Lompat ke isi

Torowongan Lampegan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Torowongan Lampegan nyaéta salah sahiji torowongan munggaran di Jawa Barat nu dijieun di desa Cibokor taun 18791882 lokasina di pasir Gunung Keneng, Cianjur Jawa Barat.[1]

Etimologi

[édit | édit sumber]

Nurutkeut carita, ngaran Lampegan mangrupa kecap nu sok disebutkeun ku Beckman nalika mariksa hasil gawéan pagawéna.[1] Unggal nempo pagawé nu gawé di jero torowongan, anjeunna sok ngagorowok ngingetkeun pagawéna mawa lampu sabab méh aman ti bahaya kakurangan zat asam.[1] “Lamp pegang...., lamp pegang”, anjeuna ngingetkeun dina campuran basa Walanda jeung Indonésia.[1] Maksadna nyaéta nyandak lampu. Di torowongan éta udarana pengap jeung liangna ngan hiji. Sabab can kabobok sakabéhna.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Torowongan ieu mangrupa terowongan munggaran di Jawa Barat anu letakna di lintas kareta api anu ngahubungkeun Batavia-Bandung ngaliwat Bogor/Sukabumi.[1] Salian torowongan Lampegan, di Jawa Barat aya torowongan Sasaksaat anu diwangun taun 1902-1903, ngahubungkeun lintas jalur kareta api JakartaBandung ngaliwat ka Cikampek.[1]
Tilu torowongan séjénna ngahubungkeun stasiun Banjar jeung Cijulang, daerah nu letakna di Ciamis bagéan kidul anu diwangun taun 1918.[1] Masing-masing Prins Henrik Tunnel (salakina Ratu Wihelmina) panjangna 100 meter, Prins Juliana Tunnel panjangna 250 meter, jeung Koningin Wihelmina.[1] Panjang torowongan éta nyaéta 1.1 kilometer, nu ngajadikeun torowongan éta jadi torowongan pangpanjangna di Pulo Jawa.[1] Torowongan ieu baheulana boga ngaran torowongan Juliana. Ngan sabagéan orang nyebutna torowongan Wihelmina, ngaran ti Ratu Karajaan Walanda.[1]
Di Pulo Jawa jeung Sumatera, salila ieu aya 18 torowongan jeung panjang sakabéhna 8.267 meter. Saloba 12 torowongan aya di Pulo Jawa jeung sésana, genep torowongan deui di Pulo Sumatera. Sabagéan badag torowongan-torowongan éta geus aya loba nu teu fungsi deui, nyusul eureunna jalur kareta di saerah éta. Nepi ka karya Beckman, nasibna leuwih tragis. Di tanggal 13 Maret, torowongan éta runtag sabab hujan badag nu turun waé di daerah éta. Mimitina rembesan cai jeung salajengna bagéan luhurna ambruk. Ti dinya hubungan kareta api Sukabumi-Cianjur nu geus leuwih ti saabad lilana, kaputus.[2]
Sanggeus ngalaman renovasi, ti Séptémber 2000, hubungan dua stasiun hadé deui.[1] Namung dina kaping 12 Maret 2001, torowongan éta ambruk deui. Karusakanna leuwih beurat.[1] Ti dinya hubungan stasiun Cianjur jeung Sukabumi putus deui.[1]

Dina hiji mangsa, Beckman ngarasa bagja sabab karyana geus hasil.[1] Ti dinya anjeuna ngarencanakeun baris aya hajat ngaresmikeun torowongan ku pagelaran kasenian ronggéng Nyi Sadéa.[1] Ku kituna, ngadéngé kitu téh masarakat kacida bungahna.[1]
Waktu nu geus ditangtukeun téh geus datang.[1] Nalika panon poé nyorolok di beulah kulon, masarakat geus siap-siap.[1] Nalika peuting geus nangtayungan, pagelaran baris dikawitan, masarakat geus pakulibek di arena pagelaran nu teu jauh ti torowongan.[1]
Dimimitian ku lagu bubuka, tuluy puncakna Nyi Sadéa minton dibarengan ku émprak ti masarakat di dinya. Peuting makin nyirorot, hawa tiis geus turun. Mung di arena pagelaran hawa kalah beuki panas.[1] Maranéhna kacida kapincut nalika aya hiji lalaki midang jeung ngigel babarengan jeung Nyi Ronggéng.[1] Awakna keker jagjag maké baju hararideung. Mung teu aya nu apaleun saha éta. Sanggeus ngigel téh, éta lalaki mawa Nyi Ronggéng turun ka handap.[1]
Geus sababaraha lila ditungguan, nepi ka subuhna Nyi Ronggeng ngaleungit, ditéangan nepi ka isuk teu kapanggih ogé.[1] “Ronggéngna leungit, euy.....”. Aya harewos nu nyebutkeun yén Nyi Sadéa leungit diculik dijadikeun wadal peresmian pangwangunan torowongan Lampegan.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y Suganda, Her.2007.Jendela Bandung, Pengalaman Bersama Kompas.Jakarta: Penerbit Buku Kompas.
  2. Bemmelen, Reinout Willem .1949.The Geology of Indonesia.California: Govt. Print. Off.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

(id) Situs Resmi PT Kereta Api Indonesia Archived 2023-08-15 di Wayback Machine