Statistika

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dialihkeun ti Statistics)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Statistika mangrupa élmu jeung prakték ngeunaan ngembangkeun pangaweruh manusa ku jalan ngagunakeun data émpiris, dumasar kana tiori statistika nu mangrupa cabang ti matematika terapan. Di antara téori statistika, randomness jeung uncertainty dimodélan ku téori probabilitas. Prakték statistik ngawengku ngararancang, nyimpulkeun, jeung napsirkeun panenget nu can tangtu. Ku sabab statistika ditujukeun pikeun ngahasilkeun béja nu "panghadéna" tina data nu aya, sababaraha panalungtik ngajadikeun statistika salaku hiji cabang téori kaputusan.

Asal-usul[édit | édit sumber]

Kecap statistika datang tina frase Latin modérn statisticum collegium (kuliah/ceramah ngeunaan urusan nagara), nu tina istilah éta kaluar kecap basa Itali statista, nu hartina "nagarawan" (statesman) atawa "politisi" (bandingkeun jeung status) jeung kecap basa Jérman statistik, nu asalna dimaksudkeun kana analisis data-data ngeunaan nagara. Ieu ngawengku ngumpulkeun jeung ngagolongkeun data sacara umum dina mangsa awal abad ka-19. Pangumpulan data ngeunaan nagara jeung daérah terus mayeng, utamana ku Daptar layanan statistik nasional jeung internasional; sacara husus sénsus nyadiakeun béja teratur ngeunaan populasi.

Cara ngumpulkeun data aya dua cara nyaéta sensus jeung sampling. Sensus hartina ngumpulkeun data ku cara ngadata sakabéh objek tina populasi. Ari sampling mah nyaéta ngumpulkeun data ku cara ngadata sawareh objek tina populasi (sampel).

Kade ulah patukeur antara kecap “Statistik” jeung “Statistika”. Statistika hartina elmu anu mgawengku kana cara-cara ngumpulkeun data, ngolah data, naliti data (analisis) jeung narik kasimpulan anu ngadasarkeun tina éta data. Ari ”Statistik” mah nyaéta angka-angka atawa data (contona data umur, jumlah warga jeung lain nu séjénna).

Métode statistis[édit | édit sumber]

Urang ngagambarkeun pangaweruh (jeung kabodoan) urang sacara matematis jeung salawasna diajar ti naon baé nu bisa katengetkeun. Hartina urang kudu

  1. ngararancang observasi pikeun ngontrol variabilitina (rancangan percobaan),
  2. kasimpulan tina kumpulan observasi keur nembongkeun komunalna ku kaayaan nu leuwih jéntré dina (statistik deskriptif), sarta
  3. mupakat kana naon anu ditalungtik dina bias statistik.

Dina sababaraha wujud statistik déskriptif, utamana data mining, léngkah nu kadua sarta nu katilu kalintang pentingna sahingga léngkah kahiji katémbong teu pati penting. Dina disiplin ieu, data mindeng dikumpulkeun di luar kontrol jalma nu migawé analisis, sahingga hasil analisis leuwih mangrupa modél operasional batan laporan konsénsus.

Probabilitas[édit | édit sumber]

Probabilitas hiji kajadian kadang digambarkeun salaku angka/wilangan antara hiji jeung enol. Ngan dina kanyataanana hakékatna euweuh nu boga kamungkinan 1 atawa 0. Anjeun bisa nyebutkeun yén panonpoé pasti bakal medal isuk-isuk, tapi kumaha mun aya kajadian nu ngancurkeun panonpoé méméh isuk? Kumaha mun aya perang nuklir sahingga langit katutupan ku silalatu jeung haseup?

Urang mindeng nganggap kamungkinan samodél kitu pasti atawa teu mungkin kajadian, sahingga leuwih gampang nampa kajadian kitu salaku kamungkinan hiji atawa enol.

Najan kitu, hal ieu bisa ngakibatkeun salah harti jeung kabiasaan nu bahaya, sabab jalma teu bisa ngabédakeun ngabédakeun antara, misalna, kamungkinan 10−4 jeung kamungkinan 10−9, padahal sacara praktis béda pisan. Misalna anjeun dina saumur hirup bakal kungsi meuntas jalan 105 atawa 106 kali, saterusna anjeun ngurangan resioko salila meuntas jadi 10−9 bakal ngajadikeun anjeun aman salila hirup, sabalikna lamun resiko meuntas 10−4 bakal ngajadikeun anjeun salawasna ngalaman kacilakaan, sabalikna dumasar kana rarasaan yén 0.01% téh mibanda resiko nu kacida leutikna.

Ku cara ngagunakeun distribusi mimiti (prior probabilities) bisa 0 (atawa 1) biasa dipaké dina perkara Bayesian statistics, akhirna posterior distribution bakal sarua hadéana jeung leuwih yakin bisa 0 (atawa 1). Dina basa lain, data teu kudu dicokol keur ngitung sakabéhna! Siga Lindley maké téori eta, lamun coherent Bayesian ditambahkeun ka nol kamungkinan mimiti kana hipotesa yén Bulan (Moon) dijieun tina keju hejo, saterusna kajadian astronot balik ka bumi mawa keju hejo teu ngayakinkeun manéhna. Lindley ngabela yén teu pernah maké kamungkinan mimiti 0 atawa 1. manéhna nyebut éta Cromwell's Rule, tina tulisan Oliver Cromwell nu nulis muktamar ti Gareja Scotland dina 5 Agustus 1650, manéhna ngomong yén "I beseech you, in the bowels of Christ, consider it possible that you are mistaken."

Disiplin nu dihususkeun[édit | édit sumber]

Sababaraha élmu maké statistik terapan sacara éksténsif nepi ka ngagunakeun specialized terminology. Disiplin ieu di antarana:

Statistik ngawujud jadi salah sahiji konci dasar dina dunya bisnis jeung manufaktur. It is used to understand méasurement systems variability, control processes (as in statistical process control or SPC), for summarizing data, and to maké data-driven decisions. In these roles it is a key tool, and perhaps the only reliable tool.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]