Lompat ke isi

Tati Saléh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Tati Saleh

Radén Siti Hatijah Saléh leuwih dipikawanoh Tati Saléh (gumelar di Jakarta, 24 Juli 1944; umur 80 taun)[1] nyaéta juru kawih, juru tembang, pamaén pilem, sarta tukang ngibing.[2] Ti mimiti umur 5 taun geus resep ngadéngékeun kawih jeung tembang nu dihaleuangkeun ku Upit Sarimanah, Titim Fatimah jeung Ibu Saodah.[2] Diajarkeun nembang ku bapana.[1] SD jeung SMP-na di Ciamis sedengkeun SLA na di KOKAR (Konservatori Karawitan) Bandung.[1] Di SMP diajarkeun nembang ku guruna, Dodo Natapura.[2] Nalika di KOKAR nu jadi kepala sakolana nyaéta Daéng Sutigna.[1] Tati guguru ka R.Enoch Atmadibrata jeung Ono Lesmana sarta Mang Koko Koswara, Apung S.Wiratmaja jeung Mang Abubakar.[1]
Mimiti diajar ngibing ka R. Cece Somantri dina taun 1961.[2] Tati saentragan jeung Atik Sopandi sarta Nano. S nu ngawanohkeun seni ibing jaipongan bareng jeung Euis Komariah sarta Gugum Gumbira.[1] Bareng jeung babaturanana, Tati ngarobah sawatara seni jaipongan saperti Lindeuk Japati, Rinéka Sari, Méga Sutra sarta sawatara kréasi seni ibing jaipongan lianna.[1] Dina taun 60-an, Tati bareng jeung Indrawati Lukman, Irawati Durban, Tien Sapartinah sarta Bulantrisna Jelantik dipikawanoh salaku tukang ngibing di istana.[1]
Tati kungsi jadi pinunjul ka II dina Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran nu diayakeun ku DAMAS.[1] Aktif dina sawatara pintonan kasenian nu dilaksanakeun ku sababaraha lingkung seni kayaning “Sulanjana” (tembang) nu dipingpin ku Apung S Wiraatmaja, "Viatikara" (ibing) nu dipingpin ku Barli Sasmitawinata, “Guriang” nu dipingpin ku Sanu’I Edia, “Jugala” (jaipongan) nu dipingpin ku Gugum Gumbira.[2]
Taun 1980 ngadegkeun tur mingpin lingkung seni “Tati Saleh” .[2] Mindeng tampil di luar nagri saperti di Eropa, Amerika atawa sawatara nagri di Asia.[2] Kungsi maén dina sawatara pilem saperti "Nyi Ronggéng" nu disutradaraan ku Alam Suriawijaja, "Biang Kérok I" jeung "Biang Kérok II" nu disutradaraan ku Nawi Ismail, "Gadis Maraton", "Bukan Sandiwara", "Bandung Lautan Api", "Panggilan Ka’bah", "Si Kabayan", jeung sajabana.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i Tati Saleh (Diakses tanggal 11 Nopember 2011) (id)
  2. a b c d e f g h Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage