Lompat ke isi

Upit Sarimanah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Upit Sarimanah

Upit Sarimanah dina sampul Majalah Favorita (1967)
Ngaran gumelar Bernadette Siti Aminah
Gumelar 16 April 1928
Purwakarta, Jawa Kulon
Tilar dunya 11 Pébruari 1992 (yuswa 63)
Jakarta
Padamelan Panyanyi, Pesindén, Seniman
Genre Kawih, Degung, Cianjuran
Instrumen Sora
Kasohor ku "Bajing Luncat", "Sakadang Kuya"

Upit Sarimanah (Purwakarta, 16 April 1928 - Cianjur, Péb. 1992) nyaéta sindén Sunda légendaris nu ka hareupna jadi guru dakwah.[1] Mimitina wasta Suryamah (Surjamah). Ku sabab waktu leutikna gering-geringan, ku ninina nu jadi Indung Beurang, wastana digentos. Di umur 4 nepi ka 5 tahun tos apal mawakeun sababaraha lagu nu diajarkeun ninina. Taon 1935 pindah ka Jakarta, sakola di HIS. Bapana nu kawitan Sakola Raja Bandung, ngawulang di Jakarta. Di Jakarta anjeunna diajar Kawih jeung lagu-lagu keroncong.

Lalampahan Karir

[édit | édit sumber]

Taon 1941 sasarengan Barnas Somantri ngeusian acara lagu-lagu sunda di radio Nirom jeung parkumpulan senin "Sekar Pakuan" pimpinan R. Gaos. Meunang kasempetan uih ka Purwakarta nuturkeun carogéna, tapi ku sabab carogéna ngagerilya di Sukabumi, anjeunna balik ka Jakarta. Gabung jeung parkumpulan kasenianna. Saterusna jadi payindén tetep dina acara Kliningan di Studio RRI Jakarta pimpinan Tuténg Djohari. Ti saat éta ngaranna jadi kasohor. Anjeunna nyanyikeun ogé lagu-lagu keroncong di RRI nu dipimpin ku M. Sagi. Sasarengan Tuténg Djohari anjeunna ngeusi acara kiliningan dina panggung terbuka di Gedung Museum Pusat. Ku sabab réa penggemarna, frekuensi siaran acara-acara kesenian Sunda RRI nu disindénan ku Upit dironjatkeun. Sajaba dina kiliningan, anjeunna jadi sindén di siaran acara wayang golék. Dalang wayang golék nu paling sering nyarengan Upit nyaéta Barnas Somantri jeung Cakra Hudaya (Tjakra Hudaya). Upit ogé narima undangan keur acara kawinan atawa sunatan. Upami Upit nyindén di daérah, sémahna salawasna jadi luar biasa seueurna. Upit Sarimanah kungsi miluan gending karesmén Lutung Kasarung nu disutradaraan R.T.A. Sunarya di lapangan IKADA (ayeuna lapangan Merdeka) (1952). Sarengan Rima Melati anjeunna maén dina filem Kasih tak Sampai ti Sarinandeé Pilem pimpinan Turino Junaédi (Djuanédi). Tawisan maén filem nu salajengna anjeunna tolak ku sabab sanés cita-citana jadi artis, tapi hoyong ngamajukeun seni Sunda. Taun 1960-an anjeunna gabung jeung réog BKAK sasarengan Mang Udi, Mang Dudung, jeung Mang GIman. Saterusna sasarengan M. Yasin ti Band Nada Kencana ti Bandung, anjeunna ngarintis lagu-lagu pop Sunda. Lagu "Bajing Luncat" ciptaan Kosaman Jaya nu dinyanyikeun dina band jadi populer di sakabéh nusantara. Upit ogé ngahaleuang dina orkes Simfoni RRI Jakarta pimpinan Iskandar sasarengan Sam Saimun, Alwi-Oslan, dan Bing Slamet. Ngahaleuang dina orkes kerontong "Tétap Segar" pimpinan R. Pringadi nyebabkeun anjeunna réa nguriling ka kota-kota di luar Jawa Barat. Unggal pénampilanna salawasna jadi ngabawakeun lagu-lagu Sunda. Taun 1964 nepi ka 1967 anjeunna jeung kulawargana nganjrek di Bandung ku sabab bumina di Jakarta kagusur proyek Sarinah. Saatos ngalaksanakeun ibadah haji dina taun 1973 sakabéh atribut kaseniannana ditinggalkeun. Anjeunna janteun guru dakwah agama. Anjeunna nganggep tugas perjuangan dina kasenian Sundah téh to réa panerusna, atawa panyebar Islam dina kalangan istri mah masih kénéh diperlukeun. Lagu-lagu nu jadi kostim Upit Sarimanah; "Sakadang Kuya jeung Monyet", "Duh Indung", "Bajing Luncat", "Lembur Kuring", "Torotot Heong", "Kukupu", "Eundeuk-eundeukkan","Sedih Prihatin", jsb. Daya tarik Upit dina nyindén luar biasa leuwihan tiheula saukur jeung saeutik gerakan panangan jeung sényuman. Dina lagu "Sedih Prihatin" anjeunna cekap nampilkeun mimik raray nu sédih, tapi dina lagu "Tina Jandéla", anjeunna ngahaleuang jeung imut jeung aleman saumpama ngaggambarkeun mojang nu keur mulai rumaja. Lagu "Sakadang Kuya" cipatan R.T.A Sunarya téh kaasup lagu favoritna. Saatos jadi guru dakwah, anjeunna ngadopsi budak jeung réa méré sumbangan keur pembangunan masjid jeung madrasah.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Édisi Cet. 1). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)