May 2012.  Archived 18 Juni 2014 di Wayback Machine