Dwayne Johnson
| Dwayne Johnson | |
|---|---|
Dwayne Johnson 2014 | |
| Babar | 2 Méi 1972 Hayward, California, USA |
| Pakasaban | Artis, Pegulat |
| Taun aktif | 1990 - ayeuna |
| Pasangan | Dany Garcia (1997–2007) |
Dwayne Douglas Johnson leuwih dipikawanoh Dwayne Johnson (gumelar di Kalifornia, Amérika Sarikat, 2 Mei 1972; umur 53 taun) nyaéta saurang aktor Amérika anu ngabéntangan sawatara pilem kasohor kayaning Furious 7, G.I. Joe: Retaliation, jeung réa deui.[1] Dwayne mimiti ténar tina acara gulat World Wresting Entertainment Superstar.[1] Dwayne dipikawanoh minangka The Rock dina aréna gulat.[2][3] The Rock ngamimitian gulatna dina taun 1996 tuluy eureun taun 2001.[2] taun 2011 Dwayne bijil deui dina program WWE Monday Night RAW jeung WrestleMania XXVII.[2] Dwayne anak ti papasangan Rocky Johnson jeung Ata Johnson.[1] Bapana, Rocky Johnson mangrupa saurang pagulat profésional anu tuluy éta bakat gulatna turun ka manéhna.[1] Tanggal 3 Méi 1997 Dwayne nikah jeung Dany Garcia anu satuluyna dipaparin anak nu dingaranan Simone Alexandra Johnson anu babar dina tanggal 14 Agustus 2001.[1]
Filmografi
[édit | édit sumber]| Taun[4] | Judul[4] | Peran[4] |
| 2015 | San Andréas | Ray |
| 2015 | Furious 7 | Luke Hobbs |
| 2014 | Hercules (2014) | Hercules |
| 2013 | Fast & Furious 6 | Hobbs |
| 2013 | Pain & Gain | Paul Doyle |
| 2013 | G.I. Joe: Retaliation | Roadblock |
| 2013 | Snitch | John Matthews |
| 2013 | Empire State | James Ransone |
| 2012 | Journey 2: The Mysterious Island | Hank |
| 2011 | Fast Five | Hobbs |
| 2010 | Faster | Driver |
| 2010 | The Other Guys | Det. Christopher Danson |
| 2010 | Tooth Fairy | Derek Thompson |
| 2009 | Planet 51 | Chuck Baker |
| 2009 | Race to Witch Mountain | Jack Bruno |
| 2008 | Get Smart | Agent 23 |
| 2007 | Southland Tales | Boxer Santaros |
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 Wow Keren. 2015. Profil Dwayne Johnson Diaksés 04 Juli 2015
- 1 2 3 Uniq Post. 2015. Dwayne Johnson Archived 2015-03-16 di Wayback Machine Diaksés 04 Juli 2015
- ↑ "DWAYNE "THE ROCK" JOHNSON". WWE Network. WWE, Inc. Diaksés tanggal 22 April 2020.
- 1 2 3 Fandango. 2015. Dwayne Jhonson Filmography Archived 2015-06-30 di Wayback Machine Diaksés 4 Juli 2015
| Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |